> From: Kang Nolednad
> Perkawis antitesa nu justru panon poe nu ngurilingan bumi, ieu ijtihad nu
> lebet kana urusan dunya. Kedah dilakukeun
> pembuktian empiris kanggo ngukur tingkat kaleresanana, tapi sanes hartosna
> teori nu ayeuna oge tos final.
Punten Kang, Dunya ngurilingan panonpoe mah SANES teori deui, tapi geus
kabuktian benerna, jadi bisa disebutkeun BEBENERAN. Jeung deui pamanggih
soal dunya ngurilingan panonpoe teh sanes ayeuna, tapi 600 taun katukang,
Nu mimiti nyebutkeun Copernicus nu hirup di abad ka 15 (1473 -1543 M), hal
ieu dikuatkeun ku Sir Isaac Newton nu hirup 200 taun saatos Copernicus (1642
M-1727 M). Keur nu diajar eksakta jeung kamajuan budaya manusa, tangtos
terang saha Newton teh, salah saurang manusa nu hasil pikiranana dipake ku
teknologi jaman ayeuna, kaasup ku urang sorangan. Coba bayangkeun ti 600
taun katukang ......lain waktu sakedap. Keur kuring pribadi yakin pisan geus
FINAL Dunya teh ngurilingan panonpoe, loba buktosna. Nyebutkeun sabalikna
lir ibarat nyebutkeun seuneu teh tiis ....lain panas!
Terus terang kuring prihatin ku ayana buku ieu ditambah ku buku nu
nyebutkeun Teori Darwin Runtag alias rahul. Buku-buku ieu teu ngajarkeun
sikep kritis kana fenomena alam, teu ngajarkeun sikep "kerja keras",
"pantang menyerah", jeung sikep tulaten. Buku-buku eta ukur cutut-cutat tina
Ayat Suci jeung tulisan batur, teu ngajarkeun kumaha sih ari nu disebut
"PANALUNGTIKAN" teh.
Copernicus boga kacindekan kitu kulanataran nempoan gerak bentang di langit
mangtaun-taun, Newton ngaluarkeun hukum garvitasi, ceuk dongeng mah
kulantaran katinggang buah apel, tepi ka mucunghul pananya: "kunaon buah
apel ragrag kaahandap? . Sikep "pantang menyerah" : Darwin apruk-aprukan 5
taun samemeh boga kacindekan. Dubois ngapruk DAS walungan Bengawan Solo,
kulantaran ku pertimbangan yen "karuhun" manusa teh kamungkinan gede hirup
di DAS Bengawan Solo. Perhitungan Dubois kabuktian, manehna manggihan
tangkorak Pithecantropus Erectus. Sanajan Pithecontropus Erectus cenah mah
lain "karuhun manusa", tapi tetep usaha Dubois kudu dihargaan. Sababraha
minggu katukang dina Metro TV aya pelem "Was Darwin Wrong?". Didinya
ditunjukkeun kumaha para akhli apruk-aprukan ditempat hara-haraeun,
mangtaun-mangtaun ukur neangan bukti naha aya species perantara waktu lauk
evolusi ka bianatang darat. Taun 2004 usaha ieu hasil, kapanggih aya fosil
nu dipercaya species perantara lauk jeung binatang darat.
Lamun urang Indonesia ( kaasup urang Sunda) terus-terusan dicekok ku hal2 nu
dogmatis teu kritis, hasilna nya teu aneh loba urang Indonesia katipu: Bom
Bali disebut bom Micro Nuklir, gara-gara aya tulisan bule nu resep sensasi,
Tsunami di Aceh disebut gara-gara nuklir oge, Aya nu ngaku "elmuwan"
tamatan AMerika nu bisa ngadatangkeun hujan ditanggap ku hiji Departemen
pamarentah. Malah teu kurang Presiden oge "katipu": Aya cai bisa jadi
bengsin, aya pare "super" nu lamun dipelak bisa panen 3 kali belasan ton
......
Budaya manusa, kaaasup kamajuan teknologi jeung elmu pangaweruh, lir ibarat
wangunan piramid nu terus tumuwuh tapi aya dadasarna anu kuat jeung panceg.
Teu aya anu instan, sagala gancang .......siga ujug-ujug nyebutkeun panonpoe
nguriling dunya, ujug-ujug nyebutkeun teori Darwin rahul, ujug-ujug cai bisa
jadi bengsin, ujug-ujug aya pare "super".
Duka naon deui engke nu jadi "ujug-ujug" deui ......
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/