atuh muhun... malahmandar aya mangfaatna kanggo kajayaan urang sadayana ka saha bae anu rumaos teu aca ngartos ti mana urang asalna ti saha wiwitannana kudu ka mana ngaguarna iraha kudu niti mangsana simbeuhan kuring ku tirta nu suci nu bisa ngawaluyakeun ka jalma najan kudu dilentab ku seuneu moal ngejat najan sarongheap rahman jeung rohim ti anjeunNa nu seungit ambuna kajeun eta ambuna tina ududdeun tetep seungit da kaharti
On Wed, Aug 20, 2008 at 8:41 AM, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hatur nuhun, ulah jadi lamunan nya....... mangga bilih bade nyaangan > mah. Hatur nuhun Kang Nong. > > salam > Jalak Pakwan > ** > > ----- Original Message ---- > From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> > To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda < > [EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> > Sent: Tuesday, August 19, 2008 5:10:17 > Subject: [kisunda] (Serat :24)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Keur Nu Dicalukan. > > Keur Nu Dicalukan > > > > - Bisi aranjeun hayang leuwih telek kana diri aranjeun sorangan,kuring > InsyaAllah bisa mantuan mapay nu ku aranjeun geus kungsi kaliwatan,sakalian > nunjukeun yen kami teh lain heuheureuyan, istuning ngalengkah satekah polah > ngusahakeun jang nyukcruk galur ngarah bisa ngadeg deui urut Pajajaran. > > > > - Kanggo Ceu Ambu,saha nu boga dedegan lalaki sedeng eta ? Dedegan kyai > seseg,osok mere papatah nu niiskeun hate lain? Osok datang kana ngimpi > lain? > Make baju bodas,panjang nepi ka satengah bitis,sok disebut Ki Haji lain? > Geus lawas bareng ngabaturan lain? > > > > - Kang Ema,kalem,pinuh kayakinan,sarua anjeun oge keur nungguan,hayang > bisa muka nu jadi wiwitan. Hayu urang geura ngamimitian, didasaran ku sarua > nyaah kana kasundaan. Bisi aya nu can kapanggih nu ku anjeun > diteangan,sugan > kuring oge bisa saeutik mantuan,ngarah mangfaat kana kasundaan,kuring aya. > > > > - Kang Tirta,kuring nyaho anjeun geus boga jawaban,ulah salempang > nepikeun bebeneran,geura milu babagi nanjeurkeun Kasundaan,geus mangsana > urang ngalengkah babarengan. Kuring apal anjeun geus lawas nungguan,ieu > mangsa jadi kanyataan,kajeun teu kaharti mun dipikiran,ulah ngan ukur > dijadikeun lamunan. > > > > - Kang Tirta,kuring nyaho anjeun boga jawabana,ulah hariwang geura > tepikeun kabalarea,salam ka anu sok mere anjeun beja. Urang bareng ngaguar > deui sajarah sunda,nu geus lila ngacapang ku reka-reka. Kuring bakal > datang,sugan saeutik bisa mere caang,ngarah mere hiji kayakinan,nu ayeuna > ngan ukur kasawang. Kuring wakil ti Sancang,nepikeun nu kudu > ditepikeun,ngajaga nu kudu dijaga,mulangkeun nu kudu mulang. Salam ti > kuring > saparakanca. > > > > - Ua Duq,ulah era miluan,da nu kieu mah moal kaharti ku akal pikiran. > Sabab urang sakabeh mahluk ngan saeutik nu dibikeun ka urang-urang, uteuk > urang aya watesna,moal bisa maca kajadian sakabeh alam. Anjeun ge pan teu > bisa nerangkeun kunaon sok kaimpikeun jalma make komprang hideung,iket > hideung,barangbang semplak,nu sok rajeun datang nepungan,kajeun ngan kana > ngimpi anjeun wungkul? Ulah era,lain ukur anjeun nu ngalaman,sing tumarima > dicalukan. > > > > - Mang Ucup,bisi panasaran elmu naon wae nu aya di Pajajaran,kersaning > Gusti sugan kuring bisa mantuan. > > > > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com > > -- Ema Sujalma
