dina kalawarta 'poesaka soenda' sabagian eusi anu dipimaksud aya dibahas. eta kalawarta nu terbit antara tahun 1922-1927, kiwari geus ditrankripsi dina CD, gawe bareng baraya kusnet. upama perlu mah tiasa nepungan kang oman abdurahman ([EMAIL PROTECTED]) atawa ua mamat sasmita ( [EMAIL PROTECTED]), ku kuring dititipkeun cd masterna. cobaan ngumaha, sangkan kang oman, atawa ua sasmita tiasa nulungan. (mh)
On 2/21/07, Teten Kustendi < [EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Haturan Kang Engkus, > Hatur nuhun, sajujurna sim kuring tertarik pisan kana ieu warisan teh. > Punten kang Engkus oge aka baraya sunda anu sanesna, upami sin kuring > hoyong kengen buku2 anu nyaritakeun babad tanah sunda, pupuh, rajah (anu > sapertos kang Engkus email), dimana sim kuring tiasa kengen na? > oge kaset2 lagu2 sunda buhun > > Hatur nuhun sa teu acanna > > ----- Original Message ---- > From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED] <engkusruswana%40yahoo.com>> > To: [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com> > Cc: Kisunda <[email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>> > Sent: Wednesday, February 21, 2007 2:49:38 PM > Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, sareng > Sangkuriang > > Rampes kang Teten,oge bagea ka kidulur sunda sanesna. > Ngahaturkeun nuhun panginten pangna kang Teten tumaros > teh pedah aya kereteg hoyong ngudag sareng nyukcruk > elmu warisan ti luluhur sorangan, cirining salira > mikareueus sareng mikanyaah kana eta warisan, sareng > deuih bade ku saha dipikareueus jeung diajenanna > tutungkusan luluhur sunda, upama lain ku turunan sunda > nyalira. > > Perkara elmu sunda, memang tos lawas teuing kalindihna > ku elmu deungeun, matak geuning aya istilah jati > kasilih ku junti. Mung luluhur urang harita oge > waspada sangkan teu leungit ku obahna jaman, nya > rupina ngahaja nyimpen ajaran teh nganggo rupi-rupi > cara (media), diantawisna aya nu satarabasna > diajarkeun turun tumurun sacara lisan, aya nu ditulis > dina rupi-rupi prasasti, aya nu diserat dina daun > lontar/daluang, aya nu diterapkeun dina rupi-rupi tata > cara upacara adat diantarana : pepelakan/tatanen; > wawangunan (ngadegkeun wangunan); kahirupan (ti > ngawitan kakandungan dugi ka ka tilar dunya); seren > taun; dina carita dogeng/legenda. Oge aya nu disimpen > dina alat-alat seni/karawitan, dina wayang (ti kawit > alat, bentuk pagelaran, ngaran wayang jeung > karakterna, dugi ka lalakonna), dina rumpaka kidung, > rajah jeung pupuh, namung oge tos dibewarakeun sangkan > isuk jaganing pageto turunan sunda bisa ngaguar deui > eta tutungkusan, sapertos nu dibewarakeun dina rajah > sapertos di handap ieu: > > Rajah : > Luluhur tujuh ngabandung > ka dalapan keur disorang > Luluhur tujuh ngabandung > ka dalapan keur disorang > > salapan heuleut-heuleutan, > sapuluh Raja Bantala, > ayeuna seug dibuktikeun, > cupu manik astagina > teundeun di handeuleun sieum, > keur sampeureun, teundeun piraweuy, > > dituruban ku mandepun, > diwadahan ku mandelar, > diamparan boeh larang, > ditunda di bojong jalan, > kapendak kunu ngaliwat, > > dibuka para Pujangga, > kunu rancage di hate, > dibuka pating haleuang, > dibuka pating daleungdang, > Rasa milawung kancana, > nu hayang dilalakonkeun > Gusti Nu Agung, Gusti Nu Agung, Gusi Nu Agung, > > Bewara ieu oge ngandung siloka yen luluhur teh > neundeun mustikaning elmu keur sampeuren anak turunan, > tiasa kabuka lamun rancage hatena. Kitu eta bewara. > > Sepuh-sepuh kisunda nu tiasa ngabuka atanapi medar > ajaran/elmu luluhur memang tos ngirangan, namung > simkuring percanten masih keneh seueur nu tiasa > ditaros pikeun ngumaha, diantawisna nu ku simkuring > tos kauninga nyaeta putra didikan Mama Mei Kartawinata > sapertos bapak Ade Arif Yahya (ramana kang Ilen di > Lembang caket Peneropongan Bintang), bapak Asep di > kampung Rancakasiat (bojongsoang) , bapak Rahmat di > Cibedug-lembang. Oge tiasa maluruh ka turunan sareng > didikan Mama Madrais, sapertos Rama Djatikusumah di > Cigugur Kuningan (mangga taroskeun ka kang Ira). > > Lian ti eta oge tiasa neuleuman seratan-seratan hasil > panalungtikan para ahli ngeunaan > tulisan-tulisan/ amanat sareng papagon luluhur, sareng > tulisan hasil karancagean Mama Mei sareng Mama > Madrais, mung dina nyungsina kedah rancage, sabab > seueur ngaguar istilah-istilah agama nu dibaca ku > eusina elmu Sunda, nu saliwat tiasa disebat elmu > tarekat. > > Kitu manawi kang Teten, mangga atuh urang sami-sami > nyungsi sareng ngaguar eta tutungkusan. Hapunten bilih > ieu waleran kirang merenah ka nu dimaksad. > > Sampura ingsun, > > pun Engkus > > --- Teten Kustendi <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > > > sampurasun ka sadayana > > > > Punten kang Engkus, sanes simkuring bade ngalepat > > keun salira, hapunten anu kasuhun. > > Jusrtu, sim kuring ngarasa bagja pisan, tiasa > > nambihan pamahaman di kang negkus. Upami teu ka > > abotan mah, sim kuring oge hoyong terang, dimana oge > > kamana sim kuring tiasa medar elmu karuhun urang? > > > > hatur nuhun > > > > > > ----- Original Message ---- > > From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> > > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > > Sent: Wednesday, February 21, 2007 9:37:22 AM > > Subject: Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, > > sareng Sangkuriang > > > > Rampes Kang Teten, simkuring teu terang kalebet elmu > > naon, da teu kungsi diajar soal tarekat, hakekat > > jsb, > > mung pamahaman simkuring soal hakekat hirup nu nuju > > diteuleuman teh dumasar kana ajaran kasundaan nu > > diguar ku Mama Mei Kartawinata. Kitu sun, mung > > rumaos > > pamahaman sim kuring dina ajaran teh teu acan seueur > > nu kasungsi, masih keneh kulit-kulitna, tah ku > > kituna > > nyuhunkeun dihapunten upami masih seueur keneh > > kalemahan. > > > > pun sampun, hatur nuhun. > > > > Engkus, > > > > --- Teten Kustendi <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > > > > > Sampurasun ka sadaya, > > > > > > Punten pisan sim kuring seja ngiring jabung > > > tumalapung, mugia jadi duduluran > > > Sanes, ari sim kuring mah sok resep ari ngadangu > > > carita atanapi sajarah tatar sunda teh. > > > komo deui lamun isi eta dongeng teh, mangrupikeun > > > ajaran kangge diri urang. > > > > > > Tapi, sim kuring bade nyuhunkeun di hapunten, > > bilih > > > lepat nyagka, dupi Kang Engkus teh ngaguar ieu > > > carita teh, berdasarkan elmu Tarekat kitu? > > > > > > Soalna, dina cara ngabahas na meni jero kitu > > > (mendalam), > > > > > > Sakieu heula nya > > > > > > Hatur nuhun > > > > > > - Teten- > > > > > > ----- Original Message ---- > > > From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> > > > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > > > Cc: Kisunda <[EMAIL PROTECTED] s .com> > > > Sent: Tuesday, February 20, 2007 3:45:01 PM > > > Subject: Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, > > > sareng Sangkuriang > > > > > > Sampurasun ka sadaya kidulur sunda, > > > > > > Simkuring seja ngawaler ieu patarosan mugia bae > > aya > > > gunana kanggo sadayana, supados oge aya kajelasan > > > dina > > > perkara ieu. > > > Dina legenda/sasakala Sunda sakaterang simkuring > > > umumna ngandung siloka nu ngandung palsapah nu > > > sakedahna diguar ku urang, kamana pamaksudanana. > > > > > > Istilah Guriang aya dina carita Sangkuriang sareng > > > Mundinglaya Dikusumah. Guriang digambarkeun > > sabangsa > > > lelembut (mahluk halus) jeung biasana jumlahna > > > tujuhan. > > > > > > Guriang Tujuh asal tina kecap Guru hyang tujuh, > > > maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu > > > ngancik dina diri manusa, nyaeta : pangawasa, > > > pangersa/kadaek, hirup, pangrungu/denge, awas, > > > pangandika/ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru > > jati > > > manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, > > nyaksikeun > > > kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain > > beja > > > estuning dirasakeun ku sorangan > > sakuringna-sakuring > > > na, > > > oge mangrupa alat utama pikeun ngalalakon > > kahirupan > > > di > > > dunya jeung ngudag kahayang/cita- cita sarta > > > ningkateun > > > harkat jeung martabat dirina. Disebut lelembut > > sabab > > > teu katingali, cobi bae nu kumaha wujudna ari > > > pangawasa (daya)? nu kumaha ari wujud hirup?, nu > > > kumaha ari wujud awas?, jadi sifatna lelembut > > > (mahluk > > > halus), nu kunu teu apal mah disebut bae sabangsa > > > jin. > > > > > > Sedengkeun Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring > > > (Si > > > Kuring saur mang Oman tea mah), matak dina legenda > > > Sangkuriang waktu nyieun talaga jeung parahu > > > ngagunakeun Guriang Tujuh (naha ngango naon atuh > > > dina > > > barang gawe mun teu ngagunakeun pangawasa, kadaek, > > > hirup, dangu, awas, ucap jeung angseu). Pon kitu > > > deui > > > Mundingaya Dukusumah, waktu neangan Layang Sasaka > > > Domas nu aya di "sajabaning langit" (sajabaning > > > langit > > > lain langit, lain bumi tapi nya eta diri badan > > > sakujur), sanggeus ngelehkeun Guriang Tujuh nya > > > ilang > > > tanpa karana ngajanggelek jadi Guriang Tunggal > > (Guru > > > Hiyang Tunggal = hakekat 7 guru tadi nu utamana > > mah > > > kulantaran ayana Hirup). > > > > > > Tah ku kituna mugia kang Asep oge dulur kisunda > > > sadayana, kade ulah mikaijid ka Guriang lamun ijid > > > ulah dianggo atuh eta tujuh pangawasa nu jadi guru > > > teh. Oge Sangkuriang ulah dipikaijid da sidik aya > > > jenung nganyahokeun sarta nyaksi nu ngancik di > > > sakuringna-sakuring na. Malah geura deuheusan. > > > > > > Pedaran simkuring sual panalungtikan harti legenda > > > Sangkuriang parantos dimuat di Majalah Cupumanik > > > sasih > > > Januari 2007, mung eta mah versi ringkesna tina > > > ringkesan nu parantos diedit ku panerbit. versi > > > ringkesan sim kuring mangga engke dilebetkeun dina > > > milis ieu, upami lengkepna diperyogikeun nya > > mangga > > > ku > > > im kuring oge bakal di pedar di ieu milis. > > > > > > Guaran simkuring sual legenda Mundinglaya oge > > > parantos > > > rengse dipidamel, mung masih versi bahasa > > Indonesia. > > > > > > Sakitu kapihatur ti Simkuring, mugia aya gunana > > keur > > > balarea. > > > > > > Cag Rampes. > > > > > > pun Engkus > > > > > > --- Asep Hadiyana <aschevetea@ yahoo. com> wrote: > > > > > > > Kahatur para bapa / ibu / akang/ aceuk / ujang / > > > > nyai anu di milis US, > > > > > > > > Upami henteu lepat, guriang sareng sang guriang > > > > gaduh hartos negatif (awon) sareng dipikaijid. > > > Tokoh > > > > Sangkuriang gaduh lafal anu ampir sami sareng > > Sang > > > > Guriang. Naha aya anu uninga hubungan antawis > > > > Sangkuriang sareng Sangguriang? > > > > > > > > Hatur nuhun sahenteuacanna kanggo > > katerangannana. > > > > > > > > Wassalam, > > > > Asep > > > > > > > > > > > > ------------ --------- --------- --- > > > > Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and > > > > always stay connected to friends. > > > > > > ____________ _________ _________ _________ > > _________ > > > _________ _ > > > Don't pick lemons. > > > See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos. > > > http://autos. yahoo.com/ new_cars. html > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > === message truncated === > > ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ > Do you Yahoo!? > Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. > http://new.mail. yahoo.com > > __________________________________________________________ > Be a PS3 game guru. > Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! > Games. > http://videogames.yahoo.com/platform?platform=120121 > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups - Join or create groups, clubs, forums & communities. Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups - Join or create groups, clubs, forums & communities. is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
