sumuhun Abah leres, 
tradisi pangbuhuna pisan dina kabudayaan rumpun Malayu = alam Melayu 
(ti kawit kepulauan MALADEWA dugi ka Madagaskar numawi teu aneh dugi ka ayeuna 
boh di Tamil boh di Melaka aya keneh).

"Nyeupah" teh salah sawios "simpul ingatan serumpun"  deung na kabuktos pisa 
rehna tradisi ieu teh sumebar di wewengkon budaya Malayu anu jabnten wilayah 
bahasa Melayu nyaeta Austronesia Kulon. 

Anu oge nggaduhan utawa nuepeng ciri budaya dina sistem sosial bilateral dengan 
sifat hubungan egalitarian. - sama rata - tanpa sistem pelapisa ang nyata 
antawis atasan - bawahan, bentena mah mung mateuk kana dadasar generasi budal 
ka dunya tina beuteung idung, nyaeta nu kolot sareng nu ngora.

tabe pun
Ambu Wirumananggay



----- Original Message ----
From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Sunday, July 13, 2008 10:24:58 AM
Subject: Re: pulau jawa, urang jawa, jeung urang sunda Re: [kisunda] Re: OWAJW, 
BANTENGJW, HEULANGJW, BADAKJW


On Sun, Jul 13, 2008 at 9:24 AM, richadiana kartakusuma
<richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
> aya hiji totonden "leutik" masing muhun ngan di Lembur Tangtu nya, nu
> nyirikeun keneh pisan budaya malayu na, nyaeta unggal kanu nganjang 'pasti'
> mere seupaheun satek-tekeun. ..numawi aya paribasa geuning pami bubuka ucap
> teh sok disebat "sekapur sirih"
>
> Aheng, adang! keur abdi mah....ngan punten nya nu diasongkeun "seupaheun
> sa-tek2eun" bet kawas nu nguningakeun, margi anehna teh teu kasadaya nu
> nganjang.... .aya nu "song" bae langsung diasongan, tapi aya ge nu
> hanteu....duka kunaon tah.
>

Eta kabiasaan ngalemar alias nyeupah, jigana prah ilahar di kawasan
Asia. Upama noong film Tamil, geuning ngalemar teh lain wae kabiasaan
wanoja nu tos tawehwoh apleuk-apleukan tapi oge dipikaresep ku nonoman
pamuda nu gandang. Eta lemareun teh dijual tos dicampur bahan sejenna
kari am disamualkeun. Teu beda we jiga kabiasaan ngarokok. Malah sim
uing boga balad urang Myanmar, akademisi lalaki ari ka padepokan teh
sok mekel seupaheun.

Ras inget ka lembur, generasi urang lembur nu sok ngalemar teh, pegat
ti mimiti generasi jenatna pun biang. Kiwari mah tos arang langka nu
ngalemar di lembur teh, duka kunaon.

salam,
mh
  


      

Kirim email ke