Assalamu'alikum Wr Wb,
Sampurasun... hapunten abdi bade ngiring mairan perkawis "Diskriminasi? dan Pluarisme Agama." Sakumaha anu parantos diserat ku kang Eki Kurnia [EMAIL PROTECTED] wrote: "malah dina qur'an seruan teh kanggo sedaya manusa, Ya ayuhanass! seueur pan ayat etateh!, da parentah taqwa oge lain keur umat islam wungkul atuh. keur sakumna jelema (cobi wae tingalian Qs 49 :13 jeung 2:21)". Kang Kumincir nyerat : "Ari takwana jalma nu teu islam kumaha nya?" Sae pisan eta patarosan teh, manawi sareng manawi simkuring bade nyobi ngutarakeun sapamendak simkuring. Ari Taqwana jalma luar ti Islam anu teu ngagem kitab Al-Qur'an, nabina sanes Muhammad SAW, tiasa salamet Dunya rauh akherat lamun : 1. Iman yakin ayana Tuhan Yang Maha Esa Pangeran Sadaya Alam (Robbul 'Alamin upmi di bahasa Arabkeunnamah). 2. Iman/yakin ayana poe akhir dimana yakin yen laku-lampah di dunya hade goreng bakal aya wawalesna saparantosna hirup di Dunya. Sakumaha dauhan Alloh, hapunten terjemah Al-Qur'anna teu disundakeun : An-Nisa:124 4:124. Barang siapa yang mengerjakan amal-amal saleh, baik laki-laki maupun wanita sedang ia orang yang beriman, maka mereka itu masuk ke dalam surga dan mereka tidak dianiaya walau sedikit pun. dikiatkeun deui ku ayat ieu : (5:69). Sesungguhnya orang-orang mukmin, orang-orang Yahudi, Shabiin dan orang-orang Nasrani, siapa saja (di antara mereka) yang benar-benar beriman kepada Allah, hari kemudian dan beramal saleh, maka tidak ada kekhawatiran terhadap mereka dan tidak (pula) mereka bersedih hati. Tina salah sawios hadist Nabi anu nganggo kalimah An-Nasu (manusa sakabeh), :"Khoiru Nas, yanfa'u Linnasi", "sebaik-baiknya manusia adalah yang memberikan manfaat kemapada manusia", ieu hadist oge geuning ku urang sok sering kakuping dina ceramahna Aagym. Anu dimaksad "Amal Sholeh" dina surah Al-Maidah:69 sanes sarupaning ngajalankeun sapertos Solat Lima Waktu, Puasa Bulan Romadhon, Zakat, Haji ka Baitulloh, solat sunnah jst, namung "Amal Sholeh" anu dimaksad nyaeta anu loba nyieun jeng mere manfaat ka papada manusa (hablumminannas) sakumaha hadist di luhur. Janten naon wae Label Agamana manusa anu midamel manfaat, kasaean ka papada manusa, saur Allah :"maka mereka itu masuk ke dalam surga dan mereka tidak dianiaya walau sedikit pun", teras "maka tidak ada kekhawatiran terhadap mereka dan tidak (pula) mereka bersedih hati". Hartosna bakal diwales ku Alloh sakumaha amal solehna boh anu dilakukeun ku jalmi Mukmin(Islam), Yahudi, Shabiin sareng Nasrani sadayana sami teu diwilah-wilah Rohman sareng Rohimna Alloh kasaha wae teu ngabentenkeun Label, da puguh geuning ari Labelmah mung ukur kumaha anu nyebut bahasana masing-masing. Pamadegan ieu oge sami sareng pamadegan kang Jalaludin Rahmat salaku pamimpin IJABI (Ikatan Jemaan Ahlul Baet Indonesia). Utamina urang kedah mentingkeun Taqwa-Amal Sholeh hubungan papada manusa, Alloh ngadauh dina Hadist Qudsi : "Ya bani Adam..idza lam tar'a haqqo jaarika, kamaa haqqo 'iyaalika, lam Andzur laka, walam Aqbal 'amalika, walam Astajib du'aika". Hartosna kirang langukung kieu : "Heee bani Adam (turunan adam/manusa sakabeh).Lamun aranjeun heunteu apik (Lalawora) dina ngajaga hakna nu jadi tatangga, saperti apikna dina ngajaga hakna kulawarga, Kaula (Alloh) moal nempo anjeun, Kaula (Alloh) moal narima amalan (sholat-puasa-haji dst ) anjeun, Kaula (Alloh) moal ngaijabah du'a anjeun". Sakitu wae heula, seur anu kedah dipedar deui, mung bilih panjang teuing. Mugia tiasa katampi kupalawargi, hapunten bilih seueru kalepatan dina nyeratkeunna. Mangga.. Wassalamu'alaikum wr wb Sampurasun... Baktos Agus Wirabudiman ----- Original Message ----- From: kumincir To: [email protected] Sent: Wednesday, November 08, 2006 3:50 PM Subject: Re: [kisunda] Diskriminasi? dan Pluarisme Agama. Ari takwana jalma nu teu islam kumaha nya? On 10/31/06, eki kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > malah dina qur'an seruan teh kanggo sedaya manusa > Ya ayuhanass! seueur pan ayat etateh! > da parentah taqwa oge lain keur umat islam wungkul atuh. > keur sakumna jelema (cobi wae tingalian Qs 49 :13 jeung 2:21) > [Non-text portions of this message have been removed] [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
