Kang Eddy nuhun pisan kana pedaranana. Pami teu direspon teh sanes teu pajeng, teu dipikaresep tapi sering topikna beurat janten kadang kedah dibaca sababaraha kali, diregepkeun. Tah kangge sim kuring mah nu tumali sareng konsep, filosofi kasundaan he...he....abdi mah lajeng dina pentium II...lelet.... Janten teraskeun Kang Eddy seratanana..... (khusus ngeunaan Pohaci sim kuring mah estuning zero base...nuhun pisan ku seratanana) salam tirta
----- Original Message ---- From: Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected]; [EMAIL PROTECTED] Sent: Tuesday, September 16, 2008 1:17:25 Subject: [kisunda] POHACI: (II) NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA POHACI SANG HYANG DEWEK Kang Yan, Kang Sutisna, Kang Ocha, Kang Tirta, Ambu oge Kang Oman miwah kawargian sadayana hatur nuhun kana ‘responna – abdi mah belikan he…he….he mun teu aya respon ngandung hartos teu dipikaresep…berarti tong diteraskeun….. bisi maksa…pan teu aya paksaan dina ageman …eh dina millis mah. Tambihan penjelasan puah tina tuah (melayu) numutkeun Kang Oman kaanggo pisan. Ku abdi enggal di lebetkeun kana pabetekan (didieu mah teu acan). Baktosna Eddy nugraha ========= POHACI: (II) NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA POHACI SANG HYANG DEWEK III Memeh ngadadarkeun hal nu empirik/aplikatif ngeunaan pohaci, Urang mimitian utamana ku dongeng nu jadi ‘framework’ ulikan ngeunaan Pohaci nu sok kapangih/katuliskeu n nu bisa kabaca ku umum dina pantun- sabab saperti nu geus kajanapria, dina nyimpen atikan tur nganepikeunana falasifah turun manurun, di sunda mah loba nu di’kemas’ make media pantun: Pohaci teh awewe nu aya di kahyangan (sok disebut oge bumi suci alam padang) nu ngabantu Sunan Ambu. Ngaran Pohaci diantarana nu kabukukeun SangHyang Sri, Wirumananggay, Rincik bumi, Karma Seda, jrrd. Pohaci –ngan pohaci mungkul- nu biasana sok dipiwarang ku Sunan Ambu turun ka Buana Panca tengah Lamun aya seuweu siwi boga maksud/kahayang (umumna mah ngan kacaritakeun lamun boga kahayang sabab boga kasusah/karererepet ). Kawas dina carita Mundinglaya nu (pernah) paeh sabab ngalawan guriang tujuh, nya bisa dihirupan deui (ditulung) ku disumpingan ku Pohaci Wirumananggay . Naha bet ku wirumananggay ? lain kunu sanes (Ambu Richa Wirumananggay haturan sun….). Kadieunakeun, dina basa sapopoe –sab di sunda cenah kapangaruhan ku hindu- pohaci sok oge jadi disebut dewi atawa bidadari. Misalna pohaci sanghyang Sri jadi Dewi Sri. Ditambahan ku dongeng lamun Pohaci –bidadari- turun ka dunya ngadon mandi di leuwi ngaliwatan katumbiri jeung lamun kabawa karembongna ku batur teu bisa balik deui ka kahyangan. Naha pohaci ayana di alam kahyangan, naha dialam kahyangan pohaci turunna kadunya kudu nunggu dititah?, jeung naha bet nitah pohaci, teu tiasa Sunan Ambu angkat nyalira? Naha pas ngalawan guriang tujuh bet paeh? Jeung naha dihirupan ku Pohaci? Jeung naha bet ditambahan ku caritaan sok ngadon mandi dileuwi dunya ngaliwatan katumbiri - lain lamun aya katumbiri mah wayah geus hujan meureun hawa leuwi jeung caina tiris - rada aneh resep mandi lain dina wayah panas/haneut? ? Urang bukakeun saeutik lalangsena: urang jujut ti wiwitan, urang pake keur wekasan, didunya urang wanohan, ameh kaaasaan manis imbitna ameh teu giyung ku amisna. ameh teu katerap tai hyang karatan teu boga danghyang teu mulya di parahyang(an) sab geus teu apal naon ari kahyangan. IV Mimiti jalma dina jero beuteung indung, jadina Sang Pohaci Impun larang (zygote) nga anak sudang (janin) ngagedean tur lengkep sapuratina kusabab lengkepna/ayana sari sari kadaharan/hakaneun (gizi) nu dituang ku Indung jeung hasil tina (kuat/henteu, sehat/henteuna) bekel Aci putih maja herang aci putih tunggang herang (sel sperma) tina sari aci-acining kadaharan nu dituang ku Bapa. Matak kongas kasebut lamun ngabasakeun ka budakna -jelema hurmateun nu diajak nyarita) sok bari ngahurmat kolotna, nyebutna urang teh pan ka indung/oge ka bapana make sesebutan TUANG IBU TUANG RAMA, hartina ngingetkeun kanu diajak nyarita yen jelema nu ayeuna mulya teh jadina sabab lantaran hese cape indung bapana. Ibu tuang (dahar) bapa tuang (dahar) acining dunya nu nampa narima nya budakna (ngajadi janin). Da lamun euweuh aci-acining hakaneun nu asup ka indung/bapa mah moal jadi mangrupa orok - budak katempuhan (mun goreng acina)/kabere untung (mun alus sarina) Sanggeus sampurna aci-acining kahakanan pakeun ngajadikeun janin cenah ku nu murbeng alam dipasihan sukma (ruh). Lamun dina Mushaf Utsmani loba aya ayat-ayat nu dicutat ku ulama nu ngadugikeun proses janin tina sudut pandang biologi nyatana: tina saripati taneuh, nutfah, ‘alaqah, mudhghat, izham tuluy disampurnakeun ku ruh Allah (diantarana- Al mu’minun 12-14). Disunda mah analisana make sudut pandang kahanan (dimensi): Kahanan mimiti dina jero kandungan saggeus dipasihan sukma (bulan ka 1) kasebutna Sang Sukma Mulya. Ku pangaruh aci-acining kadaharan nu asup kana ‘rahim’ ibu. Ieu kahanan kahiji teh robah jadi boga rasa (Sang Sukma rasa/bulan ka 2), Sang jati rasa, Sang sari rasa. Malah engkena jadi Sang terus rasa. Ku kituna memeh asup kana tahapan Sang terus rasa (bulan ka 5) jeung geus jadi sari-sari rasana si anak sudang (janin) (bulan ka 4), nukagedekeun ku pola pikir sunda bihari mah sok salametan nu eusina ngadu’a -mere program kana aci-aci nu geus beuki ngajadi- ku acara 4 bulanan keur si utun inji dina kahanan Sang jati rasa nu nambahan sari-sari rasana. Sederhana na mah, diantarana, ku nyieun bubur beureum bubur bodas - ameh salamet….aci-aci ning kadaharan…ditambahan ku du’a/itikad/program supaya ngajadi pareng pohacina sinelir. Ku salametan ngadu’a (program) teh, nu asalna ukur sari-sari acining dat jadi ditambahan ku sari-sari acining puji (do’a+ aci nu direkayasa jadi –diantarana-bubur beureum bubur bodas). Ngajadikeun ayana ‘interaksi’ antara aci-dijero-nu geus ngabaju jadi janin- jeung aci-aci diluar nu direka jadi puji diprogram pakeun kasalametan nu dijero. Tah ku kajadian didieu mimiti (dina bagian satuluyna) bakal kapanggih/ka- track ayana teknik neluh jeung nolakna. (he…he…he tong tebih-tebih tengetan we…teluh kejo) Ayeuna geus kabuktikeun ku dunya medis yen aya hubungan antara anak sudang jeung emosional indung katut kondisi lingkungana kayaning ngadenge musik jrrd. Ku kituna, salian ti pantangan-pantangan lain ka indung bapa salila reuneuh, mere do’a/program ka anak sudang ku cara salametan dina bulan ka 4 (jeung oge bulan ka 7) sawarna jeung mere pangaruh kawas ku musik ka anak sudang. Malah ieu mah make resonansi aci-acining kadaharan bari husus diprogram supaya kaginuluran bagja, diantarana, Pohaci nyataning aci-aci nu aya Tuah/dayana/ pwahna jadi di (bakal) anakna. Dina bulan ka genep, Sundana -bekel cahaya/nur- ti nu maha suci nurusamawati wal ardhi rek dicekapkeun matakna kongas ieu kahanan janin kasebut Sang Nurseda (sunda panungtungan pasihan rabbul alamin) nu engkena si anak sudang jadi Sang Aria Bumi. Supaya sampurnana kahanan Sang Aria Bumi/euweuh gangguan narima nurseda, deui-deui indung bapana ‘intervensi’ ku ngadu’a ka maha Suci mere program salametan ku acara tujuh bulanan. Jst………………….. (ka millis mah punten teu dikintunkeun ngeunaan dua kahanan panungtung, da saterasnamah mung cecepengan indung beurang (jeung nu hoyong apal cecepengan jadi indung beurang). V Utamana mah, 2 kahanan panungtung jadi trigger pakeun nga-uninstall diri balik ka asal lumenggang. Sabab lamun aya jelema gagah sakti make proses ‘rekayasa tina fitrahna’ ku ngopy jeung nga install rupa rupa tambahan program nu ngamodify wujud normalna –kayaning jadi weduk, pelet jrrd- terus dibacakeun ku indung beurang wincikan ‘track’ wiwitan nu jadi manehna –lamun bener-bener indung beurang- sok leungit pangawasana ‘anomali’na balik deui kana normal –. Ieu teknik ‘System restore’ masih dipake pakeun ngaleungitkeun sabangsaning ‘kawedukan, kajayaan jrrd’ lamun geus teu diperlukeun atawa arek mulih ka jati. Sabab mulih ka jati bisana lamun geus bisa mulangkeun ka asalna sakabeh aci-acining nu ngajadikeun wujud. Kabeh kawedukan jrrd ‘engineering wujud’ diasupkeun ka jelema make proses intervensi/rekayasa aci-acining nu jadi sarina (tingal bagian XXI). Sukuran/salametan 4 bulanan oge 7 bulanan diparigawe salaku upaya kontrol, ngarawat jeung ngomean ku ahlina sabab rea manggihan yen salila kakandungan the loba gangguan ka jabang bayi ngaliwatan pangaruh lingkungan, asupan gizi, stress kahariwang emosi indung, tingkah laku bapa (nu sok nyambung/aya pangaruh ka pamajikana nu ngandung nu jadina mangaruhan budak). Oge, sanajan sapopoena mah biasana indung bapana oge geus apal kana pantangan lamun keur kakandungan tapi pan jelema tea sok keuna ku poho, balangah jeung lalawora. Bisana urang sunda nganyahokeun dimensi kahanan anak sudang/janin sabab disunda mah loba cai. Ku kajatnikaan luluhur sunda, ulikan sunda ku mrogram maneh bari teuleum di cai ngarupakeun ‘modelling’ dina upaya pendekatan ‘shahih’/teruji kana kaayaan janin dina jero kandungan (tingali we sarua kabeh kalingkupan cai). Loba bukti empirikna, da sanyatana memang ulikan ieu teh geus masagi, tinggal daek nanya ka ahlina. Matak bisa jadi lamun lingkungan alam sunda beuki rusak ku diantarana jadi hese cai, hiji isarat yen kalolobaan urang sunda teu wanoh kana ulikan luluhurna. Da lamun wanoh mah meureun bakal heman ka cai jeung lingkungan nu jadi sabab cai cur cor. Lamun euweuh cai leungit metoda/teknik pakeun nganyahokeun bibit buit bekel lumenggang. New Email addresses available on Yahoo! Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. Hurry before someone else does! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
