Alhamdulillah. Editan kang Tirta sareng baraya saensna tos rengse dilebetkeun 
kana wikipedia basa Sunda (http://su.wikipedia.org/wiki/Yasin). Mugia amal 
ibadah urang sadaya dina ngeusian wikipedia ku artikel surah Yasin ditampi / 
dipirido ku Mantenna sareng mugia mangpaat kanggo sakumna urang Sunda.

Salam baktos,
Asep
 



----- Original Message ----
From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Sunday, September 21, 2008 9:33:52 PM
Subject: Namatkeun Surah Yaa Siin Re: [kisunda] TQBS - Yaa Siin


Namatkeun hancaan ti ayat 71-83
Nyanggakeun, 
 
salam ka sadayana,
Jalak Pakwan
 
 
Tafsir Surah Yaa Siin ayat 71 – 83 (tammat)
 
71. أَوَلَمۡ يَرَوۡاْ أَنَّا خَلَقۡنَا لَهُم مِّمَّا عَمِلَتۡ أَيۡدِينَآ 
أَنۡعَـٰمً۬ا فَهُمۡ لَهَا مَـٰلِكُونَ Jeung naha maranéhna henteu niténan yén 
Kami saenyana geus ngayugakeun ku kakawasaan Kami pikeun maranéhna (kabeh 
manusa) sato ingon-ingon anu tuluy ku maranéhna dipibanda? 
72. وَذَلَّلۡنَـٰهَا لَهُمۡ فَمِنۡہَا رَكُوبُہُمۡ وَمِنۡہَا يَأۡكُلُونَ Jeung 
Kami geus ngalilindeuk éta ingon-ingon pikeun maranéhna. Nya atuh sawaréh 
pikeun tutumpakanana (kendaraan), jeung anu sawaréh deui pikeun kadaharanana.
  
73. وَلَهُمۡ فِيہَا مَنَـٰفِعُ وَمَشَارِبُ‌ۖ أَفَلَا يَشۡكُرُونَ Jeung tina éta 
ingon-ingon téh maranéhna meunang rupa-rupa mangpaat jeung sumber inumeun. Tapi 
naha kunaon maranéhna bet henteu syukur? (ka Gusti Alloh nu masihan eta nikmat)
  
74. وَٱتَّخَذُواْ مِن دُونِ ٱللَّهِ ءَالِهَةً۬ لَّعَلَّهُمۡ يُنصَرُونَ Jeung 
maranéhna ngajadikeun sembahan-sembahan (berhala)  salian ti Gusti Alloh ngarah 
maranéhna narima pitulung.
  
75. لَا يَسۡتَطِيعُونَ نَصۡرَهُمۡ وَهُمۡ لَهُمۡ جُندٌ۬ مُّحۡضَرُونَ 
Berhala-berhala eta téh teu daya nulungan maranéhna (nu kalafir), padahal eta 
berhala-berhala teh dijadikeun balatentara keur ngajaga maranéhna (jaga di 
naraka).
  
76. فَلَا يَحۡزُنكَ قَوۡلُهُمۡ‌ۘ إِنَّا نَعۡلَمُ مَا يُسِرُّونَ وَمَا 
يُعۡلِنُونَ Ku kituna poma ulah pisan anjeun (Muhammad) nalangsa ku omongan 
maranéhna (nu kalafir). Saéstuna Kami nyaho kana saniskara anu ku maranéhna 
dirusiahkeun jeung kana saniskara anu ku maranéhna dikedalkeun (ditembrakkeun).
  
77. أَوَلَمۡ يَرَ ٱلۡإِنسَـٰنُ أَنَّا خَلَقۡنَـٰهُ مِن نُّطۡفَةٍ۬ فَإِذَا هُوَ 
خَصِيمٌ۬ مُّبِينٌ۬ Jeung naha manusa téh henteu merhatikeun yén Kami 
ngayugakeun maranehna téh tina nutfah (cimani). Tapi ujug-ujug maranéhna jadi 
panangtang anu tétéla (ngabalieurkeun poean dibangkitkeun tina kubur).
  
78. وَضَرَبَ لَنَا مَثَلاً۬ وَنَسِىَ خَلۡقَهُ ۥ‌ۖ قَالَ مَن يُحۡىِ ٱلۡعِظَـٰمَ 
وَهِىَ رَمِيمٌ۬ Jeung manéhna ngamisilkeun Kami (saperti manusa), sarta manéhna 
lat waé poho kana asal kajadianana, sarta pokna: "Saha anu bisa ngahirupkeun 
tulang-taléng anu geus ancur?"
  
79. قُلۡ يُحۡيِيہَا ٱلَّذِىٓ أَنشَأَهَآ أَوَّلَ مَرَّةٍ۬‌ۖ وَهُوَ بِكُلِّ 
خَلۡقٍ عَلِيمٌ Pek caritakeun: "Nu baris ngahirupkeun eta tulang nya Gusti 
Alloh nu ngayugakeunana ti mimitina. Jeung Anjeunna uninga nu ngeunaan sagala 
ciptaan mahlukna.
  
80. لَكُم مِّنَ ٱلشَّجَرِ ٱلۡأَخۡضَرِ نَارً۬ا فَإِذَآ أَنتُم مِّنۡهُ تُوقِدُونَ 
Nyaéta Gusti Alloh anu ngajadikeun pikeun arandika (sakabeh manusa) seuneu tina 
kai nu héjo, nya ti dinya arandika bisa mirun seuneu."
  
81. أَوَلَيۡسَ ٱلَّذِى خَلَقَ ٱلسَّمَـٰوَٲتِ وَٱلۡأَرۡضَ بِقَـٰدِرٍ عَلَىٰٓ أَن 
يَخۡلُقَ مِثۡلَهُم‌ۚ بَلَىٰ وَهُوَ ٱلۡخَلَّـٰقُ ٱلۡعَلِيمُ Jeung apan Anjeunna 
anu ngayugakeun langit katut bumi téh kawasa nyiptakeun deui jasad-jasad nu 
geus ancur? Pasti, karana Anjeunna Nu Maha Kawasa. Jeung Anjeuna Maha 
Ngayugakeun sarta Maha Uninga. 
82. إِنَّمَآ أَمۡرُهُ ۥۤ إِذَآ أَرَادَ شَيۡـًٔا أَن يَقُولَ لَهُ ۥ كُن 
فَيَكُونُ Saenyana taya lian pidawuh-Na upama Anjeunna ngersakeun hiji perkara 
(nyiptakeun naon bae) maka Anjeunna mah ngan ukur ngadawuh: "Jadi!" jleg wéh 
jadi.
  
83. فَسُبۡحَـٰنَ ٱلَّذِى بِيَدِهِۦ مَلَكُوتُ كُلِّ شَىۡءٍ۬ وَإِلَيۡهِ 
تُرۡجَعُونَ Saenyana Maha Suci Gusti Alloh, dina panangan Anjeunna kakawasaan 
kana sagala-galana; jeung ngan ka Anjeunna maranéh bakal dipulangkeun.
  


 
________________________________
Get your preferred Email name! 
Now you can @ymail.com and @rocketmail. com.  


      

Kirim email ke