Tanggal 26 Februari 2005 pribados ngawitan midamel seratan ngeunaan 
Walisongo. Ngalangkunan waktos 3 tahun dina ping 28 Februari 2008, 
eta seratan teh dianggit deui ku alpukahna saderek Wal Suparmo 
kalayan dimuat dina Serat Kabar Suara Merdeka. Eta guaran Walisongo 
teh, estu seratan sim kuring sorangan, hasil panalungtikan pribadi 
tina sababaraha referensi sareng pustaka nu aya di Leiden sinareng 
Den Haag.  

Aya gerentes tumaros dina sanubaring ati, naon margina umat Muslim 
umumna ngaraos gerah sinareng hemeng, upami ngadangu yen Sunan 
Walisongo teh estuning asli urang Tionghoa. Padahal Kangjeng 
Rosululloh Nabi Muhammad SAW kantos cumarios sareng nganjurkeun ka 
umatna supados motekar ngulik elmu pangaweruh, sanaos dugi nagara 
Cina (Al-Hadits). Kanggo urang Indonesia mah, geuningan henteu kantos 
marios ka nagri Cina, jalaran Urang Tionghoana kuanjeun nu parantos 
sarumping ka Indonesia.  

Pamadegan kitu teh kantos diungkab ku Prof Slamet Mulyana dina 
bukuna "Runtuhnya Kerajaan Hindu-Jawa dan Timbulnya negara-negara 
Islam di Nusantara." Namung dina tahun 1968 buku eta diwagel sumebar 
ku Pamarentah, jalaran masalah eta kalintang pekana,  aya pakuat 
pakaitna sinareng masalah SARA. Kunaon kitu atuh? 

Mangga tiasa dilenyepan, geuning nu munggaran ngadegkeun karajaan 
Islam di Jawa teh taya sanes dalah urang Tionghoa. Malahan nu wiwitan 
jumeneng Sultan na ge pan urang Tionghoa nu jenengan Chen Jinwen 
alias Raden Patah, alias Panembahan Tan Jin Bun/Arya (Cu-Cu). 

Walisongo atanapi Walisanga teh ngandung hartosna salapan (songo) 
Wali. Nanging aya oge nu kagungan pamadegan sanes, yen Songo teh 
asalna tina kecap tsana nu hartosna mulia dina bahasa Arab. Pamadegan 
sanesna nyebatkeun rehna songo teh awit kecapna tina sana dina basa 
Jawa nu pihartoseunnana "tempat". 

Sadaya para Wali teh kagungan gelar Sunan nu hartosna guru agama 
atanapi ustadz. Nanging kecap Sunan saleresna mah dicandak tina kecap 
Suhu/Saihu, nu ngandung hartos guru dina dialek basa Hokkian, jalaran 
marantenna teh taya sanes nyeta guru-guru Pasantren Hanafiah ti 
mazhab Hanafi. "Su" singketan tina kecap "Suhu". "Nan" hartosna 
kidul. Marantenna teh taya sanes nyeta panganut mazhab Hanafi nu asal 
muasalna ti wilayah Tiongkok palih kidul. 

Peryogi kauninga, rehna kecap "Kyai" teh nu kiwari seueur digunakeun, 
taya sanes  sesebatan kanggo Guru agama Islam. Dina jaman Jepang 
katompernakeun mah masih keneh dianggo pikeun sesebatan Lalaki 
Tionghoa Totok, sapertos panggilan "Encek". 

Aya deui hiji hal nu mugia janten uninga, rehna anggoan muslim nu 
disebat Gamis tea nu sok diaranggo ku kaom muslim Indonesia dina 
waktos ibadah netepan utamina upami bade netepan jamaah di Masjid. 
Anggoan eta teh mani sarimbag pisan sinareng anggoan tradisional asli 
China. Kitu deui baju Koko sareng ketu bodas atanapi nu disebat topi 
haji tea, eta ge saleresna mah kawit buitna teh ti China, jalaran di 
nagara Islam mah atanapi Timur Tengah anggoan kitu teh teu aya. 

Aya paripaos kanggo nyucruk galur nu kapungkur mapay laratan sajarah, 
Walisongo teh diadegkeunnana ku alpukahna Sunan Ampel dina warsih 
1474 M. Aya salapan Waliyullah dina Walisongo teh nyaeta nu disebatan 
dihandap ieu:

Sunan Ampel alias Bong Swie Ho 
Sunan Drajat alias Bong Tak Keng 
Sunan Bonang alias Bong Tak Ang 
Sunan Kalijaga alias Gan Si Cang 
Sunan Gunung Jati alias Du Anbo – Toh A Bo 
Sunan Kudus alias ZhaDexu – Ja Tik Su 
Sunan Giri adalah cucunya Bong Swie Ho 
Sunan Muria 
Maulana Malik Ibrahim alias Chen Yinghua/Tan Eng Hoat. 
 
Sunan Ampel (Bong Swie Ho) alias raden Rachmat dibabarkeunnana teh 
dina warsih 1401 di Champa (Kamboja kiwari). Mantenna sumping ka 
tanah Jawa dina warsih 1443. Dina waktos harita di Champa kalintang 
seueurna urang Tionghoa Muslim anu marukim di dinya. Dina warsih 1479 
Sunan Ampel ngadegkeun Masjid Demak. Oge mantenna pisan nu ngarancang 
pikeun ngadegna karajaan Islam wiwitan di Jawa nu puseur dayeuhna aya 
di Bintoro Demak. Lajeng diistrenan Raden Patah alias Chen Jinwen – 
Tan Jin Bun salaku Sultan munggaran. Mantenna teh putera pituin ti 
Cek Kopo di Palembang. 

Urang Portugis ngalandi Raden Patah teh ku sesebatan "Pate Rodin Sr" 
salaku "Persona de grande syso" (insan nu kalintang wijaksana) 
atanapi "Cavaleiro" (bangsawan nu mulia). Nanging bawiraos kitu, 
urang Walanda mah kirang percanten upamai Sultan Islam wiwitan di 
Jawa teh bibit buitna urang Tionghoa. "Ma enya sultan Islam wiwitan 
teh urang Tionghoa?". Karaguan eta, balukarna Residen Poortman 1928 
mancen tugas ti pamarentahan Walanda nu kedah ngayakeun panalungtikan 
nu saestu: Naha leres Raden Patah teh urang Tionghoa? 

Poortman dipasihan tugas kedah ngagaladah Kelenteng Sam Po Kong, 
sareng ngasab alias nyita sagala naskah basa Tionghoa, nu yuswana 
parantos 400 tahun langkung. Seueurna nu dicandak teh kirang langkung 
tilu padati. Arsip-arsip Poortman eta teh dikutip ku Parlindungan nu 
midamel buku sajarah karajaan Islam wiwitan. Salajengna, buku eta teh 
seueur disitir ku Tuanku Rao sinareng Slamet Mulyana, nu pada-pada 
maridamel buku. 

Nu ngabukteuskeun yen Raden Patah teh leres-leres urang Tionghoa, 
tiasa ditingal sareng diaos dina Serat Kanda Raden Patah nu kagungan 
gelar Panembahan Jimbun. Dina babad Tanah Jawi disebat salaku 
Senapati Jimbun. Kecap Jin Bun (Jinwen) dina dialek Hokkian ngandung  
hartos "manusa kuat". 

Raden Patah kagungan putu nu dijenenganan Sunan Prawata alias Chen 
Muming/Tan Muk Ming, nyaeta Sultan pamungkas ti Karajaan Demak. 
Mantenna kagungan ambisi kanggo nga-islamkeun sadaya masyarakat pulau 
Jawa. Saupami pamaksadannana hasil, tiasa janten mantenna 
janten "Segundo Turco" (Sultan Turki ka II), atanapi sapertos sultan 
Turki Sulaeman I, nu tos kasohor komara sinareng kajembarannana. 
 
Sumber utami:
D.A. Rinkes: The heiligen van Java. 
Jan Edel: Hikayat Hasanuddin. 
B.J.O. Schrieke, 1916 The Admonitions of Sen Bari: a 16 th century 
Javanese Muslim text attributed to the Saint of Bonang, the Haque: 
Martinus Nijhoff. 
De Graaf and Pigeaud: De eerste Moslimse Vorstendommen op Java – 
Islamic states in Java 1500-1700. 
Amen Budiman: Masyarakat Islam Tionghoa di Indonesia. 
Prof. Slamet Mulyana: Runtuhnya Kerajaan Hindu-Jawa dan Timbulnya 
Negara-negara Islam di Nusantara.

Mang Ucup
Email: [EMAIL PROTECTED]
Homepage: www.mangucup.net 
 



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke