enya hese, panuju tah, tapi eta cenah tos kasapukkan kudu kitu, bisi batur teu 
bisa ngabedakeun...matakna urg sapuk sorangan we....ngalagena...ok?
he33x!
....oca tea..

--- On Tue, 9/23/08, deudeuh hartono <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: deudeuh hartono <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] unek-unek
To: [email protected]
Date: Tuesday, September 23, 2008, 12:50 AM

nitenan sababara artikel sunda, rek dina internet, koran  atawa buku 
nu rata-rata nu nulisna sarjana lulusan paguron luhur, ceuk kuring 
bet asa aya nu ngagganjel nyaeta, ihwal nulis hurup vokal "e taling",

diantarana aya nu make curek tiluhur jeung nu henteu make. Tapi ari 
ceuk pamanggih kuringmah teu kudu make curek, kahese-hese komo mun 
nulisna na komputer mah. Sakanyaho kuring waktu baheula keur kelas 4 
SD mun teu salah, harita e taling teh masih keneh make curek tapi 
saterusna ku guru dibejaan yen ayeuna mun nulis e taling teh teu kudu 
deui make curek, geus dirobah cenah. Kaharti oge ku kuring sanajan 
teu make curek ari bener urang sunda mah geus bisa ngabedakeun cara 
macana, contona tulisan kuring ieu, pasti kahartieun ku nu macana. 
Lain nanaon nulis kieu teh karunya ku anak kuring nu keur sakola di 
SD sok nanyakeun wae da ceuk guruna keukeuh kudu make curek, mun 
henteu sok disalahkeun.


------------------------------------

Yahoo! Groups Links






      

Kirim email ke