mantap!!!
--- On Sat, 9/20/08, SASTRANEGARA THARYANA <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: SASTRANEGARA THARYANA <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae nya..!!)
To: [email protected]
Date: Saturday, September 20, 2008, 8:54 PM
Kang Tirta oge baraya....nu dipihormat
Musashi jago Samurai di abad 15 sa jaman jeung Ki Bunisora jago silat nu mawa
sumanget raja diajar GELUT / perjuangan/ strugle is way of life.
Sumangat Musashi diaplikasikeun keur kamajuan bangsa Jepang dina cara ngawangun
bangsa jadi nagara sajajar jeung USA, German Raya, Inggris nu di sebut nagara
industri.
Nu dimaksud nagara industri infrasturktur hiji produks eta bangsa sarua 100%
jeung 3 bangsa nu ngawasa industri canggih, kitu oge Russia.
Heug siah iraha US tiasa ngudag eta 5 nagara, sa enyana bisa terapkeun ilmu
urang Kanekes, ilmu Ki Bunisora haru urang BERSILAT.
Karate Jepang bisa asup Olympic diajar heula ka Cimande di jaman PD II
pendekars sunda ngasahan jeung ngasihan serdadu Jepang nu lolobana urang Korea.
Korea taek kwondona tos abus Olympic maranehna diajar ka Jepang kerja keras 3 x
lipat tanaga kerja Jepang dina kecepatan /gesitna gawe / batur arek urang
anggeus. Lamun nagara dipimpin kunu alon2 asal kelakon 100 % moal ka udag eta
tujuan jadi nagara industri.
Jepang maju barudak ngora seuna di ajar ka luar nagri tapi kudu balik deui ka
asalna, kabeh ilmu teknlogy dirawuan ku barudak ngora di sababaraha nagara
eropa ka asup asia, ilmu2na dirempugkeun di Jepang jadi bangsa nu mandiri
nyaingan bangsa anu dedeg gede urang inggris jeung USA. Ayeuna Korea nuturkeun.
Hiji deui nagara Jepang loba cobaan taneuhna pinuh ku gempa jeung T sunami
unggal taun, tapi ngabuktikeun tantangan alam nyaimbangankeun sumanget Jepang
nu dicontokeun ku Musashi.
Hayang nyaho cara militer USA lamun perang jeung sainganana ilmuna nyokot
konsep ti ulin sunda/maenpo/penca nu tos umum "BATUR AREK URANG ANGGEUS".
Jadi lain maen teunggeul jeung tajong wae hartina, etika peperangan USA emang
EDAN, kakarak oge lawan nyiapkeun bedil , militer USA mah ngeus ngabedilan
musuhna.
Kuwait contona di bantu ku USA keur nyerang Irak eta hiji conto ancur lebur eta
kota nu pinuh ku sajarah kamakmuran kota Babylon. Tapi tong salah sa acan
nyerang Irak mantuan Kuwait kabeh duit kuawait jeung batangan emas di keduk
heula /batur arek urang anggeus. Keun wae da minyakna ngocor terus da arab2na
pamalesan ceuk urang USA
Dina taktik digawe pangalaman kuring jeung bangsa USA tetep kudu siap jiga
konsep batur arek urang anggeus lompatna ka ulin sunda . Conto/fakta real di
tempat gawe dina sagala widang.
Sakitu heula hubungan penca jeung kahirupan di dunya, mangga wae upami
profesina dzikir terusmah
da alloh mah ngaping sorga imbalanana.
Baktos
Kang Yana
, September 20, 2008 10:27:53 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae nya..!!)
Ambu, Kang Yana, Kang Oca, KO, MH wargi, baraya daramang?
Saleresna Jepang oge teu sampurna pisan, pernah grogi ku "globalisasi" nepi ka
nutup diri heula ti bangsa luar (jaman Tokugawa?). Tatakrama, etika Jepang
dikuatkeun internal. Nu disarakolakeun ka mancanagara elmuna ditarjamahkeun
kana basa Jepang, terus....ditalungti k dicocogkeun jeung tradisina, di
adaptasikeun ka kabogaanana.
Asup jaman modern (pasca PD 2??) Jepang oge grogi deui wae, generasi ngorana
mangmang ku penjajah bageur (USA) loba tradisi nu dilarang. Terus kaluar we
novel Musashi....luar biasa nu ngarahkeun bangsa Jepang kana jalan pedang,
pangasah jiwa (soul polisher). Samurai dicaram, kaluar kendo nu diajarkeun ti
barudak SD nepi ka aki-aki!
Key points:
1. Guar niley (values) sunda, olah jeung elmu kiwari, teang values sunda
moncorong kahareup
2. Balikeun deui tradisi penca silat ka urang sunda
baktos
Jalak Pakwan
~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Saturday, September 20, 2008 19:08:35
Subject: Re: [kisunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae nya..!!)
