aya serelek lawas seratan kang oman, cupilkanana kieu:
===
Upami nitenan kaayaan masyarakat Sunda baheula, saleresna masyarakat Sunda
langkung condong kana jenis masyarakat patrilineal atawa nyepeng kana garis ibu
jeun bapa sakaligus. Buktosna tiasa kapendak tina sajarah, seueur pamimpin/ Raja
istri (Ratu) di/ti Sunda, disagigireun pameget sakumaha ilaharna. Diantarana bae
ti jaman anu palih ditu, nya Raja Purbararang (periode Galuh awal), Raja
Purbasari, Raja Batari ti Galunggung (aya amanatna/ prasastina; mangga bae
uningaan dina buku: "Penulusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat", Saleh
Danasasmita, spk); atuh anu kaetang anyar, nya anu janten ratu di Banten tea.
Janten, masyarakat Sunda parantos ngawadahan ti palih ditu keneh kana isu anu
ayeuna sering dumunculkeun ku golongan feminisme: soal gender.

Soal kasaruaan gender di masyarakat Sunda, sanes bae dina widang kapamarentahan,
namung oge dina widang kapimpinan spiritual. Salah sawios sumber sajarah atawa
naskah kuno anu kawentar ti Sunda teh diantawisna naskah "Sanghiyang Siksa
Kandang Karesian" (SSKK) anu ngarupikeun kempelan amanat Raja "besar" Sunda anu
katelah Prabu Guru Sanghiyang Darmasiksa (pameget). Tah, numutkeun Abah Surya,
anu ngempelkeun teras nyeratkeun eta amanah teh taya lian hiji istri anu katelah
Ni Dawit.

"Ni" dina nami "Ni Dawit" teh singketan tina "Nini" dina hartos istri oge
panghormat kana kalungguhan istri anu sakitu luhurna. Ku jasa anjeunna (Nini
Dawit), urang ayeuna tiasa mulung sareng neuleuman salah sawios kabeungharan
kawijaksanaan Sunda, papagon hirup Sunda ti Prabu Guru Darmasiksa anu sakitu
luhungna. Hal ieu hiji buktos kanggo ngarojong pamadegan yen istri oge tiasa
nyangking kaluuhan spiritual (sebat bae: pemimpin spiritual), jalaran dina
mangsa harita anu tiasa nyerat sapertos kitu the nya satingkatan Mpu upami di
wetan mah(Mpu Tantular, jrrd). "Ni" dina kasus ieu nya minangka babandingan kana
asal muasal kecap "Kiai" anu ti Kang Ilen tea. Naha kuayana hal ieu
dimungkinkeun aya sesebatan "Ni Sunda"? salaku babandingan "Kisunda"? Hal ieu
nyanggakeun bae ka hadirin sadaya.

Pasoalan gender di masyarakat Sunda tetela geus meunang perhatian karuhun urang.
Pasoalanana, kunaon ayeuna anu kapendak sapertosna masyarakat Sunda teh
patriachat? Ieu pasoalan tiasa diwangsulkeun kana 2 jejer salaku sabab
musababna: sajarah punduh-pindahna kakawasaan (nu ngawasa) di wewengkon Sunda
jeun masalah pangaruh agama (khususna Islam). Tangtu duanana heunteu lepas tina
soal "distorsi" informasi, sakumaha umumna dina kahirupan.
====
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/6105

On Fri, Jul 4, 2008 at 9:00 PM, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> baraya, cikeneh kuring maca carpon "ruhak pajajaran" kenging saleh
> danasasmita. di dinya aya kasebut yen putri bungsu raja sunda panganggeusan
> kungsi kapeto jadi huhulu puragabaya. tah nu jadi kapanasaran kuring, kumaha
> posisi awewe jaman harita, tangtys? da lamun maca sajarah emansipasi awewe
> di (nu ayeuna jadi) indonesia mah posisi awewe teh ukur di dapur jeung kasur
> wungkul. tah mun bener aya kajadian putri sunda kungsi jadi huhulu pan
> meureun sajarah nu nyebut kitu teh salah! atawa posisi awewe model kitu teh
> ukur kajadian abad 18-19 wungkul kitu?
>
> --
> d-: dudi herlianto :-b
> ~karék cénah~ 
>

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke