sumuhun,
abdi satuju sareng pendapat ambu,...
sejarah nu diguar ku ambu langkung otentik, berdasar penelusuran ti
berbagai ilmu.
tapi pami ti kang nong mah berdasar ti hiji sumber, 
sumber mahluk nu pasti keuna teu sampurna, ku aya tujuan nu diasupkeun
kana eta carita sajarah.

carita sajarah ti ambu pasti tiasa robah sawaktu-waktu, tergantung
penemuan 'fisik' terbaru (prasasti, naskah kuno,dsb), tah eta tiasa
nga otentikeun deui penemuan.

tapi nu di guar ku kang nong mah ngageuleuyeur weh tanpa argumentasi
ilmiah, janten, sanes kapasitas kanggo ber argumen, 

janten,sae na kita melihat uraian serat nong teh mung salah sahiji
carita novel weh, nu tiasa janten sejarah pami parantos aya bukti nu
nyata.

mun urang parasea, lain salah pisan urang2, bongan sunda boga raja nu
teu daek tanggung jawab kana carita sajarah nu sabenerna 'sang prabu'
teh.... 

neangan prabu mah tong jauh2 ka sancang, ka batu tulis, aya di diri
urang masing2,... ku kamurnian ngalaksanakeun sifat nyunda, ku tapa
mangrupa gawe kreatifitas di widangna masing2.

mun urang bisa jadi prabu di diri urang, eta bisa jadi di jadikeun
panutan keur generasi anak cucu kita, tah,..... geuning 'diri urang'
prabu siliwangi teh,.... PANGGIHAN DIRI ANJEUN!!!! ANJEUN SILIWANGI!!!

mun kudu simkuring ngabayangkeun kumaha kaayaan prabu nu baheula,
karuhun urang sadayana, eta bapa kuring, eta raja kuring,... bisa
ceurik simkuring ,ngarasakeun kumaha nyeri hatena ningali rakyatna
kahareup jadi rakyat nu rusak jati dirina,

kisunda, oge simkuring ka diri sorangan,.... hibur atuh karuhun urang
teh ku kalakuan sahari2 nu bener, nu nyunda, ... sugan di alam kekal,
sang prabu raja ning urang sunda sadaya,.... tiasa minimal imut
,senyum bangga,..... masih ada yang mencintainya,... apa adanya.

teu paduli cenah raja aing eleh ku hianat dulurna
teu paduli cenah raja aing eleh ku taktik perang raja lian
teu paduli cenah raja aing lumpat siga jelema ciut
teu paduli cenah raja aing pernah sobat jeung siluman silumin...

teu paduli aib nu pernah dilampahkeun ku andika ...
da anjeun ngan saukur jelema, nu teu sampurna.

teu paduli raja aing dihina ku nu lian,...

anjeun masih raja aing. 

anjeun masih siliwangi!!!

=roche=
bsm,7.41,minggu,ramadhan




--- In [email protected], richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> nu gaduh masalahna ge teu ngabuka diri..."can waktu" cnah "can
mangsana" pajar teh ayeuna mah nu aya bae...sim uing mah moa maksa
jelemana mucunghul...da alimeun barina ge mol maksa deuih...keun we
antep kuma karep manehna...tapi mung ngalungkeun perkara KASUNDAAN
jaman buhun bari teu jejeg na jeujeurna...tah ieu nu ku abdi dibahas... 
> 
> deuih ari ngabahas nu kieu mah caket kanu disebat POLEMIK...sanes
perang (ceuk dang AGUS)....dina mairanana teu kenging SOLOGOTO bisi
tigebrus ...hanas MESAT GOBANG KABUYUTAN...antukna TIKUSRUK KANA
DURUKAN" atuh...nyeh nyeh nyeh prot..eta mah!
> 
> Sim uing mah ningali Ki Nong teh teu sorangan...tapi kempel sigana
mah...anu sapuk jeung elmuna....
> 
> Ngan nyaeta ngan fardhlu AIN hungkul tapi teu fardlu KIfayah... teu
hablum minannas tapi hablum minalloh... hartina teu dihubungkeun
sareng de fakto....tapi nyanggap nu datang ka manehna...padal
kanyataanana aya....nyaeta sajarah, ngan meureun sajarah SUNDA baheula
teu apal.....jadi saha wae TOKOH nu sumping ka Ki NONG teh saha2na
digebyah uyah bae...digenerelize...
> 
> contona > SILIWANGI > eta apan dinasti atanapi wangsakarta atanapi
wamsatilaka anu ngadeg saatos TARUMANAGARA. Janten dina dinasti
SILIWANGI teh aya sababaraha raja sakaturunan sadayana, pon kitu
SILIWANGI u sumping ka ki Nong teh ngangken KEAN SANTANG...leres tokoh
eta aya pge leres sumping ka Ki Nong...tapi apan KEAN Santang teh
nyeri hate amargi biangna raos dibangbalerkeun ku Sri Baduga Maharaja
nya harita uih ka Cirebon...putrana nyusul nyaeta Kean Santang tea ...
tah nu ieu
> 
> Ki Nong mah teu ngabedakeun saha2na SILIWANGI, pedah nu sumping ka
menaehna nu ngagem ISLAM nya menehna nyebutkeun Sri Baduga ge ISLAM cnah.
> 
> sabarahakali diterangkeun di dieu ku sim uing:
> Yen ISLAM teh tos sumebar di CIREBON (nu harita bawahan KAWALI) ti
mangsa Wastukancana ngadeg kaprabon di kadatuan SURAWISESA (KAWALI)
tapi da kua kieu
>  teu silih usik teu silih jebengan...akur bae 
> 
>  Anu nyebarkeun ISLAM oge harita putrana Hiyang BUNISORA SURADIPATI
> 
> Pon kitu Wastukancana teh ALO pituin deung minantu Hiyang Bunisora
Suradipati (Batara Guru di Jampang) anu elmu Sunda na pangluhurna
numatak disebat SANG SATMATA (anu geus adhipramarta = sampurna
saimbang tingkat raraga deung waruga)
> anjeuna tuetep ngagem SUNDA teu kasirep ku putrana nu lebet deung
nyebarkeun ISLAM jadi haji purwwa di Cirebon...tetap bae ngaping alona
(WAstukancana)
> 
> nu matak Ki Nong teu bisa maksa ku interpretasi nu aya di manehna...
sakumaha buktina nu can kaalungkeun di dieu...ngeukeuhan...teu bisa
kitu... tapi sim uing ge teu nyalahkeun yen aya bebeneran ku cara KI
Nong...pek wae...tapi tong ngabaliutkeun sajarah nu TANPA BUKTI...TEU
MEUNANG!!!!!!!!!!!!!
> 
> Sabab sajarah tehPERISTIWA YANG SUDAH TERJADI ku TAQDIRNA lain ukur
UGA sajarah teh UNICUM, kaaupun duakali terjadi atau berulang...tidak
akan sama persis oleh karena itu sejarah merupakan HAK OTONOM secara
DE FAKTO bagi RUANG WAKTU dan BENTU ZAMAN!
> 
> 
> AMBU WIRUMANANGGAY
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Sunday, September 7, 2008 6:25:20 AM
> Subject: Re: [kisunda] (Serat: 38)(SILIWANGI & KI
SANTANG)_Geura,Geura Nyaring !
> 
> 
> Haturan Ambu, ngeunaan serial Ki Nong memang seru tapi kumaha oge
kangge sim kuring mah masih di tataran tell, nyaritakeun. Moal tiasa
lebet kana kategori Sell, Consult komo Join mah da margi one way
glass. Tapi sapertos didugikeun ku sim kuring sateuacana tangtos
perspektif sanes posisi benten oge, pami dianggap tos level langkung
ti tell nya mangga diskusikeun bae sareng kuncen, moderator, nu
penting kangge sim kuring mah ulah lumpat tina the United States of Sunda.
>  
> baktos
> tirta
> 
>  ~ experientia docet sapientiam ~ 
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Friday, September 5, 2008 18:02:47
> Subject: Re: [kisunda] (Serat: 38)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Geura,
Geura Nyaring !
> 
> 
> Haturan Abah JaLak nu manggung na Saunggalah puseur Metropolitan,
> tiap-tiap anu bade dipintonkeun oge dipedar mangrupi wadag tulisan
(wacana) teh apan amargi ku ayana PERMASALAHAN, tidak akan ada wacana
kalau tidak ada permasalahan. 
> 
> Suatu permasalahan bukan berarti sesuatu yang NEGATIF (subyektif) 
melainkan karena KETERTARIKAN atau MENYIMAK opini yang dilemparkan
seseorang dalam hal ini yang dilemparkan Ki Nong di sini lebih
bernuansa SEPIHAK. Ki Nong  sembunyi tidak terbuka dengan kata lain
tidak membuka dan tidak memberi peluang pada orang lain untuk menjawab
atau berpendapat terhadapnya, namun pada saat yang sama Ki Nong
melemparkan permasalahan kepada milis. 
> 
> Jadi Ki Nong TIDAK MAU DIKRITIK TIDAK MAU MENERIMA PENDAPAT ORANG
tetapi INGIN SEMUA PENDAPAT NYA DITERIMA TANPA HARUS DIBANTAH!!!!
!!!!!!!!! !
> 
> Bagi saya, Ki Nong berbicara pada suaru ruang yang diberi SCREEN
kaca "ONE WAY GLASS" dia terus mengintip semua ulah perilaku tetapi
tidak membuka diri. 
> 
> Apa yang diterangkan oeh Ki Nong belum tentu salah juga belum tentu
benar namun karena dia berbicara soal KEYAKINAN yang berada pada
tataran PRIVACY suatu individu atau kelompok sosial maka Ki Nong pun
secara langsung dan tidak langsung merambah ke induk pasukan KEYAKINAN
yakni KEBUDAYAAN 
> 
> Sayang sekali ia berbicara pada tingkat ERKLAREN (menerangkan thok)
tidak disertai keterangan yang VERSTEHEN (pemahaman). Padahal dalam
hal apapun sebelum sesuatu fenomena diterangkan seharusnya diandasai
oleh pepran pemahaman terlebih dahulu. Tanpa penjelasan tentang Ki
Nong mengharuskan (nirsadar) orang lain harus mengerti dirinya lalu
menghimbau orang lain untuk sadar ... kok ANEH
> 
> Nu disebut bener ku Ki Nong teh KONSEP na teu aya...ujug
JEPROT...JEPROT weh MAPATAHAN ka BALAREYA...naha bet kitu?
>  
> SUNDA ge gaduheun cara jeung jala pikeun NANJEURKEUN BEBENERAN!
BUKTINA aya nyaeta prasasti KAWALI ajaran nu diarapkeun ku
WASTUKANCANA nyaeta SILIWANGI- II, oge jeung cara2 ngalarapkeunana
nyaeta dina prasasti Kawali nu KAHIJI
> 
> Yeuh nu ieu(nu keur jaman harita eta ajaran teh kasebut jaman
kadieunakeun (nu pandeuri)
> "Bhaga Neker Bhaga Angger
> "Bhaga Nincak Bhaga Rempag
> "Haywa Diponah-ponah
> "Haywa Dicawuh-Cawuh"
> 
> Na kumaha jaman samemehna nyaeta dina Naskah Sewa ka Dharma,
Kabuyutan ti Ciburuy deung Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian. Utamana
Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian...sabab naskah ieu teh istuning
papagon hirup urang SUNDA nu ayeuna aya jeung kapanggih wadagna teh
mangrupa salinan (anu kasakitu kalina) ti jaman buhun nu ceuk na
Carita Parahiyanan mah ti jaman Rahiyangtang di Menir numatak disebut
Sanghiyang Watang AGEUNG!
> 
> Sewa Ka Dharma bernuansa agama
> Kabuyutan ti Ciburuy bernuansa Sosial-Politik dan budaya
> Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian > eusina ngutamakeun hirup
sapopoe anu mupakat keur dir oge balarea upamana kumaha nu imahtangga,
kumaha gau jeung balarea, kumaha mu dagang, kumaha mun ka leuweung,
oge kumaha mun GAUL jeung DUNYA INTERNASIONAL. ..kabeh aya guruna
tempat nanyakeun jeung rea2 deui, aya aturanana... TAH BUKTI!
> 
> Jadi sebenerna URANG SUNDA mah teu kudu jauh2 neangan atawa GUGURU
ka bangsa DEUNGEUN keur HIRUP BENER mah... tapi KARUHUN na ge GEUS
NGAJARKEUN deung aya bukti wadagna reujeung CARA2na, kabeh pikeun
salamet sarerea...tara aya paribasa MUSYRIK... tapi ngajak BEBENARAN
teh ku bukti nyata jeung jalanna....
> 
> AMBU
>  
>   
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Friday, September 5, 2008 2:04:46 PM
> Subject: Re: [kisunda] (Serat: 38)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Geura,
Geura Nyaring !
> 
> 
> Kang Maman oge Ambu rupina ekspektasina kedah diturunkeun. Pami
ayeuna ekspektasina di setup na level talipun atanapi chatting nu dua
arah saena mah diturunkeun kana level koran. Tah rating koran mah
mangga we tangtoskeun masing-masing, bade koran nu ditengteng
eksekutif atanapi koran beureum. Ari koran tea dina hoyong 2 arah mah
paling lebet ge na Suara Pembaca. Atuh mangga we cobian japri sareng
Ki Nong syukur2 tiasa chatting. Tapi sing emut, ulah luhur teuing
ekspektasina.
>  
> baktos
> Jalak Pakwan
>  
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: Maman <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Thursday, September 4, 2008 19:19:20
> Subject: Re: [kisunda] (Serat: 38)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Geura,
Geura Nyaring !
> 
> 
> Leres Ambu,  urang kedah tiasa ningali  GAWE LAHIR jeung GAWE BATIN,  
> ulah kajongjonan di lahir atanapi kajongjonan di batin.
>  Dua-duana kedah sinkron sareng konsisten (naon atuh basa sundana
konsisten jeung sinkon  teh) 
> 
> Sepertos mapatahan,  eta saleresna gawe batin anu dilahirkeun kana
ucap atanapi tulisan.  Moal aya hartina lamun  teu aya buktina,  komo
 mung sa arah wungkul mah, teu aya  "lomunikasi dua arah".  Nu
dipapatahan malahan tiasa bendu. 
> 
> mz
> 
> 
> richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote: 
> Dina enyana JALAN atawa CARA ki NONG BENER...ngajak BENER nya teu
salah saba eta cara KI NONG....tapi mun enya NGAJAK uah ukur mapatahan
tapi BUKTIkeun! pan di dunya mah dina enyana alam batin tetep bae aya
di alam nyata...
> 
> AMBU 
> 
>  
> 
> 
> ________________________________
>  Get your new Email address! 
> Grab the Email name you've always wanted before someone else does! 
> 
> ________________________________
>  New Email addresses available on Yahoo!  
> Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and
@rocketmail.
> Hurry before someone else does!
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke