Ngiring mairan aah..
Kunaon pangna munding sok diangge nami ku luluhur urang, lian ageung jasana 
keur bangsa nusantara, mungkin oge ngandung hartos sareng palsapah, upamina bae:
1) munding ngagaduhan watek nu tenang/lungguh, akur jeung sasama tara aya 
pacengkadan, jeung silih asuh-asih (asahna mah duka tah), tapi nyimpen tanaga 
nu luar biasa, tapi mun geus edan matak pikasieuneun, jigana loyog jeung umumna 
watek urang sunda nu umumna adem, sabar, teu resep pagetreng tapi mun 
ditincak-tincak teuing mah sok ngamuk teu sieun ku naon bae oge.


--- Pada Sel, 4/11/08, Maman <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

Dari: Maman <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: [kisunda] Munding <> Sapi
Kepada: [email protected]
Tanggal: Selasa, 4 November, 2008, 3:26 PM










Aeh aya oge nya bahasan perkawis munding.

Janten anu ngabedakeun urang jeung munding teh naona ?
Naha aya paribasa "tuturut munding"  lain "tuturut tutut ? "



--- On Sat, 11/1/08, ilen kardani <[EMAIL PROTECTED] oilfield. Slb.Com> wrote:

From: ilen kardani <[EMAIL PROTECTED] oilfield. Slb.Com>
Subject: Re: Bls: [kisunda] Panyelang oge ngarah rame - Sapi
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Saturday, November 1, 2008, 3:21 PM




Nyaan Ambu mah moal kasamaran nya........leres pisan di urang mah munding anu 
gede jasana kana kahirupan mah, ti mimiti ngagaruk sawah, ngagiling pare, narik 
padati, jrrd. Matak munding mah dipake ngaran ku sawareh karuhun urang, siga 
Munding Kawati, Mundinglaya di Kusumah, teu aya sugan Embekawati atawa Sapilaya.

Kecap sejen keur nyebut munding nyaeta peryoga (prayoga), sok disabit-sabit 
geningan tina "tata titi duduga peryoga", anu hartina kokoh/sembada/



At 11:36 AM 11/1/2008, richadiana kartakusuma wrote:


Gamparan
JASA SATWA dina masing2 budaya benten
nu dianggap ageung JASA di NUSANTARA mah
MUNDING, sanes EMBE BADOT atanapi SAPI

mung leres etah EMBE teh ngabalukarkeun NAPSU
ku ageung2 matakna tea, urang BATAWI anu kasebat pang-BEUKIna EMBE dipadu ku 
KADU (DUREN) teh seu-eur anu ujug2 GULA DARAH NAEK, oge DARAH TINGGI
teu antaparah deui.... HOS BEH.... mecleng ka PAGETO

Tabe pun 
AMBU
  

 














      
___________________________________________________________________________
Nama baru untuk Anda! 
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke