ah kang ocha mah,.... salah.

muji2 abdi di milis,... eta salah! salah besar,....

kunaon matak salah???
sabab,.......

eta berbau unsur "conspiracy"

hehehehe,.....

ciga nu di haja,... abdi sok muji kang ocha, kang ocha males muji sayah,...

benar2 suatu konspirasi politik tingkat tinggi,....

tapi dulur2 sadayana nu dipikahormat ku simkuring,....
ijinkan saya memberikan penjelasan, klarifikasi atas puji memuji antara abdi 
sareng kang ocha,....

abdi teh 2 taun ieu, keur resep kana kasundaan. 
alhamdulillah ayeuna tos tiasa pendak ngobrol secara langsung sareng abah 
surya, abah cahya, kang ocha, abah ali, ceu otih, kang sobirin, dsb dsb,...

ngabantosan kakang ceuceu senior ,adalah suatu kehormatan kanggo simkuring,....
da abdi sanes olo-olo atawa pupujieun, da pasti aya mangpaatna ,... minimal 
janten banyak peluang bisnis nu datang,... nu penting teu ngabisniskeun misi 
kasundaan.
peluang bisnis adalah 'efek' dari karya kerja kita tina kagiatan kasundaan.

jeung deuih, eta bantosan simkuring dina kala sunda, cetek pisan, ngan maturan 
wungkul, resep atuh da.... seueur kisunda nu sumping, 
manggul korsi, manggul meja, menerkeun soudsystem,... eta bantuan simkuring ka 
acara kala sunda, jadi kabanggaan, kuring geus ngilu ngadukung fenomenal eta 
acara....
da nu ngarana gede leutikna jasa, lain ditingali ku gede leutikna peran posisi 
urang, tapi ka iklasan mantuan dulur kisunda,...
pujian kang ocha ditampi ku kuring, mugia teu jadi matak gede hulu 
simkuring,... walaupun dasarna sifat budak baong simkuring teh sok sombong 
jeung agul , heheheh,...

perkawis nong gerak, resep pisan eta budak (atanapi kolot??? teu apal, da 
bongan teu ngenalkeun diri wae..) ngabewarakeun syair-syair ayat ayat cinta 
versi sunda,....
katampi pisan ku ieu milis, ngajadikeun ieu milis janten rame,... jadi, kang 
nong,... tong eureun ngalemparkeun eta serat,... tuluy weh sampai ka weureu,... 
sugan nepi ka serat nu ka-1999 surat,... jadi bisa di buku keun,... jadi weh 
tiasa di bisniskeun ku simkuring (hehehe,... dasar kapitalis bisnis, naon wae 
dibisniskeun,....)

ngan dulur2, kisunda,..... kade tong dijadikeun seurius eta toongan kang nong 
gerak, bisi jadi fitnah,... da tujuan kang nong oge sanes kanggo nyieun fitnah 
pan,... kajepit kanu ngeunah,....
ciga kang nong teh noong urang2 ,... terus diboleketkeun di bewara keun secara 
umum,... pan atuh jadi asa ciga ditaranjangan di alun2,... bener henteuna 
,kumaha maca diri masing2, ngan kumaha mun henteu? janten ngalanggar hak azasi 
atuh? padahal nu kudu diutamikeun Kawajiban Azasi manusia.

tapi wios, da mun teu aya kan nong, asa sepiiii ieu milis,... wios atuh jadi 
rame, 
ngan entong jadi rame pasea, bisi kang nong terlalu seuri ngabarakatak, bagean 
silaturahmi urang jadi babak belur.

hayu atuh urang ngabarakatak berjamaah, meh rame,..... sugan endonesia bisa 
jaya deui mun kabeh ngabarakatak.

sakitu nu dipikasuhun, janten,... kang ocha,... anjeun salah mun muji wae 
abdi,... mun sakali,... tapi mun tuluy2an,.... tah,... langkung sae,... meh 
abdi janten resep dipuji, da dasarna mah abdi teh jalmina pupujieun,, 
hahahaha,...

hapunten kasadayana ,abdi mah sok nyarios kamalinaan,.. maklum lah, budak 
baong,...

rampes...
=r=
mun abdi sok mantuan, pasti mun abdi ngayakeun HBH kisunda, bantuan atuh 
nya,... hehehe,pamrih,...
 

--- On Sat, 8/30/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: (Serat :29)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Deudeuh Teuing 
Siliwangi.
To: [email protected]
Date: Saturday, August 30, 2008, 6:18 AM










    
            wah,.....kg Agoez nu dipikacinta, si budak baong tea,
kapancing uin yeuh, .... mere komentar...
uin karak kaluar ti patapaan,
hampura , loba nu can kabaca di ieu milist...
kahiji- napaan kalender, sunda kala...
sangkan bisa di andel ku sadunya...
dirohangan pasamoan, 
int'l year of astronomy taun 09.
nuhun pisan kana bantosanana. .kg Agoez.
jaba sabari eusi deuih, uin ka eusian makna..
kadua- napaan taman budaya sunda/ dago tea house...
sangkan bisa jadi imah urang sarerea....
bale pasamoan, bale watangan, bale sawala...
keur nyieun masterplan-na
enya panuju, ka pamadegan kg Roche
mun wanoh ka eyang prabu mah...
teu kudu make syuar-syair sagala....
da mun enya, ngarasa jadi anak /incu turunanna...
teu kudu sumbat -sambat, sabari ngageuri...
eta bukti jauh keneh
 ari kitu mah,...
karak wawuh tapi can wanoh....
komo bari di anjeun-2  sagala...?
asa beuki jauh tah...
mun enya incuna mah, sok ogoan ka nini/aki/uyutna. .. 
dina pasualan boga kahayang..
dina mentana ogen, rineh we...sabari ngalendotan
mun enya dibere ...suuukur.. .
mun teu dibere?, bati ngarenying,. .. ngolo...
moal ngadagoan tamaga jadi emas..
moal ngadagoan cai jadi susu...
da eyang prabu mah datang ka jalma 
anu geus rancage hatena....
teu kudu nyambat, teu kudu didagoan...
samasakali urg mah teu dididinya...
ma enya,  ka eyang keur leutikna...
nyebut ,.... eta budak...jst...!!! !????
jentre hanteu boga etika, sanajan papantunan ogen
ma enya ngakukeun ka eyang, 
anu geus boga ageman heubeul jasa,
bisa ngarumpuyuk  ku sa-ukur 
ngadangu lalaguan ageman anu anyar?
atuh kumaha tangtungan sajatining-na?
mo unggut kalinduan... .
moal gedag ka-anginan.. .!!!
kos nganggap  kana mobil bae, 
mobil butut, piceun!  laju nyokot mobil anyarrr???
laju...maenya rek dipikanyaah ku eyang,
komo rek dipikanyaah ku urang-baraya, ngawanohkeun ogen hanteu!
lucu,... ujug2 menta hampura?
kumaha rek mere-na ? wawuh ogen hanteu?
moal bisa!!! ...eyang bisa nyaah ka jalma  anu teu boga etika 
sa-luhur2na pangkat jeung umur hiji  jelema, ari ngawanohkeun mah
geus jadi ilahar/katangtuan, anu teu kudu di-paksa2..
jeung naon hesena???.
aneh,...jeung bisa nyalukan deuih ka baraya di ieu milis?
nyaho/wawuh keur sasoranganeun, 
tapi nu dicalukna teu wawuh kanu nyalukna???
naha perlu dijawab, ari  nu kitu patut?
mangga emutan 
hampura isun...
cag! rampes nun!
....oca tea...


--- On Fri,
 8/29/08, agus <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
From: agus <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: [kisunda] Re: (Serat :29)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Deudeuh Teuing 
Siliwangi.
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Friday, August 29, 2008, 4:27 AM

nu dipikasieun ku ajaran bener nyaeta 'penyair'
sabab bisa mengkolkeun kabeneran ku bungkus nu alus.

kunaon make beuki nga gaib keun sagala rupa,
matak jadi beuki teu ka rampa.

matak generasi sunda ngan ngimpi ngudag2 nu di janjikeun bari jeung
teu prak usaha, ngan ngalemahkeun gawe nyata ku jangji harepan2 ,
ngabius sunda jadi cicing, teu gerak.

ngadagoan naon sunda?  ngadagoan tambaga jadi emas?
ngadagoan laut jadi ci nyusu?

prak gawe dulurrrr!!!

keun antep raja nu geus euweuh, mun hade eta raja, titah datang
sorangan,teu kudu
 disambat!!!

sambat mah sumanget gawe nyata ka diri salira,..
da bangsa mah moal robah mun rakyatna ngan ngadagoan dicalukan
wungkul,....

kunaon beut betah ngadagoan mahdi- mesiah- prabu?
setan mah tara ngadagoan nu teu pasti. prak gawe nyeret manusa kana
jalan nu jauh ti Gusti. 

deudeuh teuing siliwangi,.. . wangi nu nga mabok keun nu dipake
lalampahan sunda,.... .... capeeee deh

=r=

kala sunda, ... maju terus pantang mundurrrrr, 
geef nooit de moed op!!!

 

--- In [EMAIL PROTECTED] .com, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED] .> wrote:
>
> 
> 
> Deudeuh Teuing Siliwangi
> 
>  
> 
> Hiji mangsan lahir ka dunya hiji
>      budak lalaki,
> 
> leutik tur istuning ririwit eta budak lalaki,
> 
> matak pikahariwangeun indung bapana,
> 
> euweuh nu nyangka eta budak bakal terus aya
> dikieuna. 
>
 
>  
> 
> Ti leuleutik eta budak beda pipikiran,
> 
> ngaleuwihan tina umurna,
> 
> katempo beda jeung jelema sakurilingna. 
> 
>  
> 
> Siliwangi leutik niliktik hirup di alam pikirana
> sorangan,
> 
> lolobana euweuh jalma nu bisa ngabaturan,
> 
> kusabab loba pisan nu teu kaharti ku akal pikiran.
> 
> 
>  
> 
> Mang taun-taun Siliwangi ngarasa sosoranganan,
> 
> bongan mun mikir siga sakahayang sorangan,
> 
> jiga nu teu malire kana omongan babaturan,
> 
> kusabab Siliwangi bisa nyawang nu acan ka alaman. 
> 
>  
> 
> Kersaning Gusti nu masihan widi,
> 
> Siliwangi bisa marentah lemah-seuneu- angin jeung
> cai,
> 
> boga kakuatan diri nu moal kaharti,
> 
> Siliwangi gede jadi manusa nu bener-bener sakti.
 
> 
>  
> 
> Dina kahirupan nu loba sorangan,
> 
> tungtungna pinanggih jeung nu sadia maturan,
> 
> hiji makhluk nu beda kaayaan,
> 
> istuning eta sobatna sabar ngabaturan. 
> 
>  
> 
> Kapeurih dina kahirupana nu asa sosoranganan,
> 
> ka ubaran ku hadirna sobat nu kerep ngadatangan,
> 
> babaturan nu teu petot mamatahan,
> 
> mere papatah nu mana nu meunang jeung teu meunang
> dilakonan.
> 
>  
> 
> Siliwangi
>      leutik gubrag ka dunya,
> 
> ririwit teu nyana bakal terus ngalalana,
> 
> anging kersana Nu Maha Kawasa,
> 
> kajeun jiga teu daya eusi awakna beda.
> 
>  
> 
>  
> 
> Siliwangi geus bisa ngahijikeun
>      raja-raja satatar Sunda,
> 
> anu cenah mah pangaruhna nepi ka
 Sumatra,
> 
> kunaon saenggeus anjeuna tilar dunya,
> 
> Sunda bakal ukur tinggal ngarana?
> 
>  
> 
> Deudeuh teuing anjeun  Siliwangi Raja Sunda,
> 
> dibere gelar anu mere wawangi ka nagari Sunda,
> 
> ayeuna bet aya nu norehkeun anjeun ngarusak Sunda,
> 
> nepi ka tega anjeun disebut mawa angkara murka. 
> 
>  
> 
> Bener anjeun lain jalma sampurna,
> 
> ngan kuring apal anjeun gede jasana,
> 
> bisa mingpin Sunda nepi ka puncak jayana,
> 
> bisa ngawangun tatar Sunda nu dipikaseuseub ku
> tatanggana. 
> 
>  
> 
> Deudeuh teuing Siliwangi sobat kula,
> 
> geuning nu ceuceub ka anjeun beuki dieu beuki
> loba,
> 
> geuning ngan saeutik urang Sunda nu masih keneh
> ngarasa anjeun urut raja Sunda
> 
> nepi ka euweuh
 rahayat Sunda nu apal anjeun
> dimakamkeun dimana. 
> 
>  
> 
> Geura ngaca ka nagari Cina,
> 
> nepi ayeuna apal tulisanana,
> 
> bari susulumputan na jero hatena ngajungjung
> carita raja-rajana,
> 
> teu kawas urang Sunda nu teu apal tulisan Sunda
> kumaha,
> 
> jeung na jero hatena embung ngaku carita rajana. 
> 
>  
> 
> Kuring ngan ukur bisa ngalengis bari nyurucud
> cimata,
> 
> ngaheruk nuturkeun carita anjeun ayeuna,
> 
> mun anjeun ayeuna aya keneh dikieuna,
> 
> istuning anjeun bakal ngahelas kungsi
> diborojolkeun ka dunya. 
> 
>  
> 
> Haturan simkuring Suadma,
> 
> Haturnuhun kuring disebut Aswatama,
> 
> kuring bungah disangka ngarang-ngarang carita,
> 
> kuring ngan ngajak aranjeun geura nyaring
 jadi
> urang Sunda jiga baheula.
>



------------ --------- --------- ------

Yahoo! Groups Links








      
      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke