Ku sim kuring dibulaoan
At 05:43 PM 9/10/2008, Nong Gerak wrote:
Jadi Urang Sunda (ya ingsun jenenging sunda)
Ulah daek jadi urang sunda, (teu bisa dipungkir, lain meunang
kahayang, anggur tarimakeun nikmat jadi Urang Sunda)
hirup ngan ukur bisa ngaula, (ongkoh cenah pidawuh Gusti jadi manusa
"kudu kumawula")
nyarita ku basa sorangan ge era, (Kisunda mah make basa Sunda, duka
saha nu boga rasa era)
nunjukeun dirina sunda ge teu wasa. (eta mah Urang Sunda patalukan)
Ulah daek jadi urang sunda, (Naha daek jadi Urang Leuweung?, dicipta
jadi jelema oge geus untung)
bangsa nu leungit cirina, (salah total, ngangles)
bangsa nu teu nyaho seratan hana caraka, (tah geningan disebut ciri
Sunda, na ti mana atuh hanacaraka teh? )
bangsa nu teu ngahargaan karuhuna. (ieu oge Urang Sunda patalukan,
linglung ngiblatna. Pan dicontoan ku Nabi Muhammad, ngaganti kiblat
ti nagri sejen ka nagri sorangan)
Kuring era jadi sunda, (sukur ari sadar mah)
kuring dihareupeun batur era ngomong sunda, (pan batur oge sarua
urang sunda, naha make era)
kuring era ngaku asal ti sunda, (nya ngaku we atuh asal ti Sudan, da
teu jauh-jauh teuing)
aranjeun jeung kuring oge sarua. ( ilen kardani mah teu kaasup)
Kuring era jadi urang sunda, (geura protes atuh kanu Ngadamelna,
nyuhunkeun jadian deui, nyuhunkeun dilahirkeun di London jadi anak raja)
bangsa sieunan tapi resep pasea, (sanggeus kapangaruhan ku paham ti
luar, urang Baduy mah alakur we)
resep ngabelaan nu bohong batan nu nyata, (ieu oge pangaruh ti nu sejen)
aranjeun jeung kuring oge sarua. (sakali deui, ilen kardani mah teu
kaasup, ulah disakompet daunkeun)