Kantun ngantosan aya geura nu nuar monas, emas nu dijual sabagean keur 
fasilitas umum.... 

 



----- Original Message ----
From: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, October 13, 2008 1:02:11
Subject: [kisunda] BATU KUYA Dipaok Euy..versi wartawan Kompas


Jumaah kamari, aya kasempetan ngobrol jeung urang Pemda Bogor, Kang Agus Aris 
Munandar, Wartawan Kompas jeung wartawan Balebat.

Ceuk cenah mah eta batu Kuya teh ku masyarakat dingaranan oge Batu Kuda, sabab 
upama ditenget-tenget teh jiga waruga kuda. Kadang-kadang upama aya kajadian 
atawa musibah di tingkat nasional, di walungan tempat cicing batu kuya/kuda, 
sok aya sora-sora ngahiem, siga sora kuda.

Ceuk pagawe Pemda Bogor, beurat batu kuya teh aya kana 73 ton. Tah ku pausahaan 
anu ngajual batu kuya teh dihargaan Rp 7000/kg. aya oge batu anu warugana siga 
meja (datar, rata) hargana teh Rp15.000/meter. Eta pausahaan teh geus aya kana 
15 taunna ngahususkeun ngajualan batu/ benda-benda purbakala, tatangkalan kolot 
anu diawetkeun.
Ceuk cenah mah, hasil tina batu kuya teh rencanana mah sabagean pikeun 
ngabeayaan fasilitas umum  rahayat di wewengkon eta, kayaning lapangan maen 
bal, volly jeung rea-rea deui.


baktos,

mrachmatrawyani
 
 


      New Email addresses available on Yahoo!
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke