kumaha upami sateuacana ningali saung butut ningali buku butut heula ?
On Mon, Sep 29, 2008 at 12:53 PM, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Paparin Heula Abdi Ningali Saung Butut. > > > > - Geuning datang keneh baluang dina hate, > > sakitu geus mulak-malik kabisa oge, > > dada ngarakacak nungguan waktu anu teu tangtu, > > kurang kumaha kuring satia nuturkeun waktu. > > > > Aya naon keneh nu kirang ti lengkah abdi gusti, > > nu mana nu teu kasampeur ku abdi gusti, > > asa tos dijeungkalan sadaya nu abdi terang, > > asa tos dikorehan sadaya nu ku gusti dipasihan terang. > > > > Upami leres aya keneh nu kalangkung, > > enggal geuing abdi Gusti Nu Agung, > > abdi alim engkena kaduhung, > > kalah ka saumur-umur ngudag tungtung layung. > > > > Abdi yaktos ieu teh aya, > > namung abdi rumaos teu daya, > > ku nafsu sering kaperdaya, > > dugi ka kieuna abdi teu walakaya. > > > > Ukur pituduh gusti ku abdi dipilari, > > supados abdi enggal wanoh kana diri, > > hawatos kanu tos percanten ka abdi, > > sadaya oge estuning ngalengkah ngabela ajaran kang jeng nabi. > > > > Wios bade iraha oge abdi dipundut, > > namung paparin heula abdi ningali saung butut, > > paparin heula abdi waktos ka gusti tumut. > > > > > -- ES
