Kahatur mang Ucup Sarkucup sareng kang Firman Raharja, Tah dina paragraf di handap ieu aya seratan mang Ucup Sarkucup cenah runtagna karajaan Sunda teh ku direbutna Sunda Kalapa ku Mataram. Iraha Mataram tiasa ngarebut Sunda Kalapa, lahir oge teu acan eta kasultanan teh, pan? Sakaterang abdi, dumasar kana sababaraha buku sajarah, saatos Sunda Kalapa direbut batur, karajaan Sunda masih eksis, sabada Sunda Kalapa direbut batur, Prabu Surawisasea perang 15 kali ngalawan Cirebon dugi ka tungtungna ditandatangni perjanjian dame. Opat raja sabada anjeunna oge teras perang mertahankeun Pajajaran ti serangan Banten tug dugi ka dibumihanguskeun ku Kasultanan Banten. Janten penentu runtagna Karajaan Sunda mah nya Kasultanan Banten. Salam, Aschev Schuraschev
----- Original Message ---- From: mangucup88 <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Saturday, June 28, 2008 8:39:41 PM Subject: [kisunda] Re: "Basa Sunda" Namung hapunten Abah, ieu mah sanes bade ngusik-ngusik ula mandi ngahudangkeun macan turu saur paripaos tea mah. Runtagna karajaan Sunda Pajajaran teh dalah saatosna Sunda Kalapa direbut ku Mataram, tanggal 22 Juni 1527. Nami Sunda Kalapa digentos janten Jayakarta, nu kiwari kasohor Jakarta tea. Pananggalan eta ku para inohong Jakarta mah dianggo titincakan keur mieling milangkala Kota Jakarta. Ari emut kana palebah dinya mah naaaa....... ..bet asa kagagas sararedih, nya Bah. Masyarakat Jakarta nu kiwari sasih Juni dugi ka Juli nuju galumbira ajrag-ajragan ngayakeun pesta pora mieling lahirna kota Jakarta. Nanging kanggo urang Sunda mah, angot nu terang kana sajarahna mah, tinangtos bakal sedih kingkin ngangres nyurucud ngeclak cimata milu marengan. Ngangres kana nasib runtagna karajaan Sunda Pajajaran dina ieu sasih. Namung sakali deui Abah, ieu mah sanes bade ngusik-ngusik ula mandi ngahudangkeun macan turu. Eta mah tos kitu we faktana sajarah karajaan Sunda Pajajaran.
