dihaturanan, 'nden...sumangga sing salse...raos pikir raos rasa.... sadayana di
dieu teh wargi...baraya..balalageyr deuih, lalucu...aya anu sok ngalung keun
bodor ngarah henteu "jamedud" etadang Agus Nucinta Rochaendi ahlina, oge Kang
Jodi Ismanto (wargi Sunda nu di Medan) sararae teh pami ngalugkeun teh, aya
oge hiji deui anu siga2 daria pami nabeuh mairan teh tapi pami tos ngalungkeun
dongeng "bodor".....matak nyakakak barakatak teu eureun2 namina ABAH WALUYA.
Abah ieu mah special kahot ngagulang-gaperkeun carita anu biasa janten lucu.
Aya oge anu rajin medar ka-ilmiahan sareng info2 munel, tah eta anu ngeukeuweuk
ngasuh Wikipedia (basa Inggris, basa Indonesia oge basa Sunda) namina dang
Kumincir (lucu lincah bodor cerdik gesit), oge Kang Ascheve (indo Bosnia-Rusia)
namina rada sesah ngucapkeun, tapi lmi2 ge biasa.
pokona mah dina milist Kisunda mah bakal "ponyo" we lah raos seuri, oge maos
(mung ulah dugi ka "pecak nu hijina nya 'nden..bilih lolong), aya kuncena di
Kisunda teh, salian ti dang Kumincir teh aya luluguna anu "kahot" "old crack"
nyaeta namina Oman Abdurachman, ngan sok palay disebat "Om" ("Om Manar" cnah).
Hiji deui Dosen "Juru Sintreuk" calon "raja Sunda" namina Abah Harjana sok
ngakukeun ajeuna ku Em Eh (Mh), oge aya Kang Oca (Roza Mintaraja) turunan
Gatotkaca nu ieu mah.Oge Gan Ema Sujalma (leres2 jelema)...heuheu
pon kitu seu-eur anu sanesna, anu kararahot makalangan...ngan teu tiasa
ditataan hiji2.... wilujeng nya...
Tabe pun
Ambu Wirumananggay
----- Original Message ----
From: lina herliana <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, July 10, 2008 4:11:24 PM
Subject: Re: [kisunda] SEMANGAT
muhun Kang Asep, nepangkeun abdi pun Lina tea...
linggih di Bandung, leres kasauran Ambu abdi tos rada lami
noongan milist dugika soca abdi kences sabeulah hehhehe...
ah maksadna mah hoyong ngiring diajar bahasa sunda,
oge sakedik hoyong terang perkawis sajarah2na.
Punten da profesi abdi mah pemulung. Mulungan elmu
sugan weh... janten elmuwati heu..heu... tong seuri ah !!!
Lien.
--- On Wed, 7/9/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja wrote:
naon anu heezzzo teh Ambu?
penagabaian teh sami sareng EGP....
emangnya gue pikiriiiin?
------------------------------------
Yahoo! Groups Links