hag siah, dicarekan ku nonggerak,... eusi carekanana, bener pisan,....
matakna, inohong sunda nu keur jeneng tur beunghar, cik atuh nyumbang ka kagiatan sunda nu di handap. nu di handap, tong manja,... kudu aya duitna heula, kakarek gerak.... ihtiar heula ku ka mandirian, karek bisa dipercaya kunu di luhur. simkuring nuju mulai nga ihtiaran PIS /pusat informasi sunda. nuju di lakonan, tos aya kisunda nu ngarojong,... ayeuna moal pepenta heula ka kisunda /inohong nu beunghar,... dek ngabuktikeun kamonesanana heula. tah, mun geus kabuktian prospekna alus,... di ajukeun ka inohong. mun inohong na kalahkah nyengir, malah nyarekan bari teu mere dukungan waragad,... bae ah, dek menta langsung ka GUsti, sugan tiba2 Gusti mere ilapat ka obama, nitah nyumbang ka kuring. jadi weh,... kisunda di bantuan ku obama,... ahirna, obama jadi di lantik sebagai kisunda.... dibere iket sunda ku kang oca, iket sunda nu ciga di pake keun ka yudi crisnandi. tapi bukan sebagai simbol ngadukung jadi capres, da obama mah moal daekeun dijadikeun capres indonesia, da geus meunang jadi presiden amerika. matakna, sunda,.... tong nyepengan hiji mazhab, bari teu ngarti kana dadasar,.... sunda mah artina 'caang',.... jadi bisa nyaangan nu keur pararoek. endonesia poek, amerika poek,... bisa jadi caang ku sunda. eta ge,... mun kisundana caang,... mun saruana poek oge,.. walah,... capeee deh. apa yg bisa dilakukan sekarang yg praktis??? DUKUNG WIKIPEDIA NU MATERI KASUNDAAN. dukung ambu, kang kumi, kang yana jsb,jsb,..... tah, abdi oge kahareupna pasti sinergi sareng wikipedia, sabab eta garapan materina tiasa saling melengkapi. sakitu nun,... dina hal ieu, nonggerak bener,... ngingetan ka nu balaleunghar. tapi sakali deui, perjuanagn kasundaan tong terlalu tergantung waragad, tong manja ah,... kreatip donk. mun waragad aya nu ngadukung ,wah... yakin lah, sunda bakal maju deui. rampes. =roch= --- In [email protected], Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > Na Ari Urang Sunda Kamarana ? > > > > Jang > sakabeh urang sunda nu geus ngajeujeuh, > > inohong-inohong > nu geus ngajeujeuh, > > gegeden-gegeden > nu geus ngajeujeuh, > > nepi iraha > aranjeun kanu leutik kaleungitan kadeudeuh? > > > > Sakumaha > luhurna kahirupan anjeun, > > sakumaha > pikaserabeuna kawasa anjeun, > > sakumaha > lubak-libukna pakaya anjeun, > > sing inget > getih nanahaon nu lalar liwat di jero awak anjeun. > > > > Tuh tempo > turunan Tionghoa, > > hirup pauntuy > silih mitulung jeung sasama maranehna, > > nepi jadi hiji > kakuatan nu euweuh bandinganana? > > > > Lain kudu > sirik jeung dengki ka maranehna, > > anggur > tuturkeun karaketan kukulawargaana, > > nu laleutik > dijait nepi ka gedena, > > nu gede > dihormat jeung dijaga kunu dijaitna. > > > > Na ari urang > sunda kamarana? > > Bangsa nu hayang > ngeunah sosoranganan, > > boro-boro > mikiran dulur nu keur kalaparan, > > mun meunang kangeunah buru-buru > nyumput jadi lain sunda ngarah teu dipentaan? > > > > Teu saeutik > urang sunda nu geus nepi ka pucuk, > > tapi kalah > robah saenggeus nepi di pucuk, > > nyengceling > poho timana mimiti ari geus di pucuk, > > luhur teuing nempo > ka handap sabab nempona ti pucuk. > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