ABAH nu dipihormat "guru wong atuwo karo..." (tong diaos "karo..oh " bilh
bendu)
ieu tah nu complicated teh tur na menarik dan tumetep "IN" untuk studi sosial
budaya. Duka teh teuing...ieung. .. iraha SUNDA bakal nanjeurkeun "jatina" duka
iraha kahontalna.. .
Mung abdi mah emut bae.....babandingan ana sareng JEPANG nya, oge CINA
1) nanjeurkeun aksara sareng bahasa nasional
janten daek-teu daek nu nganjang ka maranehna teh kdah diajar aksara sareng
bahasa manehna...
2) mengangkat TRADISI dan ADAT ISTIADAT KARUHUN secara nasional menjadi
kepribadian budaya bangsa, boh tina segi sosial, politik, ekonomi jrrd
mesikpun di alam modern yang serba teknologi canggih
- kimono menjadi pakaian nasional anu maneh bahkan MENONJOL shg banyak
internasional yang tertarik memakainya - makanan tradisional diangkat dan
dikemas apik (dango)
- alam terpelihara dengan baik (konon hutan JEPANG masih 70% lestari
dipulasara)
- BAMBU diangkat dan dikemas ke dalam berbagai kebutuhan kebudayaan (termasuk
senikriya yang sangat menonjol)
- makanan, cara makanan dan kebiasaan sehari-hari (termasuk upacara minum teh)
juga diangkat oleh seluruh masyarakat JEPANG secara SADAR sehingga "go
international)
Tong hilap > rehna JEPANG oge ngusahakeun SAIMBANG rmasyarakat di alam modern
dengan idea international bahkan secara ekonomi dan teknologi termasuk yang
paling menonjol di dunia (dugi ka disebut imperialisme industri ku nagara2
Eropa/dunia barat)
Di satu pihak JEPANG menonjolkan kepribdiannya dikala yang sama juga mampu
meraup dunia...
semua yang dimiliki JEPANG sebenarnya juga ada di INDONESIA bahkan lebih kaya
dan sangat bervariatif. ...
inilah ironisme kontradiktif yang sangat complicated
bagaimana solusinya... . skurang-kurang JPANG isa menjadi CERMIN DIRI kita....
bahwa kita pun SEHARUSNYA mampu berbuat demikian.... sebab
JPANG juga negara KLASIK dengan segala KESADARANnya YANG TINGGI....
AMBU
----- Original Message ----
From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com; kisunda <[EMAIL PROTECTED] .com>; baraya_sunda@
yahoogroups. com
Sent: Sunday, September 21, 2008 12:42:16 AM
Subject: [kisunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae nya..!!)
ngiring ngawadul sakedik. sim uing kungsi ngadongeng jeung tukang
sosiologi nu sok noongan urang dayak. urang dayak oge karesepna
ngahuma. numutkeun manehna
cenah mah milih tempat pihumaeun teh upama ditengetan tetela periodik
- dina mangsa
nu tangtu bakal balik deui ka tempat asal nu kungsi dijadikeun huma.
ngan cilakana sok
katempuhan, majar cenah ngaruksak leuweung. padahal nu ngaruksak leuweung mah
nu ngabukbak leuweung ngala kaina, make mesin modern.
ayeuna perkara huma, aya kahemeng kuring: upama masyarakat urang ahli
ngahuma, kuanon nya teu dikembangkeun teknologina jiga teknologi
nyawah. atawa kuring nu teu
apal kitu, yen aya teknologi huma nu geus ditaratas ku para jawara
fakultas pertanian unpad
atawa ipebe. cing ka baraya di rengrengan pertanian, rada ngadongeng
ah, sugan aya
pengembangan teknologi huma. sabab uing ngotektak beja teknologi huma
di internet,
weleh teu manggih, aya oge
manggih di nagri tatangga.
upama noong ka urang kulon, apan kadaharan uatamana teh kumeli jeung
gandum, hasil huma tea. geuning kebon kumeli kentang ngekngek oge
gandum bisa dikembangkeun sakitu rohakana. buktina jaringan warung
hayam goreng kfc atawa mcd nu make kumeli lain kejo nyaliara
kamana-mana. cing ari melak pare huma bisa teu dimekanisasi jiga melak
kumeli jeung gandum.apan kiwari mah,cai keur irigasi bisa disedot jadi
hujan buatan keur nyebor kebon.
salam,
mh
On Sat, Sep 20, 2008 at 10:14 PM, MSasmita <[EMAIL PROTECTED] net> wrote:
>
> Sigana geus sapuk yen kosmologi urang sunda leuwih nyoko kana ngahuma,
> alatanan nu mindeng dipake kaayaan kontur alam tanah Sunda nu loba gunung,
> atuh alatan sejen pedah kapanggih di masarakat Kanekes ti bihari tug nepi
ka
> kiwari masih keneh ngahuma. Ngahuma lain bae ngan sakadar ngahuma tapi deuih
> sok disebut masarakat nu pipindahan (semi sedenter). Lamun enya pipindahan
> naha pipindahan anu kumaha, nomaden dina harti pindah sakarepna siga kaum
> Gipsi di Eropah, atawa ngan semi sedenter siga masarakat Kanekes ayeuna?.
> Keur kuring mah asa cop kana semi sedenter, sacara periodik bakal balik deui
> ka awal ( ceuk hiji buku masarakat Kanekes mimitina mah salapan taun kakara
> balik deui ngaropea tanah nu awal, kadieunakeun jadi lima taunan pedah
> populasi beuki loba hartina lahan beuki saeutik).
> Lamun pipindahan teh nomaden, meureun imah teh lain banda pakaya nu utama,
> ngan sakadar tempat reureuh. Sabalikna lamun semi sedenter imah tetep jadi
> banda pakaya da teu ditinggalkeun, di culjeunkeun, ngan meureun teu pati
> diurus. Sok sanajan masarakat Kanekes mangsa kiwari imah teh geus jadi
banda
> pakaya nu dienya enya.
> Tapi sok sanajan kitu urang Sunda geus dicap kosmologis ngahuma. Meureun
> awal-awalna pisan mah enya nomaden, pipindahan sakahayang, can tangtu balik
> deui ka tempat asal. Urang enyakeun we siga kitu. Lamun enya siga kitu
> kira-kira anu dibabawa tur tara leupas teh diantarana parabot, bisa bae
> mangrupa amparan (samak), wawadahan jeung pakarang. Dina jaman mana atuh eta
> kajadian teh..?. Nya meureun nganteng we ti mimiti jaman pindahna bangsa
> bangsa ti daratan Asia ka Indonesia tug nepi ka jaman Pajajaran atawa nepi
> ka Mataram ngaaneksasi Tatar Sunda (mangga ieu mah bagian ahli sajarah).
> Kira-kira amparan, wawadahan jeung pakarang naon nu dipake..?
> Lamun ningali dina buku History of Java Raffles aya berendelan gambar rupa
> parabot keur tatanen, euweuh gambar bedog, nu aya teh lolobana mangrupa arit
> malah aya nu siga kujang (kudi
tea meureun). Tapi, dibagian pakarang aya
> gambar rada lengkep, dina gambar ieu aya gambar bedog (golok), disebutkeun
> eta teh pakarang raja atawa sahenteuna keur pakarang para perjurit raja
> (urang rada bedakeun antara parabot (alat keur gawe) jeung pakarang (alat
> keur bela diri), tujuanana mah ambih gampil ngabedakeun antara alat keur
> gawe jeung keur bela diri).
> Ana kitu naon atuh alat keur digawe di huma..?. Diantarana nu mindeng
> katingali mangsa kuring keur budak keneh nyaeta aseuk, tapi pan eta mah
> sanggeus taneuh dirarata, melak binih teh langsung diasupkeun kana liang
> meunang ngaseuk. Lamun diwawaas milih tempat keur ngahuma teh tangtu
> taneuhna dianggap lendo, henteu dina taneuh nu gurawes, deukeut ka susukan
> atawa wahangan, relatif rata tur lega. Meureun ngabukbak heula, reuma
> diberesihan tangkal nu ngahalangan dituar sahenteuna dahan bae di
tutuh
> sangkan ulah ngahieuman, alatna nu dipake tangtu nu rada gede, weweg tur
> ampeg nya pastina leuwih ideal kana wangun bedog. Ari reuma atawa jujukutan
> mah lain dibabad tapi dirabut ambih akarna kabetot tur tujuanana bari
> sakalian malikeun taneuh. Taneuh teu dipacul da pacul mah alat keur nyawah
> dina taneuh nu hipu kacaian, dina lahan keur huma cukup ku sosogrok siga
> aseuk.
> Meureun, lamun tea mah bisa aya kacindekan yen bedog teh salah sahiji
> parabot keur ngahuma, atawa sebut we keur masarakat nu lain nyawah, hal ieu
> bisa ditingali ayana wangun nu meh sarimbag jeung bedog di daerah nu lain
> nyawah, saperti di Sumatra, Kalimantan jeung tempat sejen, aya nu nyebut
> klewang, parang, penai, mandau.
> Aya nu bade nambihan atanapi ngoreksi..mangga diantos pisan pedaranana.
> Aeh enya di daerah Cimahi caket Batujajar aya nu disebat daerah Tipar,
> geuning
tipar teh hartosna sami sareng huma.
>
> MSasmita.
>
>
>
>
>
New Email addresses available on Yahoo!
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
Hurry before someone else does!