Kang Oca, naha ngangge ngampih
atuh kuring teu aya batur kangge meredih
hate kuring janten sedih
hoyong maos artikel ngan sapalih
sanaos kuring tara nampi gajih
tiap sasih kalahka merean gajih
leuheung mun gajihna canggih
estuning di kampung kana fulus tebih

ih, kang Oca naha ngampih
estuning sikuring ge teu pamrih
sanaos otak kuring teu patos canggih
kuring surti kana naon anu diperedih
dinten salasa atanapi rebo moal seueur deui dalih
da rejekina rek kapanggih
kapanggih ku jalan beresih
tina ati anu asih
asih ti hasil karya itikurih

jalma biasa nu teu linuwih




On Sun, Sep 21, 2008 at 11:20 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    ha33x!...hi33x1...heu33x!...he33x!
> budak baonk hayang muisi...
> ciga heureuy tapi eusi...
> engke ogen bakal kasungsi...
> teu kudu ditoong kubatur, tapi. ..ku-diri...
> bisi salah, leuheung kaharti...
> yen mun kumawula, iwal ka gusti...
> a-gus teh, a-ing miboga gus-ti...
> teu pacorok, mana mupusti, mana migusti...
> geus jangji pasini..
> isuk jaganing geto, pangih ngabukti..
> uin mah ngampih be..disisi...
> cag!
> ...oca tea...
>
>
>
>
>
>
>
> --- On *Sat, 9/20/08, agus <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: agus <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [kisunda] serat ka-1 nucinta; bubuka keur panutup
> To: [email protected]
> Date: Saturday, September 20, 2008, 9:16 AM
>
> hiji gerentes nu karasa,
>
> nong gerak teu jauh,cenah aya
> deukeut ningali gerak kuring harita
> teu ngaruh, da kuring diajar mbung ria
>
> hiji nu nyata,
> didinya butuh kula
> ciga samin neangan kula
> puseurkeun kabeh ka nuranina
>
>
> keur eunteung didinya maca hawa
> di jero salira,...
>
>
>
> nb:
> kumaha kang oca, kang oman???
> puisi kuring tos ciga nong gerak teu???
> leuwih hade kuring nya???
> (bari jeung teu ngarti maksudna kuring
>
> nyarita naon nya??? ngarang bebas...)
> enya kituh kang,...penilaian alus nu abdi pan???
> ... ke dipasihan duren
> sareng peda bancakan,..
> (pasti kang oca -kang oman nyengirrr
> maca puisi kula,hihihii)
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>     http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
>     (Yahoo! ID required)
>
>     mailto:[EMAIL PROTECTED]
>
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke