Jadi Urang Sunda
Ulah
daek jadi urang sunda,
hirup ngan ukur
bisa ngaula,
nyarita ku basa
sorangan ge era,
nunjukeun dirina
sunda ge teu wasa.
Ulah daek jadi
urang sunda,
bangsa nu
leungit cirina,
bangsa nu teu
nyaho seratan hana caraka,
bangsa nu teu ngahargaan
karuhuna.
Kuring era jadi
sunda,
kuring
dihareupeun batur era ngomong sunda,
kuring era ngaku
asal ti sunda,
aranjeun jeung
kuring oge sarua.
Kuring era jadi
urang sunda,
bangsa sieunan
tapi resep pasea,
resep ngabelaan
nu bohong batan nu nyata,
aranjeun jeung
kuring oge sarua.