Asana mah Abah Surya (Abah Hidayat Suryalaga), nu sok ngulik perkara
jiga kieu teh.
Jigana baraya nu tiasa ngahubungkeun ka Abah Surya teh, salah sahijina
Kang Oman.

Cobian Pak Kuswara ngadongeng ka Kang Oman geura.
Emailna: [EMAIL PROTECTED]

salam,
mh

On Sat, Nov 1, 2008 at 6:42 PM, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Waalaikum salam Wa Rahmatullahi Wa Barakatuh,
>
> Pa Kuswara,
> Pangapunten pisan wirehna serat salira nembe kabuka ayeuna. Sim kuring
> memang kaetang langka muka email -- paling ge sasasih sakali. Oge, dua tilu
> sasih ieu, kaleresan abdi pleng les pisan.
>
> Kalih ti kitu, sim kuring oge sanes pakeunna dina naon nu ditaroskeun ku
> salira. Ku sim kuring ieu serat di-cckeun oge ka milis urangsunda sareng
> kisunda. Manawi bae aya wargi-wargi di eta milis nu iasa ngawaler eta
> patarosan.
>
> Pangapunten sareng pangbaktos sim kuring,
>
> Pun
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>
> --- On Thu, 9/25/08, Kuswara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> From: Kuswara <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: nami wangunan
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Date: Thursday, September 25, 2008, 9:54 AM
>
> As. Wr. Wb.
>
> Sampurasun  rempes..
>
> Salam Kenal Pa. Maman, abdi kuswara yuswa 54 Th. katarik ku artikel/waleran
> ti pa Maman perkawis jalan Kopo, anu ngabahas / ngusulkeun nami-nami jalan
> protokol ku nami inohong urang sunda.
>
> Kukituna abdi bade nyuhunkeun tulung ka ahli bahasa sunda salah sawiosna Pa
> maman, nyaeta masihan nami wangunan serba guna di instansi abdi ku bahasa
> sunda. eta wangunan fungsina kanggo penunjang proses pembelajaran mahasiswa
> sapertos aya perpustakaan, aya lab. bahasa, aya warnet, Multi media, sareng
> sajabina anu berbau informasi. kinten-kintenna upami nami wangunan eta ku
> nami sunda anu caket kanu fungsina naonnya ?
>
> Hatur nuhun
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke