wah...1000 kggo kg Kuncir...! malah uin nambahan beja tah aya selat MALAyu jeung KAlimantan sagala tah..he33X! perkawis Laut Sunda parantos diduga keras ku prof Arryo Santos...mangrupa lokasina Atlantis The Lost Continental tea pan? ............oca tea........
--- On Mon, 7/7/08, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Re: OWAJW, BANTENGJW, HEULANGJW, BADAKJW To: [email protected] Cc: "Kusnet" <[EMAIL PROTECTED]>, "barayasunda" <[EMAIL PROTECTED]> Date: Monday, July 7, 2008, 5:37 PM Laut Sunda mun teu salah mah gabungan antara Selat Malaka jeung Laut Jawa, laut anu kabentuk satutasna Amparan Sunda (Sundaland) tilelep sawareh. Laut Jawa tiasa leres disebat kitu, da memang nganteng kalereun pulo Jawa. Pon kitu oge selat Malaka, da ayana antara Tanjung MALAyu jeung KAlimantan (heuheuheu... ngarang). Kade etah urang kedah ati2, bisi enya robah sebutan Jawa teh pedah memang leuwih pas disebutna kitu (ayana di pulo Jawa). Tapi mun memang leres nujulna ka Amparan Sunda, urang bisa ngeukeuhan. Kari prakna bae atuh, jung... heheh Badak Sunda Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda Luncat ka: pituduh, sungsi ? Badak Sunda cr Pamoro A European hunter with a dead Javan Rhino in 1895 Klasifikasi ilmiah Kingdom: Animalia Filum: Chordata Kelas: Mammalia Ordo: Perissodactyla Famili: Rhinocerotidae Génus: Rhinoceros Spésiés: R. sondaicus Ngaran binomial Rhinoceros sondaicus Desmarest, 1822[1] Sebaran Badak Sunda[2] Subspésiés Rhinoceros sondaicus annamiticus Rhinoceros sondaicus inermis (musnah) Rhinoceros sondaicus sondaicus Badak Sunda (Rhinoceros sondaicus) téh anggota kulawarga Rhinocerotidae nu minangka salah sahiji ti badak paling kahot. Ieu badak sagénus jeung Badak India, dedeganana ogé sarupa, tapi tina ukuran leuwih leutik (panjang 3,1–3,2 m, jangkung 1,4–1,7 m) sarta leuwih deukeut ka Badak Hideung. Culana tara leuwih ti 25 cm, leuwih leutik badak séjénna. Bihari, badak Sunda mangrupakeun badak Asia nu paling lega jajahanana, ti kapuloan Indonésia, Asia Tenggara, nepi ka India jeung Cina, tapi kiwari ieu spésiés kaayaanana kritis. Populasina di alam liar anu kanyahoan ukur aya di dua tempat, sedengkeun di taman satwa euweuh nu ngingu[3]. Di Taman Nasional Ujung Kulon, populasi badak Sunda sahanteuna aya 40–50, sedengkeun di Taman Nasional Cat Tien, Viétnam, populasina teu leuwih ti dalapan. Nyirorotna populasi badak Sunda kiwari téh alatan loba diboro pikeun diala culana, anu di pasar gelap dihargaan $30,000[3]. Lian ti éta, masalah anu utama nyaéta beuki heureutna habitat[4]. Di alamna, Badak Sunda bisa hirup nepi ka umur 30–45 taun. Hirupna di lebak leuweung hujan, tegalan baseuh jeung ranca. Ieu sato hirupna nyorangan, iwal mangsa kawin jeung miara anakna, tapi aya ogé mangsana ngagorombol. Lian ti manusa, sacara alami Badak Sunda sawawa taya pamangsana. Di lingkungan nu deukeut jeung manusa, ieu badak biasana nyingkah, tapi bisa malik narajang mun ngarasa kaancam. Para élmuwan jarang nu ngulik ieu sato, utamana kusabab hésé manggihanana, sarta dianggap bahya pikeun ngaganggu kahirupan spésiés langka kawas ieu. Panalungtikan biasana ukur ngandelkeun kaméra jeung analisis taina. Taksonomi jeung ngaran Badak Jawa mimiti ditalungtik ku para naturalis taun 1787, nalika dua sato paéh diboro di pulo Jawa. Tangkorékna dikirim ka naturalis Walanda Petrus Camper nu maot taun 1789 saméméh mublikasikeun papanggihanana nu nyindekkeun yén éta badak téh spésiés béda. Badak Sunda lianna ditémbak di Sumatra ku Alfred Duvaucel nu ngirimkeun spésiménna ka bapa téréna Georges Cuvier, élmuwan Prancis. Cuvier boga kacindekan yén ieu sato téh spésiés nu dilaporkeun musnah taun 1822, tapi ku Anselme Gaëtan Desmarest disebut Rhinoceros sondaicus, spésiés badak anu panungtung dipikawanoh[5]. Mimitina mah Desmarest nyebutkeun asalna ti Sumatra, tapi terus diralat ku nyebutkeun asalna ti Jawa[1]. Ngaran genus Rhinoceros, nu ogé ngawengku Badak India, diturunkeun tina basa Yunani Kuna: rhino nu hartina irung, jeung ceros nu hartina cula; sondaicus dicokot tina sunda, wilayah biogeografis nu ngawengku Sumatra, Jawa, Kalimantan, daratan Asia Tenggara, jeung pulo-pulo leutik di sabudeureunana. Dina kurungan Taun 1800-an, sahanteuna aya opat badak Sunda dipamérkeun di Adelaide, Kalkuta, jeung London. Nu kacatet, sakabéhna paling henteu aya 22 Badak Sunda kungsi dikurungan. Kanyataanana bisa leuwih ti éta, sabab ieu badak sok salah nyebut jadi Badak India[6]. Badak Sunda teu kungsi bisa hirup waluya dina kurungan, paling kolot ukur nepi ka 20 taun (ukur satengahna ti umur nu di alam liar). Nu pamungkas di kandangan paéh di Taman Satwa Adelaide, Australia taun 1907, kitu ogé disebutna Badak India[7]. Gagalna program ngawinkeun Badak Sumatra di taman satwa taun 1980-an jeung 1990-an ngayakinkeun teu mungkinna miara badak[3]. Rujukan ↑ 1,0 1,1 Rookmaaker, L.C. (1982). "The type locality of the Javan Rhinoceros (Rhinoceros sondaicus Desmarest, 1822)". Zeitschrift fur Saugetierkunde 47 (6): 381–382. ↑ Peta dumasar kana peta sebaran dina Foose & Van Strien (1997). Ieu peta teu ngawengku kamungkinan populasi di Kalimantan nu dipedar ku Cranbook & Piper (2007).↑ 3,0 3,1 3,2 Dinerstein, Eric (2003). The Return of the Unicorns; The Natural History and Conservation of the Greater One-Horned Rhinoceros, New York: Columbia University Press. ↑ Santiapillai, C. (1992). "Javan rhinoceros in Vietnam". Pachyderm 15: 25–27. ↑ Rookmaaker, Kees (2005). "First sightings of Asian rhinos" Fulconis, R. Save the rhinos: EAZA Rhino Campaign 2005/6, 52, London: European Association of Zoos and Aquaria. ↑ Rookmaaker, L.C. (2005). "A Javan rhinoceros, Rhinoceros sondaicus, in Bali in 1839". Zoologische Garten 75 (2): 129–131. ↑ Kesalahan pengutipan Tag <ref> tak valid; tak ditemukan teks dengan ref dengan nama van_Strien Tumbu kaluar Javan Rhino Info & Javan Rhino Pictures on the Rhino Resource Center International Rhino Foundation dedicated to the conservation of rhinos: Javan Rhino ARKive - images and movies of the Javan Rhinoceros (Rhinoceros sondaicus) UNEP & WCMC species sheet on the Javan Rhinoceros. Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Badak_Sunda" Kategori: Taratas | Badak | Mamalia Asia | Mamalia Indonésia 2008/7/7 Roza Rahmadjasa Mintaredja: Leres piiisan , seueur anu kedah dikoreksi teh... perkawis sagala penamaan2 anu direkayasa.... sakawitna mah panuju2 bae kana istilah teh..... tapi saparantos di aos dina aksara Latin na... BOS SONDAICUS- Banteng Suuunda atuuuh... RHINNOCEROS SONDAICUS,.Badak Suuuunda atuuuh... sadaya sato anu aya kecap Sundana sok di Jawa keun... Cobi tengetan,.......... Ari Laut Jawa aya,........ ari.....Laut Sunda dileungitkeun...??? dimana cing ayana? -- sikandar kumincir.blogspot.com
