Kang eta ngeunaan artikel Walisongo turunan Cina tos we ditutup ngeunaan SGJ 
mah ngala ka Wikipedia, jadi jelas lain turunan Cina, mung salah sawios garwana 
(Ong Tien) leres ti Cina oge dikurebkeun di Gn Sembung caket makam SGJ.
Ngeunaan kujang pami sempet mah muka Ensiklopedi keris sareng majalah 
Pamor/Keris aya penjelasan/artikel ngeunaan kujang. Ngan ngeunaan pamake kujang 
saha-sahana asa kurang pas, tapi can gaduh bahan keur ngalengkepan artikel kang 
Iip. Ngan anu jelas mah can aya ngaran empu nu nyieun kujang, aya ge empu2 
Galuh, Pajajaram nu top nyieun keris.
salam
JP
----------------------------------------------------------------------------------------------
Silsilah
.Sunan Gunung Jati @ Syarif Hidayatullah Al-Khan bin
.Sayyid 'Umadtuddin Abdullah Al-Khan bin
.Sayyid 'Ali Nuruddin Al-Khan @ 'Ali Nurul 'Alam
.Sayyid Syaikh Jumadil Qubro @ Jamaluddin Akbar Al-Khan bin
.Sayyid Ahmad Shah Jalal @ Ahmad Jalaludin Al-Khan bin
.Sayyid Abdullah Al-'Azhomatu Khan bin
.Sayyid Amir 'Abdul Malik Al-Muhajir (Nasrabad,India) bin
.Sayyid Alawi Ammil Faqih (Hadhramaut) bin
.Muhammad Sohib Mirbath (Hadhramaut)
.Sayyid Ali Kholi' Qosim bin
.Sayyid Alawi Ats-Tsani bin
.Sayyid Muhammad Sohibus Saumi'ah bin
.Sayyid Alawi Awwal bin
.Sayyid Al-Imam 'Ubaidillah bin
.Ahmad al-Muhajir bin
.Sayyid 'Isa Naqib Ar-Rumi bin
.Sayyid Muhammad An-Naqib bin
.Sayyid Al-Imam Ali Uradhi bin
.Sayyidina Ja'far As-Sodiq bin
.Sayyidina Muhammad Al Baqir bin
.Sayyidina 'Ali Zainal 'Abidin bin
.Al-Imam Sayyidina Hussain
Al-Husain putera Ali bin Abu Tholib dan Fatimah Az-Zahro binti Muhammad 
Rasulullah.
[sunting] Silsilah dari Raja Pajajaran
.Sunan Gunung Jati @ Syarif Hidayatullah
.Rara Santang (Syarifah Muda'im)
.Prabu Jaya Dewata @ Raden Pamanah Rasa @ Prabu Siliwangi II
.Prabu Dewa Niskala (Raja Galuh/Kawali)
.Niskala Wastu Kancana @ Prabu Sliwangi I
.Prabu Linggabuana @ Prabu Wangi (Raja yang tewas di Bubat)

 ~ experientia docet sapientiam ~



----- Original Message ----
From: fredy novianto <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Sunday, July 27, 2008 8:13:53
Subject: Re: [kisunda] naon hartina GARUNG[kisunda] nyuhunkeun dihapunten


hatur nuhun kango juragan  omanarah sareng kang tirta tos tiasa  masihan 
bongbolongan.
yeuh aya hiji hal deui (sanes masalah garung ieu mah), aya sababaraha postingan 
di ieu milis(kisunda) , nu disimpen(di catut) ku uing pikeun ngeusian blog uing 
di http://six4sep. urangsunda. info/
 http://six4sep. multiply. com/
sareng di http://www.six4sep. co.cc/
punten kasadayana anu tos ditiron seratana ku uing, dumasar uing teh reu'eus  
ka kisunda , mung teu gaduh pangaweruh kadinya , tungtung na mulungan kalakay 
(saur ki nong mah) we tiasana, estuning ageung kahoyong uing pikeun 
nganyahokeun sunda atawa kasundaan teh nya jalana sugan  kudu bari kieu,  
sajabana uing tebih ti priangan (nuju ngumbara nyiar napkah di nagri 
vietnam)sareng  pamohalah nganggo nu  formal mah(sakola luhur)  moal kaduga sim 
uing teh.
dina eta blog uing tea aya sababaraha postingan ti kang oman ar,ambu 
wirumanangay, kangtirta, nonggerak sareng nu sanesna (punten teu kasebat 
sadayana) nu tos di copy_paste di blog uing, sakali deui nyuhunkeun dihapunten 
sareng rido'na da sanes kango komersil istuning niat uing saukur ngiringan 
ngamumule kisunda(banguna eta ge).

uing tea
fredynovianto 

--- On Sun, 27/7/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] naon hartina GARUNG
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Sunday, 27 July, 2008, 9:21 PM


Kang,

Kumaha upama urang candak hikmahna, atawa, ceuk anu karuliah mah,
hermeuneutis atawa tafsiranna, anu sae wae. Saeutikna, aya 3 tafsiran
tina harti atawa asal-usul kecap "garung" boh sakumaha pedaran kang
Fredy samemehna atawa oleh-oleh ti Kang Tirta hasil lalayaran nganggo
google. Anu tilu teh kieu:

1) Garung sarua jeung "Macaranga". Dina salah sahiji pedaran ngeunaan
Macaranga sakumaha dina Wikipedia, disebutkeun yen eta tutuwuhan teh
kaasup jenis tutuwuhan "perintis" (anu ngabaladah). Maksudna, lamun
aya lahan atawa tempat gundul karana hiji hal (bisa karana
tatangkalana dituaran, atawa akibat bencana alam), tah Macaranga teh
kaasup tutuwuhan anu ngamimitian hirup di jeung ngahirupkeun eta
tempat. Tutuwuhan anu sejen karek hirup sanggeus aya tutuwuhan
perintis. Macaranga nagen hirup. Ieu hiji hal anu postifi pisan
maknana. Garung teh, nyaeta Macaranga tea, pelopor kahirupan, bisa
disebut anu ngasuh atawa anu jadi panaratas tumuwuh suburna kahirupan.

2) Eta "dongeng" Ki Garung, tiasa oge dicandak sisi positifna, anggota
pasukan Siliwangi tea. Ngan, saena dijelaskeun atawa ditalungtik deui,
torowongan anu dijieun ku ki Garung teh torowongan keur naon? Naha
keur jalan cai atawa torowongan keur ngorolos ("melarikan diri")?
Torowongan dina bilik leuwi eta hiji hal anu lumrah, komo lamun bilik
leuwi teh diwangun ku batuan vulkanik lava (sabab, bagean tengah
"aliran" lava biasana gorowong atawa babari muruhpuy, katambah
katembagan ku cai leuwi, nya anu nyieun torowongan teh kari neruskeun
ngagedean liangna).

Lamun torowongan keur jalan cai, siga karya Ma Eroh alm di
Tasikmalaya, eta pas pisan jeung kabiasaan para prajurit atawa nu
neruskeun Siliwangi: nyieun karya anu manfaat keur balarea. Nya da
budaya oge bisa difill in atawa dieusian ku urang, tujukeun (B. Ind:
arahkan) ka dinya wae atuh legenda Ki Garung teh. Jadi, jieun budaya
(dina hal ieu carita) anu hade (anu nyieun jalan cai keur balarea),
piraku teu jadi caritakeuneun nu hade oge ka hareup.

3) Aya harti sejen tina "Garung" numutkeun dadaran Kang Fredy: tempat
anu tarahal ku batu. Nya teu nanaon, da batu teh kacida pentingna keur
kahirupan. Dina geologi mah sagala rupa oge asalna tina batu, ti
mimiti taneuh (taneuh engkena tempat kahirupan makhluk anu kumelendang
di ieu alam) nepi ka barang-barang perhiasan anu luhur atawa mahal
ajenna eta tina batu atawa kaasup babatuan. Jadi, teu kudu nyungkelit
lamun aya anu nyebut Ki Batu ...eh Ki Garung atawa urang Ci Garung,
malah kudu reueus. Cai oge bijil tina batu (cai jeung taneuh tina
batu, asa kaharti lamun aya kekecapan kolot: "kuring mah gelar tina
beubeulahan batu"). Malah, ukur batu anu bisa nagen teu kabawa palid
ku cai sok sanajan cai eta keur caah. Nepi ka, jelema anu
pangrongkahna, pangrosana, taya lian ti tukang batu.

Salah sahiji tempat anu tarahal ku batu teh taya lian ti walungan.
Kusabab kitu, munasabah lamun di Tatar Sunda aya aran walungan anu
make kecap "garung": Cisanggarung. "Ci" pondokna tina "cai"; "Sang"
mah sigana atawa tafsiran uing, sakumaha dina kecap "Sang Jaya" (anu
engkena jadi "Sanjaya"). "Garung" jelas tarahal atawa rea batuan tea.
Cisanggarung pernahna di Ciamis ngetan-ngaler, pas wawatesna jeung
kabupaten Kuningan.

Di atawa deukeut DAS (daerah aliran sungai) Cisanggarung aya bendungan
anu kawentar, ngaranna bendungan Darma. Sok sanajan ieu bendungan
baheulana kungsi diganggu ku belut putih (istilah lemes tina
"koruptor" anu ngagalaksak kana duit semen, keusik, jsb), nepi ka
pangwangunana kalunta-kalunta aya taunna, tapi ari geus jadi mah
kacida gede manfaatna. Sabaraha hektar sawah bisa kacaian ku eta
bendungan, tina sawah tangtu dihasilkeun pare, tina pare - da urang
mah masih napak na taneuh - tangtu loba jiwa anu katalang ragana.
Jadi, harti sejen tina "garung" teh - ceuk uing ieu mah (bisi teu
sapuk mangga teh teuing) - taya lian ti walungan, salah sahiji rante
sumber kahirupan, syare'atna tangtuna oge. Jadi kudu dijaga garung
teh. Salah sahiji cara ngajagana nyaeta ngaabadikeun jadi aran tempat
atawa kampung. Wilujeng kana kawikajakan kolot baheula.

baktosna,

manAR

 
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com  

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke