Nuhun kg Oca, hanjakal basa kamari HBH teu tiasa tepang nya ? da kaleresan acara silaturahmi keluarga teh mani padat pisan, eta oge dulur-dulur nu aya di Jabar teh ditepangannana ngan sakedap-sakedap, nuhun ah salam kenal kembali dari urang Sunda nu aya di Malang.
Wassalam, Kg Aam http://aamyc3gza.wordpress.com Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: aeh enya leres kg aam, (nepangkeun...) uin ge sok ngalagukeun eta baheula.... (sami hilap deui...) asa ka suat yeuh hate... uin kantos ngobrol baheula, srg sepuh2... ngan guaran dina kalimat eta wungkul... eta sajenis uga/ramalan keur US... kieu unina...: yen bakal ka alaman, mangsa bebeakan... boh ku bencana alam, boh ku panyakit, boh ku perang sadulur/nasional/internasional... prang-pring teh...ludes abis... sabulu-bulu gading teh ...lenang... (dimana aya gading buluan?)... nga-gading ka sunda perang teh... yen sunda ogen bakal ka barerang( keuna dampak) ieu uga, nyaritakeun parobahan jaman, ku alpukah nu 'tilu' kasebut, masa transisi ahir jaman... keur datangna ka jaman anyar... eta 'eusi'na nyanyian teh kl kitu kang... salengkepna mah saukur panganteur wungkul (mangga kanu emut, uin gen hoyong terang)... malih dina Wangsit Siliwangi(WS) mah... situasina langkung dramatis, dina kalimah... kari gagak ngelak dina tunggul... manuk gagak/gaok , biasana perlambang pralaya/kematian. iraha datangna mangsa eta? dijentrekeun dina WS mah, kieu cicirenna... 1. mangsa parebut jojodog dibale agung. 2. mangsa nu boga gadean, nagih hutang, laju nu ditagih, nyarumput... sieun katempuhan bakal leungitna nagara... (anu sarakah jadi beuki sarakah... anu teu sarakah, jadi sarakah... anu bener disalahkeun... anu salah dibenerkeun..) ...laju manehna seja menta tumbal...jst. (loba piiisan ciciren2 dina wangsit teh) asa ayeuna eukeur lin? rek teu pipilueun, kumaha? da anu teu ngiluan ogen kabarerang. tah, alusna(kahayang)...dina mangsa eta milu ka budak angon jeung budak janggotan, anu keur nyacar di tegal siawat-awat (suasana awut-awutan, dicacar...) laju inditka lebak cawene, eudeuk ngababakan . (tatahar mapag pajajaran anyar!!!) dina nuansa MPA tea, Merah Putih Abadi!!! iheung... cag! he33x! ...oca tea... --- On Sun, 10/12/08, Aam Darussalam <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Aam Darussalam <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] NAHA AYA KENEH DIKIEUNA KITU ? To: [email protected] Date: Sunday, October 12, 2008, 6:16 PM Kapungkur jaman keur budak keneh, kuring sok diajak ulin ku ema teh peupeusingan mun teu kitu diajak ulin "sur...ser", bari nyanghunjar duaan....tiluan....opatan, jst...bari dinyanyian mun teu lepat mah nyanyina kieu "prangpring.....prangpring...sabulubulu gading.....gadingna.....kasunda....perang...(hilap deui kadituna mah). Tah anu jadi patarosan teh ayeuna geus kolot, naha bet ka sunda perang ? naha urang sunda teh resep perang ? atanapi kumaha tah ? sareng kumaha kawih anu lengkepna teh ??? naha kaulinan sapertos anu disebatkeun diluhur tadi aya keneh dikieuna kitu dulur-dulur, cik urang paluruh naon bae anu tos teu aya dikieuna teh ? mangga ah sebatan hiji-hiji Oh muhun ka ayi MH, nuhun ah tos ditepangan di Malang bari menikmati bubur hayam kayungyun, hehehehehe...... Kang Aam di Malang http://www.javabalitours.com http://aamyc3gza.wordpress.com ------------------------------------ Yahoo! Groups Links http://www.javabalitours.com [EMAIL PROTECTED]
