Tempat Nu Diteangan.

 

Aya
     hiji tempat nu salila ieu diteangan,katelahna dayeuh Nagari Pajajaran.
     Loba dicaturkeun tapi can kungsi kawenohan. Nu ngahandeuleum ku halimunan.
     Lain dongeng komo lamunan,eta tempat bisa ka sakabeh nulungan,kusabab geus
     sadia nu jadi warisan,lain siluman,tapi titipan.

 

Lain
     teu bisa kalakonan,mun teger nga ikhtiaran,tapi kudu make aturan,ngarah
     bisa nepi kanu ngawitan. Lain hak batur ieu warisan. Dongeng cenah ceuk
     sabagian,bari teu bisa ngabuktian,bari ngadodoho jeung
     nungguan. Kuring nyaho eta dimana,kuring nyaho nu bisa muka saha,kuring
     nyaho jalmana nu mana,

 

Hiji
     budak turunan jalma biasa,teu boga elmu teu boga kawasa,ngan enggeus
     katulis garisna,muka turub warisan Baduga. Ayeuna geus tumiba mangsana,eta
     budak ngorehan sesa,sesa nu bisa nulungan jalma loba,sesa nu salila ieu
     teu disangka aya. Toong mun bisa…Sa urang dibantuan ku dua,geus muka..

 

Geus
     ngamimitian ngorehan,kajeun loba nu nonggongan,ngumpulkeun kalakay nu
     maruragan,bari
     ngajagi tutunggul ngarah teu katohian. Bral geura miang,ulah sieun ulah
     hariwang,ku kuring geus kasawang. Ulah poho iteuk,kembang,jeung kujang..




      

Kirim email ke