Bagea Kang Endang, Kang Firman, Kang Reza sinareng baraya sadayana, Kang Endang, etah geuning nembe mulih ti Kaltim, upami engke kadieu tong hilap sindang nya! Perkawis pangwangunan fisik mah leres nuju mesrat-mesratna kumargi didukung ku PAD anu ageung, malih dugi ka bingung sapertosna mah ngabalanjakeunana, kumargi sistemna teu acan kiat tapi ieu mah hal anu umum dinagara urang. Paradoks Kaltim, leres naon anu sigeung ku Kang Tatan perkawis "Listrik (PLN)" ditambih "Cai (PDAM)" tetep janten perkawis anu maneh. Sasih ieu bae dina jadwal anu dipublis ku PLN dijalur kantor sim kuring kabagean pemadaman 19 kali, hartosna aya sababaraha dinten anu noron unggal dinten teu aya suply listrik. Aneh tapi nyata, sok sanaos kitu saurna Kaltim teh teu kalebet anu kakirangan energi/listrik, duka masukan timana tah Depatemen ESDM tiasa nyimpulkeun sapertos kitu. Kukituna teu aya rencana "megaproyek" kanggo ngawangun PLTA, PLTG atanapi PLTU. Aya ketah rencana ngadamel PLTU di bontang tapi alit, saurna teh supados teu aya pemadaman listrik nalika diselenggarakeunana PON taun payun, tapi da eta ge teu acan dingawitan kumargi adu-regeng antawis pemkot sareng PKT upami teu lepat mah. PDAM rada sakinten tibatan PLN, pemutusan aliran PDAM mah utamina sering kajadian dina usum katiga, gentosan heuleut sadinten, katiga kamari mah di Balikpapan dugi ka heuleut dua dinten, sapertosna mah seueur anu teu ibak tah.... he... he...
Pampang, leres eta mah kampung Dayak tradisional khusus kanggo tujuan wisata ayana tuntung kota Samarinda ka arah Bontang, saur batur mah Pampang teh hasil relokasi/ translok tea panginten. Khusus Kab. Kutai Kertanegara anu puseur dayeuhna di Tenggarong mesratna saparantos dicepeng ku Pa Bupati Prof.Dr. HR. Syaukani, S1-na di Jember kitu, S2-na di Purwokerto, S3-na di Bogor, Prof-na duka dimana tah... ari ayena mah nuju ngarereb di KPK. Pangwanguna fisik mah nyakitu sae pisan, Tol Samarinda-Tenggarong (mayarna Rp.1000), Jembatan Kertanegara, Kantor Dinas Bupati megah, lega, jangkung, Pulo Kemala make aya kareta gantungna sagala, sadayana eta teh dibiayaan ku APBD kabupaten. Kamari anu janten marga lantara anjeuna ngarereb di KPK ku ayana markup proyek bandara, bandara eta ge rencanana bade dibiayai murni ku APBD kabupaten, ambuing-ambuing....... di urang mah gaduh rencana relokasi bandara Husen ge ditunda deui, dipending deui pada anu gaduh proyek Pemprov. Kang Firman Juliansyah, salam kenal upami teu lepat urang teu acan pancakaki nya? abdi kawit ti sumedang tutung kaler. Di Samarinda mah nami anu ditungtungan ku "....syah" teh tiasa ditebak ti suku Banjar tapi duka tah upami di Bandung mah. Musieum anu di Tenggarong leres aya, mung namina mah teu kaperhatoskeun pada dinten Minggu kamari abdi teh wangsul ti dinya aya uleman pangaten di gedong kabudayaan persis disagedengen musiem. Kang Firman mangga diantos upami ka Samrinda deui tong hilap kontak abdi, mung cukang tangkal mah teu acan nguping yeuh... he... he... (di Padang eta mah sanes?) Kang Reza, Rampes Kang, naha urang Muhammadiyah keresa nyebat sampurasun padahal kamari aya nyebat "sampurasun-rampes" teh parancah kanggo manggil jin gunung gede saurna teh... Kang Reza, abdi di Samarinda, rorompok mah di kelurahan Air Putih ka arah Tenggarong, tapi anu gampil mah ka alamat 'pangulinan' di komplek Mall Lembuswana, ke upami tos jelas iraha-irahana bade ka Samarindana ku abdi dipasihan detailna.... he... he... umpami dipasihan ayeuna mah bilih hilap. Perkawis Ibu Eka anggota DPD ti Kaltim anu urang Sukabumi tea, manawi kapayun urang sisusud nya. Sakitu heula parawargi, Wassalam dudi_ss ----- Original Message ----- From: reza alwan To: [email protected] Sent: Wednesday, May 09, 2007 11:16 AM Subject: Re: [kisunda] Samarinda, Kaltim jeung Kutai ----- Original Message ----- From: Firman Juliansyah To: [email protected] Sent: Wednesday, May 09, 2007 8:30 AM Subject: Re: [kisunda] Samarinda, Kaltim jeung Kutai ----- Original Message ----- From: Endang Tatan To: [email protected] Sent: Wednesday, May 09, 2007 8:13 AM Subject: RE: [kisunda] Samarinda, Kaltim jeung Kutai [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
