kaseeep, nuhun tah murak peperenian patempatan teh...aya nu lucu tapi 
bener.....legon di sunda sarua jeung lagoon di inggrisna ...saha anu mimitina 
atw saha anu nurutan nya?....heuheuy deudeuh...uin nu sok resep kana 
toponimi.......oca tea...

--- On Tue, 7/29/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] Patempatan
To: kisunda@yahoogroups.com
Date: Tuesday, July 29, 2008, 2:36 AM







Patempatan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda 
(http://su.wikipedia.org/wiki/Patempatan)

 
Patempatan nyaéta lokasi atawa posisi. Biasana nujul kana lokasi atawa posisi 
géografis di muka bumi, sanajan bisa ogé di rohangan lianna. Di handap ieu 
béréndélan patempatan nu aya di muka bumi:

Alun-alun: tanah lapang di hareupeun kabupatén, kawadanaan, jste. 
babakan: lembur anyar. 
babaladon: kotakan leutik anu pernahna di bagian tanah sésémpéran; di sawaréh 
tempat disebut ogé baladoan 
balungbang: kamalir gedé sarta rada jero tadah cileuncang. 
bangawan: walungan anu kacida gedéna. 
Basisir: sisi tanah (keusik) nu adek ka laut. 
bojong/bobojong: tanah anu nyodor ka cai (walungan, talaga, laut); jojontor, 
jajirah. 
bubulak: sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping atawa di 
pasir. 
bungin: pulo di muara walungan. Disebut ogé délta. 
dayeuh: kota, nyaéta ibukota nagara, propinsi atawa kabupatén; bisa ogé hartina 
lembur pamatuhan. 
dungus: gundukan tatangkalan laleutik nu rada rembet (di leuweung). Disebut ogé 
rungkun atawa ruyuk. 
Empang: balong atawa kulah gedé (lega). 
galengan: tambakan leutik (ngagaleng manjang) ngawangun kotakan sawah. 
gawir: sisi jurang, tanah anu mudunna nyuksruk atawa sisi tanah anu lungkawing. 
girang: tempat jol ngocorna cai: cai ngocorna ti girang ka hilir. 
Gunung: tanah anu munjukul lacida luhurna, saluhureun pasir, biasana luhurna 
leuwih ti 600 meter. 
hilir: tempat nu dituju ku cai ngocor lantaran leuwih handap, sabalikna tina 
girang. 
hulu cai / sirah cai: tempat kaluar cinyusu nu engkena jadi walungan. 
huma: tanbah darat nu dipelakkan pare teu dikocoran cai (ngandelkeun cai 
hujan), di sisina sok dipelakkan palawija. 
hunyur: taneuh nu munjukul siga imah rinyuh di tegal atawa dina tetelar; imah 
rinyuh. 
jajirah: bagian tanah daratan nu meh kakurilingan ku laut (meh mangrupa pulo). 
jami: huma tipar, robahan tina jarami; geus rumpak jami, geus rengse panen di 
sawah. 
jojontor: tanah nu nyodor ka cai, leuwih panjang ti batan tanjung; bobojong.. 
jungkrang / jurang: bagian tanah anu legokna jero sarta sisi-sisina gurawes.. 
kabuyutan: tempat anu dianggap karamat, patilasan jaman baheula. 
karees: sisi walungan nu rea keusikan minangka kikisik; cadas. 
kebon: tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan saperti bungbuahan, 
palawija, jeung sarupaning ti eta. 
kikisik: sisi laut nu mayat sarta keusikan. 
Kuburan: tanah tempat ngubur mayit; makam, astana. 
kulah: balong leutik, tempat miara lauk, mangrupa cai ngemplang dina tanah 
beunang ngali. 
lamping: bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutuganana; bagian 
gunung luhureun tutugan atawa sukuna. 
landeuh: tempat anu leuwih handap ti tempat urang, sabalikna tina tonggoh 
(tempat, pakarangan atawa jalan anu leuwih luhur. 
Laut: bagian dunya nu dieusi cai asin, sarta nu misahkeun daratan jeung 
daratan; sagara. 
lebak: tempat nu leuwih handap ti batan tempat urang cicing, sabalikna tina 
tonggoh; landeuh. 
legok: tempat nu rada handap ti tempat nu aya di sakurilingeunana. 
legon: bagian basisir anu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik. 
lembur: kampung di luar kota, padumukan jelema nu diwangun ku sababaraha imah. 
léngkob: tempat anu legok antara dua lamping. 
Leuweung: tempat lega atawa wewengkon nu pinuh ku kakayon (tatangkalan) sarta 
teu dipaké matuh ku jelema. Kajaba ti nu ngajaga, biasana panonoban sato jarah. 
Leuweung geledegan: leuweung anu sakuriling bungking pinuh ku rupa-rupa kakayon 
sarta teu kasaba ku manusa iwal sarupaning sasaton. 
Leuweung gerot: leuweung geledegan, leuweung gedé. 
Leuweung gonggong simagonggong: leuweung nu kaayaannana geueuman, pikasieuneun. 
Leuweung larangan/tutupan: leuweung nu teu meunang diganggu boh sasatoannana 
boh tutuwuhanana. 
Leuweung luwang-liwung: leuweung geledegan nu teu kasaba ku jelema. 
Leuwi: babagian walungan nu rada jero tur biasana rada rubak. 
mandala: daérah, wilayah lembur; lembur singkur mandala singkah: lembur nu jauh 
ka ditu ka dieu. 
momonggor/monggor: pasir nu rada handap sarta leuwih leutik. 
Muhara: tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa 
walungan leutik jeung walungan gedé. 
mumunggang, geger: bagian gunung pangluhurna, tonggong gunung anu manjang. 
pabuaran: tempat bubuara matuh di tempat anyar. Anu ngumbara sok loba nu terus 
bubuara, tara balik deu ka lembur asalna. 
padépokan/dépok: kampung, patapan; patapan biasana ayana di nu suni. 
padukuhan: padumukan nu jauh ti kota; padusunan. 
padusunan: pakampungan nu jauh ti kota. 
pamakaman: patempatan/wewengkon anu dipaké kuburan/astana. 
pasir: gunung leutik tur teu sabaraha luhur. 
pasiringin: pakampungan, padésaan (asal tina siring: kampung). 
ponclot/poncot: bagian pangluhurna tina gunung, munara, jsb.; puncak. 
puncak: bagian gunung anu pangluhurna, atawa ponclot. 
régol: kampung nu pernahna aya sabudeuren gedong kabupatén beulah tukang. 
reuma: tanah darat urut huma anu keur direureuhkeun lantaran geus teu subur 
deui. 
rorah: cai ngocor sarupa susukan, ayana di leuweung. 
sabang: tanah darat nu dihapit ku dua walungan. 
Sagara: laut 
sampalan: tegal tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah. 
sarakan/pakusarakan: tempat lahir, lemah cai. 
sawah: tanah anu dipelakan paré, dikembeng, dikurilingan ku galengan. 
sédong: angkrong di sisi walungan di jero leuwi. 
situ: balong nu leuwih lega sarta rada héjo. 
somang: jurang anu gurawés sarta jero. 
sungapan: tempat ngocorkeun cai ti walungan atawa solokan ka sawah, ka balong. 
susukan: solokan jalan cai beunang nyieun jelema. 
Talaga: situ alam nu jadi ku manéh lain meunang nyieun jelema (upamana 
Talagawarna, Talagabodas). 
Taman/patamanan: kebon kembang jeung tatangkalan séjén nu alus sarta lega. 
tambakan: bendungan panjang sarta rubak (tambakan balong); panahan cai balong, 
ayana di sakuriling balong. Mun di sawah mah ilaharna sok disebut galengan. 
tanjung: jojontor, tanah anu nyodor ka laut. 
tarikolot: tempat/daérah urut lembur, lembur nu tadina gegek imahna kaayaanana 
robah jadi coréngcang. 
tegalan: tanah lega sarta rata nu sabagian gedé pinuh ku jukut wungkul. 
teluk: bagian sisi laut anu ngelok ka darat, sabalikna tina tanjung. 
tepiswiring: sesebutan séjén keur pasisian atawa pilemburan. 
tetelar: tanah datar di tengah sawah nu teu kahontal ku cai, biasana sok dipaké 
pangangonan. 
tipar: pihumaeun méméh disasap atawa dipacul. 
tonggoh: tempat anu leuwih luhur ti batan tempat urang cicing. 
tutugan: suku gunung, bagian gunung beulah handap. 
wahangan: jalan cai anu jadi ku manéh, nyaéta walungan anu leuwih gedé batan 
solokan. 
Walungan: wahangan gedé. Disebut ogé bangawan. 

Rujukan

Peperenian Urang Sunda, Rachmat Taufik Hidayat, Spk., Kiblat, Bandung, 2005..
 






      




      

Kirim email ke