Kang,

Kumaha upama urang candak hikmahna, atawa, ceuk anu karuliah mah,
hermeuneutis atawa tafsiranna, anu sae wae. Saeutikna, aya 3 tafsiran
tina harti atawa asal-usul kecap "garung" boh sakumaha pedaran kang
Fredy samemehna atawa oleh-oleh ti Kang Tirta hasil lalayaran nganggo
google. Anu tilu teh kieu:

1)  Garung sarua jeung "Macaranga". Dina salah sahiji pedaran ngeunaan
Macaranga sakumaha dina Wikipedia, disebutkeun yen eta tutuwuhan teh
kaasup jenis tutuwuhan "perintis" (anu ngabaladah). Maksudna, lamun
aya lahan atawa tempat gundul karana hiji hal (bisa karana
tatangkalana dituaran, atawa akibat bencana alam), tah Macaranga teh
kaasup tutuwuhan anu ngamimitian hirup di jeung ngahirupkeun eta
tempat. Tutuwuhan anu sejen karek hirup sanggeus aya tutuwuhan
perintis. Macaranga nagen hirup. Ieu hiji hal anu postifi pisan
maknana. Garung teh, nyaeta Macaranga tea, pelopor kahirupan, bisa
disebut anu ngasuh atawa anu jadi panaratas tumuwuh suburna kahirupan.

2) Eta "dongeng" Ki Garung, tiasa oge dicandak sisi positifna, anggota
pasukan Siliwangi tea. Ngan, saena dijelaskeun atawa ditalungtik deui,
torowongan anu dijieun ku ki Garung teh torowongan keur naon? Naha
keur jalan cai atawa torowongan keur ngorolos ("melarikan diri")?
Torowongan dina bilik leuwi eta hiji hal anu lumrah, komo lamun bilik
leuwi teh diwangun ku batuan vulkanik lava (sabab, bagean tengah
"aliran" lava biasana gorowong atawa babari muruhpuy, katambah
katembagan ku cai leuwi, nya anu nyieun torowongan teh kari neruskeun
ngagedean liangna).

Lamun torowongan keur jalan cai, siga karya Ma Eroh alm di
Tasikmalaya, eta pas pisan jeung kabiasaan para prajurit atawa nu
neruskeun Siliwangi: nyieun karya anu manfaat keur balarea. Nya da
budaya oge bisa difill in atawa dieusian ku urang, tujukeun (B. Ind:
arahkan) ka dinya wae atuh legenda Ki Garung teh. Jadi, jieun budaya
(dina hal ieu carita) anu hade (anu nyieun jalan cai keur balarea),
piraku teu jadi caritakeuneun nu hade oge ka hareup.

3) Aya harti sejen tina  "Garung" numutkeun dadaran Kang Fredy: tempat
anu tarahal ku batu. Nya teu nanaon, da batu teh kacida pentingna keur
kahirupan. Dina geologi mah sagala rupa oge asalna tina batu, ti
mimiti taneuh (taneuh engkena tempat kahirupan makhluk anu kumelendang
di ieu alam) nepi ka barang-barang perhiasan anu luhur atawa mahal
ajenna eta tina batu atawa kaasup babatuan. Jadi, teu kudu nyungkelit
lamun aya anu nyebut Ki Batu ...eh Ki Garung atawa urang Ci Garung,
malah kudu reueus. Cai oge bijil tina batu (cai jeung taneuh tina
batu, asa kaharti lamun aya kekecapan kolot: "kuring mah gelar tina
beubeulahan batu"). Malah, ukur batu anu bisa nagen teu kabawa palid
ku cai sok sanajan cai eta keur caah. Nepi ka, jelema anu
pangrongkahna, pangrosana, taya lian ti tukang batu.

Salah sahiji tempat anu tarahal ku batu teh taya lian ti walungan.
Kusabab kitu, munasabah lamun di Tatar Sunda aya aran walungan anu
make kecap "garung": Cisanggarung. "Ci" pondokna tina "cai"; "Sang"
mah sigana atawa tafsiran uing, sakumaha dina kecap "Sang Jaya" (anu
engkena jadi "Sanjaya"). "Garung" jelas tarahal atawa rea batuan tea.
Cisanggarung pernahna di Ciamis ngetan-ngaler, pas wawatesna jeung
kabupaten Kuningan.

Di atawa deukeut DAS (daerah aliran sungai) Cisanggarung aya bendungan
anu kawentar, ngaranna bendungan Darma. Sok sanajan ieu bendungan
baheulana kungsi diganggu ku belut putih (istilah lemes tina
"koruptor" anu  ngagalaksak kana duit semen, keusik, jsb), nepi ka
pangwangunana kalunta-kalunta aya taunna, tapi ari  geus jadi mah
kacida gede manfaatna. Sabaraha hektar sawah bisa kacaian ku eta
bendungan, tina sawah tangtu dihasilkeun pare, tina pare - da urang
mah masih napak na taneuh - tangtu loba jiwa anu katalang ragana.
Jadi, harti sejen tina "garung" teh - ceuk uing ieu mah (bisi teu
sapuk mangga teh teuing) - taya lian ti walungan, salah sahiji rante
sumber kahirupan, syare'atna tangtuna oge. Jadi kudu dijaga garung
teh. Salah sahiji cara ngajagana nyaeta ngaabadikeun jadi aran tempat
atawa kampung. Wilujeng kana kawikajakan kolot baheula.

baktosna,

manAR

On Sun, Jul 27, 2008 at 3:18 PM, fredy novianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> hatur nuhun kang tirta, ah kang mah tiasaan banyolna, numawi kang
> digooglekeun ku uing tipayun ge malah jadi ngacapruk. kapungkurmah sok isin
> upami nyebat uing urang cigarung(asa aneh ngaran garung teh),mung geuning
> rea oge nu ngango eta ngaran kitu(sanaos dugika ayeuna tacan pasti naon
> artina he he)
>
> --- On Sun, 27/7/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [kisunda] naon hartina GARUNG
> To: [email protected]
> Date: Sunday, 27 July, 2008, 8:18 AM
>
> Di google keun teh geuning seueur nya"
>
> 1. Dari Wikipedia Indonesia, ensiklopedia bebas berbahasa Indonesia. Garung
> adalah sejenis pohon dari genus Macaranga. Sok tingal tangkalna nu kumaha
> sareng pastina kedah seueur jadi/tumbuh didinya.
>
> 2. Rakai/Rakeyan/ Rakyan hartosna "pangawasa di" janten Rakyan Garung
> hartosna pangawasa di Garung. Kapungkurmah panerus nu ka opat Mataram Kuno
> ti Sanjaya..... . Kiwari mah rakyan Garung teh namina kang Fredy. Ngan..aya
> nganna kang geuning Garung teh seueur.....mangga we ngadamel United States
> of Garung  -:))
>
> PlaceStateLatitudeLongitudeElevation (meters)Elevation (feet)
> GarungPropinsi Jawa Tengah-7.3466667110.027222213894557
> GarungDaerah Istimewa Yogyakarta-7.3466667110.027222213894557
> GarungPropinsi Jawa Tengah-7.4505556110.038611110403412
> GarungDaerah Istimewa Yogyakarta-7.4505556110.038611110403412
> GarungNA-6.7166667106.0333333243797
> GarungNA-7.2833333109.916666711163661
> GarungPropinsi Jawa Barat-6.1733333106.30527781136
> GarungPropinsi Jawa Tengah-7.5402778110.34694446442113
> GarungDaerah Istimewa Yogyakarta-7.5402778110.34694446442113
> GarungPropinsi Jawa Tengah-7.4030556110.032777813914564
> GarungDaerah Istimewa Yogyakarta-7.4030556110.032777813914564
> GarungPropinsi Jawa Barat-7.0747222107.500833311153658
> GarungPropinsi Jawa Tengah-7.2675110.38805564761562
> GarungDaerah Istimewa Yogyakarta-7.2675110.38805564761562
>
>
>
> salam
>
> JP
>
>
>
>
>
>
>
>
> Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke