kutan kang aam dumuk di malang. hanas kamari uing kokotetengan neangan
pangiuhan, pedah si cikal disepak gajah, hayoh ngacleng ka malang,
masantren di padepokan prabu brawijaya.

dimana di malangna kang, insya allah ba'da lebaran uing aya rencana ka
malang, sugan we tiasa tepang.

salam,
mh

On Sat, Aug 23, 2008 at 7:28 AM, aam darussalam <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Is...is...is...lalawora kang MH, di Malang urang Pasundan aya kirang
> langkung 3000 urang, tingawitan tukang krupuk, tukang sol sapatu, tukang
> kridit dugikeun ka Kapolresna tos tilu periode ieu kawitna ti tatar Sunda.
> Nu ayeuna jeneng oge Kapolresta Malang teh urang Garut pisan. Malihan aya
> paguyubannana di Malang teh namina IWARPAS ( Ikatan Warga Pasundan ).
>
> Iraha bade angkat ka Malang kang ?
>
> Baktos simkuring,
> Kang Aam.
>
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> kang aam, cobaan geura ajakan batur salembur, bedol desa, pindah ka
> jawa timur, ngababakan nyieun lembur anyar, pek ngaranan "babakan
> pajajaran".
>
> salam,
> mh
>
> On Fri, Aug 22, 2008 at 11:15 AM, aam darussalam <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> Abdi asli pituin urang Bandung, ngumbara ka Jawa Timur tos bade 20 tahun,
>> kota-kota ageung sa Jawa Timur mah tos ka-ider maklum abdi mah disebatna
>> oge
>> sikala-ider. Tah anu bade ditaroskeun teh naon margina disabagean ageung
>> kota-kota di Jawa Timur jarang aya nami jalan Pajajaran ? kunanaon tah
>> margina ? naha aya sasakalana kitu ? Nuhun ah kasadayana.
>>
>> Baktos abdi,
>> Aam D.Adimihardja
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke