Outline, resumena heula atuh kang Oca
(he...he.... ngolo yeuh......)
 
baktos
tirta

 


----- Original Message ----
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
To: kisunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, September 18, 2008 0:20:19
Subject: Re: [kisunda] POHACI: (II) NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA 
POHACI SANG HYANG DEWEK


ambu...anu keukeuh, oge para dulur sakabeh...
sanes tujuh wujud budaya,
tapi tujuh unsur budaya, 
ari wujud budaya mah aya tilu...
kumaha tah pakaitna sareng peradaban?
uin nuju nyusun keneh serialna...
hampura, can tiasa langsung dipedar
dipedar keur 'asah'eun urg sadaya...
bilih ngan sapotong2...
jadi gantung dengeun...
tunggu tanggal mainnya...
muga pareng sagancangna.
he33x!
...oca tea...




--- On Wed, 9/17/08, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL 
PROTECTED] com> wrote:

From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] POHACI: (II) NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA 
POHACI SANG HYANG DEWEK
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Wednesday, September 17, 2008, 6:40 PM


tah teras aplikasina sareng tujuh wujud kwbusdayaan kumaha nya?
punten ah...dipedar langkung tuntang...BAH COLERE?
abdi mitembeyan diajar kanu langkung uninga.

Tabe pun
AMBU




----- Original Message ----
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Wednesday, September 17, 2008 9:15:12 PM
Subject: Re: [kisunda] POHACI: (II) NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA 
POHACI SANG HYANG DEWEK


baraya sadaya...da ieu mah silih bejaan tea....
ka anu tos terang , ngabejaan bulu ...tuur, ngaranna...
ieu uin nyutat ti tulisan Baduy Surya saputra, kg Emha tangtos uninga,
nyuhunkeun koreksina bilih lepat nyalin...
ti basa indonesia, di sundakeun ku uin.
lamun ceuk Ambu , pwah, poh, pu, bu= indung,
ieu judulna TAPA DI INDUNG SIMBARANG KANDUNG...
aci-na cai, cai bibit buit kahirupan manusa...
carita kajadian,wiwit manusa dijero kandungan indung...
akibat sapatemon, mun nyutat ti PHH Hasan Mustopa mah
eta sukma nyusup pas di mangsa pi'jadi'eun,
panggihna hiji sel telur jeung hiji sperma tina jutaan sperma,
beda jeung pamanggih, yen roh asup di bulan ka 0pat,
barang si Aing narima tugas ti Ambu Langit(Ambu Sudakara),
siga2 nu nolak, ragu2 keur rek turun ka Buana Pancatengah
Ku naheun siga nolak? Jawabanana"
"Seunena panas, beusina seukeut, usikmalik wawangenan!"
Ceuk Ambu Langit" Seug turun  ka Buana Pancatengah,
Panas bisa ditiisan, seukeut bisa dimintulkeun,
semua-muah(sakabehn a?) bisa dijadikeun di bumi.
Ket: ieu kecap semuah-muah,asli basa Baduy, oge kecap Ayah...
Teu kudu sieun, geus disiapkeun sagalana bebekelan di Sangyang Gerit.
Omat tong dibeakkeun, sesakeun keur pibalikkeun jaga!
Pancen keur Si Aing teu bisa ditolak. 
Si Aing aya dina pangkuan Ambu Tengah, Ambu Nyi Randakasih.
Sanggeus diwejang asih, si aing turun ka Ambu Bumi, Dayang Wirati ,
narima birahi. Tina hasil asihna indung , Indung Simbarang Kandung, 
jeung Bapa simbarang Jadikeun!
Laju Si Aing nyirekem, di beuteung Indung Simbarang Kandung.
Dina jero beuteung, Si Aing tapa, ngalengkepan raga.
supaya bisa ngigelan hawa bumi, salila salapan bulan.
Cara tapa Si Aing, dicaritakeun ku Jaro Sawitri, disaksian ku 
ahli sastra(palintangan) , aki Darseuni, kieu tapa na:
Sabulan, NGAHERANG,
Duabulan, NGALENGGANG,
Tilubulan, NGARUPA,
Opatbulan, NGAREKA,
Limabulan, MALIKMUTER,
Genepbulan, TUMPANG PITU
Tujuhbulan, NUNJUK KA SANGIANG MANGGUNG,
Dalapan bulan, LILIMBUNGAN DI TANAH PAYUNG,
Salapan bulan....... ....
MATUR KA AMBU, REK NGUMBARA KA BUANA PANCATENGAH!
taaaaah...ari borojolna orok teh disebut 'wewedalan'
conto: borojol kemis, disebut "wewedalana Kemis'
pas wedal, di'gebrag' ku Paraji ku ucap kieu:
Ulah sadenge-dengena, munlain denge-eunana.
Ulah sadeuleu-deuleuna, mun lain deleu-eunana.
Ulah sa0mong-omongna, mun lain omongeunana.
Ulah sacabak-cabakna, munlain cabakkeunana.
Ulah samanah-manahna, mun lain manaheunana!
............ ......... ......... ......... ......... .......... ......... 
......... ........
eta Sangiang Dewek teh, Si Aing tea...
Nuuuun Gusti Nu Agung Pamunjung... ...
Hampuuuuuura isun.....
anu pinuh lan lamokot keneh ku LIMA nu LAIN ...
ceuk saaaaaha, Sunda teh euweuh???
ceuk saaaaaha, Sunda teh aya???
Aya di-euweuhna, euweuh di-ayana?
eta caritawiwit-asali,ka- wali/bali ngajadi, 
waduy/baduy- wiwit keeeeeneh... .
ari carita mulih ka jati, mulang ka asal?
Cag! 
tunda di hanjuang hyang...
teundeun di haneuleum hieum...
paragi nyokot jeung niggalkeun!
Rampes nun.
...oca tea...
nu teu wasa.










--- On Wed, 9/17/08, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] POHACI: (II) NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA 
POHACI SANG HYANG DEWEK
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Wednesday, September 17, 2008, 5:30 AM


Hayu atuh Abah Eminx urang ngadepong babrengan jeung sim uing,
urang ngaregepkeun Abah Tirta sareng Abah Ocha, medar kanjut kundang.

salam,
mh

On Wed, Sep 17, 2008 at 8:15 PM, Eminx Sujalma <[EMAIL PROTECTED] com>
wrote:
>
> kumargi Kang Tirta tos kalebet kana katagori Abah,
> diantos oge pedaran ngeunaan Nyi Pohaci ti Abah Tirta,
> kitu tah
> simkuring mah nembe tiasa merhatoskeun sareng
 rada nyureng
> margi
 eta
 pedaran kalintang saena...
> pemograman terstruktur tea ...
>
> Ambu Wirumananggay. ..oge
>
> mangga diantos..... Nyi Pohacina.... tambih euyeub...
>
>
>
> baktos,
>
>
>
>
> EMINX SUJALMA
>
>
> blog:
> eminxsgallery. multiply. com
> 081586366991 - +620321510165
> Address :
> Jl A Yani 07 Pohkecik Dlanggu Mojokerto 61371
> East Java Indonesia
>
>
>
>
>
>
> --- On Tue, 9/16/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: Re: [kisunda] POHACI: (II) NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA,
POHACINA
> POHACI SANG HYANG DEWEK
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Tuesday, September 16, 2008, 9:21 PM
>
> Kang Eddy nuhun pisan kana pedaranana. Pami teu direspon
 teh
 sanes
 teu
> pajeng, teu dipikaresep tapi sering topikna beurat janten kadang kedah
> dibaca sababaraha kali, diregepkeun. Tah kangge sim kuring mah nu tumali
> sareng konsep, filosofi kasundaan he...he..... . abdi mah lajeng dina pentium
> II...lelet.. ..
>
>
>
> Janten teraskeun Kang Eddy seratanana.. ...
>
> (khusus ngeunaan Pohaci sim kuring mah estuning zero base...nuhun pisan ku
> seratanana)
>
>
>
> salam
>
> tirta
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com; [EMAIL PROTECTED] ups.com
> Sent: Tuesday, September 16, 2008 1:17:25
> Subject: [kisunda] POHACI: (II) NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA
> POHACI SANG HYANG DEWEK
>
>
> Kang Yan, Kang Sutisna, Kang Ocha, Kang Tirta, Ambu oge Kang
 Oman

 miwah
> kawargian sadayana hatur nuhun kana 'responna – abdi mah belikan
he…he….he
> mun teu aya respon ngandung hartos teu dipikaresep…berarti tong
> diteraskeun…. . bisi maksa…pan teu aya paksaan dina ageman …eh dina
millis
> mah.
>
> Tambihan penjelasan puah tina tuah (melayu) numutkeun Kang Oman kaanggo
> pisan. Ku abdi enggal di lebetkeun kana pabetekan (didieu mah teu acan).
>
> Baktosna
> Eddy nugraha
>
> =========
>
> POHACI: (II)
>
> NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA POHACI SANG HYANG DEWEK
>
> III
>
> Memeh ngadadarkeun hal nu empirik/aplikatif ngeunaan pohaci, Urang
mimitian
> utamana ku dongeng nu jadi 'framework' ulikan ngeunaan Pohaci nu
sok
> kapangih/katuliskeu n nu bisa kabaca ku umum dina pantun- sabab saperti nu
> geus kajanapria, dina nyimpen atikan
 tur

 nganepikeunana falasifah turun
> manurun, di sunda mah loba nu di'kemas' make media pantun:
>
> Pohaci teh awewe nu aya di kahyangan (sok disebut oge bumi suci alam
padang)
> nu ngabantu Sunan Ambu.. Ngaran Pohaci diantarana nu kabukukeun SangHyang
> Sri, Wirumananggay, Rincik bumi, Karma Seda, jrrd. Pohaci –ngan pohaci
> mungkul- nu biasana sok dipiwarang ku Sunan Ambu turun ka Buana Panca
tengah
> Lamun aya seuweu siwi boga maksud/kahayang (umumna mah ngan kacaritakeun
> lamun boga kahayang sabab boga kasusah/karererepet ).
>
> Kawas dina carita Mundinglaya nu (pernah) paeh sabab ngalawan guriang
tujuh,
> nya bisa dihirupan deui (ditulung) ku disumpingan ku Pohaci Wirumananggay
.
>
> Naha bet ku wirumananggay ? lain kunu sanes
>
> (Ambu Richa Wirumananggay haturan sun…..).
>
> Kadieunakeun, dina basa sapopoe –sab di sunda
 cenah

 kapangaruhan ku
hindu-
> pohaci sok oge jadi disebut dewi atawa bidadari. Misalna pohaci sanghyang
> Sri jadi Dewi Sri. Ditambahan ku dongeng lamun Pohaci –bidadari- turun
ka
> dunya ngadon mandi di leuwi ngaliwatan katumbiri jeung lamun kabawa
> karembongna ku batur teu bisa balik deui ka kahyangan.
>
> Naha pohaci ayana di alam kahyangan, naha dialam kahyangan pohaci turunna
> kadunya kudu nunggu dititah?, jeung naha bet nitah pohaci, teu tiasa Sunan
> Ambu angkat nyalira? Naha pas ngalawan guriang tujuh bet paeh? Jeung naha
> dihirupan ku Pohaci? Jeung naha bet ditambahan ku caritaan sok ngadon
mandi
> dileuwi dunya ngaliwatan katumbiri - lain lamun aya katumbiri mah wayah
geus
> hujan meureun hawa leuwi jeung caina tiris - rada aneh resep mandi lain
dina
> wayah panas/haneut? ?
>
> Urang bukakeun saeutik lalangsena: urang jujut ti
 wiwitan, urang
 pake
 keur
> wekasan, didunya urang wanohan, ameh kaaasaan manis imbitna ameh teu
giyung
> ku amisna. ameh teu katerap tai hyang karatan teu boga danghyang teu mulya
> di parahyang(an) sab geus teu apal naon ari kahyangan.
>
> IV
>
> Mimiti jalma dina jero beuteung indung, jadina Sang Pohaci Impun larang
> (zygote) nga anak sudang (janin) ngagedean tur lengkep sapuratina kusabab
> lengkepna/ayana sari sari kadaharan/hakaneun (gizi) nu dituang ku Indung
> jeung hasil tina (kuat/henteu, sehat/henteuna) bekel Aci putih maja herang
> aci putih tunggang herang (sel sperma) tina sari aci-acining kadaharan nu
> dituang ku Bapa.
>
> Matak kongas kasebut lamun ngabasakeun ka budakna -jelema hurmateun nu
> diajak nyarita) sok bari ngahurmat kolotna, nyebutna urang teh pan ka
> indung/oge ka bapana make sesebutan TUANG IBU TUANG RAMA,
 hartina
> ngingetkeun
 kanu
 diajak nyarita yen jelema nu ayeuna mulya teh jadina
sabab
> lantaran hese cape indung bapana. Ibu tuang (dahar) bapa tuang (dahar)
> acining dunya nu nampa narima nya budakna (ngajadi janin). Da lamun euweuh
> aci-acining hakaneun nu asup ka indung/bapa mah moal jadi mangrupa orok -
> budak katempuhan (mun goreng acina)/kabere untung (mun alus sarina)
>
> Sanggeus sampurna aci-acining kahakanan pakeun ngajadikeun janin cenah ku
nu
> murbeng alam dipasihan sukma (ruh).
>
> Lamun dina Mushaf Utsmani loba aya ayat-ayat nu dicutat ku ulama nu
> ngadugikeun proses janin tina sudut pandang biologi nyatana: tina saripati
> taneuh, nutfah, 'alaqah, mudhghat, izham tuluy disampurnakeun ku ruh
Allah
> (diantarana- Al mu'minun 12-14).
>
> Disunda mah analisana make sudut pandang kahanan (dimensi):
>
> Kahanan mimiti
 dina jero kandungan saggeus
 dipasihan sukma
 (bulan ka 1)
> kasebutna Sang Sukma Mulya. Ku pangaruh aci-acining kadaharan nu asup kana
> 'rahim' ibu. Ieu kahanan kahiji teh robah jadi boga rasa (Sang
Sukma
> rasa/bulan ka 2), Sang jati rasa, Sang sari rasa. Malah engkena jadi Sang
> terus rasa.
>
> Ku kituna memeh asup kana tahapan Sang terus rasa (bulan ka 5) jeung geus
> jadi sari-sari rasana si anak sudang (janin) (bulan ka 4), nukagedekeun ku
> pola pikir sunda bihari mah sok salametan nu eusina ngadu'a -mere
program
> kana aci-aci nu geus beuki ngajadi- ku acara 4 bulanan keur si utun inji
> dina kahanan Sang jati rasa nu nambahan sari-sari rasana. Sederhana na
mah,
> diantarana, ku nyieun bubur beureum bubur bodas - ameh salamet….aci- aci
ning
> kadaharan…ditambahan ku du'a/itikad/ program supaya ngajadi pareng
pohacina
>
 sinelir.
>
> Ku salametan ngadu'a (program)
 teh, nu asalna ukur
 sari-sari acining
dat
> jadi ditambahan ku sari-sari acining puji (do'a+ aci nu direkayasa
jadi
> –diantarana-bubur beureum bubur bodas). Ngajadikeun ayana
'interaksi' antara
> aci-dijero-nu geus ngabaju jadi janin- jeung aci-aci diluar nu direka jadi
> puji diprogram pakeun kasalametan nu dijero. Tah ku kajadian didieu mimiti
> (dina bagian satuluyna) bakal kapanggih/ka- track ayana teknik neluh jeung
> nolakna. (he…he…he tong tebih-tebih tengetan we…teluh kejo)
>
> Ayeuna geus kabuktikeun ku dunya medis yen aya hubungan antara anak sudang
> jeung emosional indung katut kondisi lingkungana kayaning ngadenge musik
> jrrd. Ku kituna, salian ti pantangan-pantangan lain ka indung bapa salila
> reuneuh, mere do'a/program ka anak sudang ku cara salametan dina bulan
ka 4
> (jeung oge
 bulan ka 7) sawarna jeung mere pangaruh kawas ku musik ka
 anak
> sudang. Malah
 ieu mah make resonansi aci-acining kadaharan bari husus
> diprogram supaya kaginuluran bagja, diantarana, Pohaci nyataning aci-aci
nu
> aya Tuah/dayana/ pwahna jadi di (bakal) anakna.
>
> Dina bulan ka genep, Sundana -bekel cahaya/nur- ti nu maha suci
nurusamawati
> wal ardhi rek dicekapkeun matakna kongas ieu kahanan janin kasebut Sang
> Nurseda (sunda panungtungan pasihan rabbul alamin) nu engkena si anak
sudang
> jadi Sang Aria Bumi. Supaya sampurnana kahanan Sang Aria Bumi/euweuh
> gangguan narima nurseda, deui-deui indung bapana 'intervensi' ku
ngadu'a ka
> maha Suci mere program salametan ku acara tujuh bulanan.
>
> Jst…………………..
>
> (ka millis mah punten teu dikintunkeun ngeunaan dua kahanan panungtung, da
> saterasnamah mung cecepengan indung
 beurang (jeung nu hoyong apal
cecepengan
> jadi indung
 beurang).
>
>
 V
>
> Utamana mah, 2 kahanan panungtung jadi trigger pakeun nga-uninstall diri
> balik ka asal lumenggang. Sabab lamun aya jelema gagah sakti make proses
> 'rekayasa tina fitrahna' ku ngopy jeung nga install rupa rupa
tambahan
> program nu ngamodify wujud normalna –kayaning jadi weduk, pelet jrrd-
terus
> dibacakeun ku indung beurang wincikan 'track' wiwitan nu jadi
manehna –lamun
> bener-bener indung beurang- sok leungit pangawasana 'anomali'na
balik deui
> kana normal –.
>
> Ieu teknik 'System restore' masih dipake pakeun ngaleungitkeun
sabangsaning
> 'kawedukan, kajayaan jrrd' lamun geus teu diperlukeun atawa arek
mulih ka
> jati. Sabab mulih ka jati bisana lamun geus bisa mulangkeun ka asalna
> sakabeh aci-acining nu ngajadikeun wujud. Kabeh kawedukan
 jrrd
'engineering
> wujud' diasupkeun ka jelema make
 proses
 intervensi/rekayasa
aci-acining nu
> jadi sarina (tingal bagian XXI).
>
> Sukuran/salametan 4 bulanan oge 7 bulanan diparigawe salaku upaya kontrol,
> ngarawat jeung ngomean ku ahlina sabab rea manggihan yen salila
kakandungan
> the loba gangguan ka jabang bayi ngaliwatan pangaruh lingkungan, asupan
> gizi, stress kahariwang emosi indung, tingkah laku bapa (nu sok
nyambung/aya
> pangaruh ka pamajikana nu ngandung nu jadina mangaruhan budak). Oge,
sanajan
> sapopoena mah biasana indung bapana oge geus apal kana pantangan lamun
keur
> kakandungan tapi pan jelema tea sok keuna ku poho, balangah jeung
lalawora.
>
> Bisana urang sunda nganyahokeun dimensi kahanan anak sudang/janin sabab
> disunda mah loba cai. Ku kajatnikaan luluhur sunda, ulikan sunda ku
mrogram
> maneh bari teuleum
 di cai ngarupakeun 'modelling' dina upaya
pendekatan
>

 'shahih'/teruji kana kaayaan janin dina jero kandungan (tingali we
sarua
> kabeh kalingkupan cai). Loba bukti empirikna, da sanyatana memang ulikan
ieu
> teh geus masagi, tinggal daek nanya ka ahlina.
>
> Matak bisa jadi lamun lingkungan alam sunda beuki rusak ku diantarana jadi
> hese cai, hiji isarat yen kalolobaan urang sunda teu wanoh kana ulikan
> luluhurna. Da lamun wanoh mah meureun bakal heman ka cai jeung lingkungan
nu
> jadi sabab cai cur cor. Lamun euweuh cai leungit metoda/teknik pakeun
> nganyahokeun bibit buit bekel lumenggang.
>
>
> ____________ _________ _________ __
> Get your new Email address!
> Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
>
> 

------------ --------- --------- ------

Yahoo! Groups Links

 http://groups. yahoo.com/
 group/kisunda/



 

 
 


      New Email addresses available on Yahoo!
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke