wah, kg Bunisora nyieun carpon anu kitu sabaraha jam tah?
mun uin ngarang anu kieu....bisa leuwih ti sabulan tah....
heeeebat lah, uin reueus aya keneh sastrawan Sunda anu ngageuing Bubat!
enya leres,kedah di buka bolekerkeun..supaya puguh saha anu di dorhosna .
he33x!
....oca tea...

--- On Thu, 11/13/08, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] Carpon ASMARANDANA
To: [email protected]
Date: Thursday, November 13, 2008, 10:30 PM







 
 

Carita Pondok Sarabunis 
Mubarok
 
ASMARANDANA
 
Eling-eling mangka 
eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya 
pangawasa
Mun kasasar nya lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu 
katempuhan
 
Sugan teh umur nu ngoetan poe, 
sugan teh jodo nu ngagusur cinta ka wanoja simpe. Lebah babancik patingkelemeng 
mosaik, sarimbagan wanoja nu ngureban hate kuring saban indung peuting 
ngaliarkeun popoek nu nalimbengan impian. Impian nu burakrakan kasengker lalaki 
wetan. Impian nu maksa kuring kudu mukakeun lawang jaman, nginggeungkeun Tegal 
Bubat, ngahuru beja nu teu karuhan, sina ngabebela, ngahuru kulon jeung wetan 
Jawa jeroeun dada.
 
“Kade, beusi nu teuas wae oge uduh 
ku panas!” ceuk tihang ruyung mere papatah, basa aya nu ngajangelek dina hate, 
lian ti wanoja simpe jeung lalaki wetan, areng nu meh ruhay dilentaban ku 
kalimah-kalimah nu dibistel ti Tegal Bubat, ngaliwatan sabilna hate, mamaksa 
ngagunasika pangacian, pama Bubat dianggap mitos, kuring nu kudu muka 
rusiahna.
 
Dina wates haliwuna kalimah-kalimah 
aheng nu awor jeung inggeungna kayakinan, kuring ngarurub hate ku 
mangpirang-pirang wirid jeung dunga. Tina lebah erang-erang patingselesep hawa 
tiis, hawa nu diheboskeun ti leuweung-leuweung katineung keur meruhkeun kuciwa 
nu awor jeung tamaha nu teu eureun-eureun ngagunasika.
 
"Anjeun geus mamayu deui?" cek 
lawang panto kadenge ngeleg, basa kuring  ngegelan hate sorangan, sedeng 
katuhueun rasa kanyaah geus ngamalir cipanon wanoja simpe nu malih warna jadi 
getih, rembes ka jeroeun sajak kuring nu ngabetrik pasini nu hamo bisa 
kacumponan.
 
“Naha dioyos? Timburu mah lain 
jarong!” cek kaca jandela ngeleketek urat hate, basa kuring ngaririkes 
surat-surat nu mangtaun-taun katukang kungsi mepende, surat nu beuki dieu beuki 
elat datang, tug nepi ka ilang, kalindih ku SMS (Surat Mani Singkat), nu cenah 
leuwih praktis pikeun ngarumat hate kuring nu nunggelis.
 
Lembur nyunyusul singkur, sedeng ti 
jomantara patingsuliwer gelombang radio, tv, telepon seluler jeung internet ti 
rewuan server, kabeh ngirim kasono ka lawang panto, mangsa kuring keur 
nyekes-nyekeskeun hate nu koslet alatan miruha angen-angen nu kerep silih 
sigeung na kongkolak panon.
 
Ngan edas, kuring bet ngarempod 
deui, saban eling yen jodo mah kagungan Gusti. Kekecapan aheng burakrakan 
marengan keclak cimata wanoja simpe. Teu karasa, kuring geus ngahiap-hiap 
kalakay nu tingkalayang dina hate, sina jadi humus, jadi pupuk, jadi enerji nu 
neuaskeun kai, ngahejokeun daun, nungguan usum hujan ngarah kembangan, najan 
geus mangrewu poe teu baruahan. 
 
“Cinta nu teu pupulasan, moal laas 
ku sagala wates.” ceuk ubin ngahatean, mangsa kuring ngawincik mangrewu 
katineung dina file-file komputer, foto-foto burem nu didownload tina HP, 
surat-surat lima-genep taun kaliwat nu discan diapik-apik, ratusan e-mail jeung 
rekaman chating, kabeh ngarempug wawanen nu teu euren-eureun pagilinggisik 
jeung 
karempan.
 
Mangrewu poe, kuring jeung wanoja 
simpe melak pasini sina tumuwuh jadi rupa-rupa katineung. Ngan ti saprak 
sabulan 
katukang, nu tuwuh teh sulaya jeung kanyataan. Nasib mah hamo salah, ngan 
kuring 
nu teu sadia saku rangkepan. Kiwari, waja kudu tepung jeung waja, anak 
pangagung 
ti Sunda tepung jeung anak pangagung ti Jawa. Mangrewu kuciwa ngaburak-barik 
hate kuring, mangrewu kuciwa ngabedah katineung, malidkeun hiji totonden, nu 
maksa kuring kudu nyangkarukeun nyawa na rahim cinta.
 
Aya sora tingharewos ti Tegal Bubat 
ditompokeun kana hate, yen sajatina Citraresmi geus ngahyangkeun cintana ka 
alam 
weneng, nyurup kana cinta nu pinuh ku pasini, nyata cintana wanoja simpe. 
Sedeng 
kuring teu eureun-eureun meureutan hate, malurkeun baluweng na tihang ruyung, 
bari ngijir-ngijir mangsa dibuat, sanggeus pabinihan cinta dipelakan ese mata, 
nu kiwari jadi tamaha, tamahana getih cinta.
 
“Naha anjeun siga nu teu boga rasa 
kaduhung ku tamaha sorangan?” cek hordeng nu ngeuleuweuh katebak angin. Sedeng 
kuring terus nguriling neangan sinyal keur meruhkeun rasa kuciwa, ngarah teu 
saheng minuhan hate.
 
Ngan seuneu na dada nu disundutan 
kuciwa kalah leuwih ruhay kageberan ku angin-angin pasini nu dijumeritkeun tina 
hate wanoja simpe.  Wanoja nu ngan bisa simpe, basa sabulan katukang gurat 
nasib congo jodo geus dikotret ti luluhurna, dipaksa kudu ngadahup ka lalaki 
wetan, anak papada pangagung, dipaksa narima katangtuan kulawarga alatan silih 
kiceupan kakawasaan.
 
***
 
Eling-eling mangka 
eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya 
pangawasa
Mun kasasar nya lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu 
katempuhan
 
“Sajatina kawani nyatana eling kana 
kasieun.” ceuk lalangit ngirim tatit, basa kuring mandeg-mayong antara ngoyod 
wirid keur meruhkeun seuneu nu ngabebela jeroeun dada, jeung nyusul tepus ku 
jurus pamungkas tina rusiah peurah lalaki.
 
Aya tepus karingrang nu nangtawing 
dina gawir-gawir pasini. Alatan mitos nu nojosan pangacian teu mere lolongkrang 
keur mengkolkeun seuneu jeroeun dada. Kiwari, poyanan di mana nasib nu boga 
kawasa nyonyoo gado, rek ngabelesatkeun cinta tina busurna, kuring kudu milih 
salah sahiji, tameng atawa jamparing. Ngabendung atawa nyerang. Sedeng kuciwa 
nu 
salin jinis jadi rewuan pelor teu kapalang ngabetrikan hihideung 
panon.
 
“Wanoja simpe, lain upeti kawas 
Putri Citraresmi. Najan jodo kagungan Gusti, anjeun lalaki nu kagetih-getihna 
geus kaasuh ku Galunggung, cadu mundur najan sasiku, hamo ngejat satunjang 
beas!” ceuk buruan imah ngendag-ngendagkeun wawanen, basa ti kuloneun lembur 
hawar-hawar tingsereset kana hate, sora sirineu nu ngawal abringan panganten 
lalaki wetan, yen geus cunduk waktu ninggang mangsa rek ngadahup ka wanoja 
simpe 
nu ngajaul tina pasini, alatan kaleled ku katangtuan nu mindahkeun tali jodo 
wanoja simpe kana putusan ti indung nu ngandung jeung bapa ngayugana. 

 
Gilig. Buleud. Geus cacap sagala 
niat, geus mustung sagala tekad. Jalan aspal mere tangara yen sababaraha menit 
deui abringan panganten lalaki wetan bakal ngaheabkeun kasaktenna ka buruan 
imah 
kuring. Kawat telepon jeung tihang listrik tingharewos ngaeuleuh-euleuh sora 
sirineu nu beuki lila beuki tarik. Geus gujrud salelembur, yen lalaki wetan 
anak 
pangagung terah Mataram rek ngagurilapkeun seseukeut kerisna ka wanoja simpe 
terah Sukapura. Gujrud nu silih susul jeung beja ngajaulna sagala pasini antara 
kuring jeung wanoja simpe sabulan kalarung. Gujrud nu geus muka rewuan tafsir 
ka 
urang lembur ngeunaan Perang Bubat, nu kiwari ngabentaran hate 
kuring.
 
“Ulah poho kana pakarang, pestol 
kaliber 24!” ceuk pager beusi ngaharewos. Kuring maju tujuh lengkah ti buruan, 
ngabedega na trotoar, panon geus cadu ngiceup, tatan-tatan mapag abringan 
panganten ti belah wetan. Sora sirineu beuki tarik, kira-kira dua pengkolan 
deui 
kana mecenghulna abringan lalaki wetan. Jajaran mahoni nu rajeg nareteup sekeut 
ka kuring. Gilig. Buleud. Geus cacap sagala niat, geus mustung sagala tekad.. 
Kuring lalaki nu kagetih-getihna geus kaasuh ku Galunggung, cadu mundur najan 
sasiku, hamo ngejat satunjang beas. 
 
“Eling-eling! Masing inget, jodo 
mah kagungan Gusti!” ceuk trotoar ngagerem, sora geremna keur kuring mah kalah 
jadi awahan, basa geter-geter awak kuring ngaheboskeun rewuan kuciwa nu salin 
jinis jadi kaceuceub, basa sapatu kuring ngagebligkeun kawani nu ngalimpudan 
embun-embunan.
 
Lol abringan ti belah wetan dua 
motor polisi patwal nyemprung kenca- katuhueun  jalan, ngawal sedan anyar 
buatan Jerman nu mawa lalaki wetan. Kuring ngageter. Leungeun ngeupeul gagang 
pestol nu disumputkeun jeroeun jeket. Panon neuteup seukeut ngonci target. Teu 
ieuh ringrang ku patwal nu ngumbar sirineu ka saban ceuli urang lembur nu rabul 
di sisi jalan. 
 
“Tembak gancang! Tembaaak!” ceuk 
jalan aspal ngomandoan. Kuring beuki ngageter, lengeun beuki pageuh na gagang 
pestol. Sedan buatan Jerman nu di kawal ku dua motor polisi jeung abringanana 
beuki deukeut, beuki deukeut. Gagang pestol karasa beuki panas. Usik! Pestol 
ngacung ka lebah target.
 
“Dor! Dor! Dor! Dor! Dor!Dor…! 
Cekiiiit..!” genep pelor patingbelesat ka lebah sedan buatan Jerman. Sedan 
ngerem ngadadak, disusul ku sora patinggedebrug opat mobil nu ngantai 
tukangeunana.
 
“Brak! Brug! Brakkk! Brakkk! 
Cekiiit!” sora mobil patabrak-tabrak awor jeung sora erem ti mobil nu rada 
tukang. Jalma-jalma nu rabul di sisi jalan buriak, tingkoceak awor jeung gerung 
mesin, awor jeung sora sirineu. Bareng jeung pabuisna urang lembur, bareng 
jeung 
dua pestol polisi patwal nu ngacung lempeng ka lebah kuring.
 
“Dor! Dor! Dor!” tilu pelor nyayang 
na awak. Dua na bitis katuhu jeung luhureun tuur kenca, hiji na handapeun dada. 
Kuring ngajengkang, tuluy rubuh ngulumbruk ka sisi trotoar. Pestol lesot tina 
cekelan. Pager beusi muringis mangnyerikeun tatu kuring. Kawat  listrik 
jeung kawat telepon ngajaraul tina tihangna ngabelesat salin jinis jadi hinis 
ngabesetan panonpoe. Sora nu awor beuki lila beuki laun. Poek mongkleng.  
Nu kadenge panungtungan teh ngan sora mahoni nu rajeg di sisi jalan tingharewos 
piligenti marengan kuring nu teu inget di bumi alam,
 
langit geuneuk, ngeueumkeun 
reueuk
getih lalaki na seuseukeut pelor 
jadi rawayan ka alam 
jaga
raspati nu pilih tanding
serahbongkokan 
ku hiji kecap 
balaka
 
najan pacikrak geus jeneng 
heulang
seuneu cinta ngempur dina hate 
nu paheut rek nyampeur 
nyawa
lebah pasini nu ngadodoho
rewuan jampe pamake kudu gimir 
ku hiji 
kecap satia
 
najan cacap nawu sagara 

nandonkeun jiwa pikeun ngaruat cimata
ngaburak barik ambekan 
nu tatu 
dicacag rasa kanyaah
lalaki digjaya 
kudu perlaya ku hiji kecap 
duriat.
 
***
 
Rohangan lima ka opat meter, rumah 
sakit kota. Sora nu lar-lar liwat luareun kamar, tik-tek jam dinding, sora 
keclak tina selang botol infus,  nguk-ngik alat deteksi jajantung, awor 
jeung sora adzan ti Masjid Agung, jadi haliwu nu ngahudangkeun mamaras nu 
teuing 
tas nyaba ka alam mana, mamarasna cinta nu nyilalatu lebah katineung. Kuring 
ilang tanaga, taya tangan pangawasa, najan keur sakadar beunta.
 
“Geus waktuna anjeun nepi kana 
sajatina eling? Geus cacap mangrebu poe kami mepende totomperna nyawa anjeun.” 
sora ranjang ngagerendeng, basa kuring nyeuseup parfum nu nyelesep ti lebah 
panto. Kadenge sora lengkah ngadeukeutan. Heuleut sababaraha menit jempling, 
iwal ti nguk-ngikna sora alat deteksi jajantung. 
 
Aya nu ngeclak kana beunget kuring, 
karasa haneut. Haneut nu lila-lila beuki ipis, beuki tiis, marengan sora nu 
tingsereset kana hate, sora nu dumareuda, dumareudana ceurik wanoja nu 
hawar-hawar mirig kuring ngeteyep ka alam simpe. 
 
“Cinta anjeun nu ngalimpudan 
jajantung, nu meredih kuring teu eureun-eureun kudu ngarambet dunga di kota 
metropolitan, keur anjeun, keur saban pasini nu ngaheurin-usikkeun katineung. 
Kiwari saha nu leuwih simpe? Saha nu ngajaul tina hate? Pasini jadi kuciwa, 
kuciwa jadi tamaha, tamaha ngajirim nyawa. Nyawa nu ditukeur ku nyawa. Nyawa 
tina beubeulahan nyawa. Nyawa nu teu tuah teu dosa nu kapaksa kudu leungiteun 
bapa.”
 
Eling-eling mangka 
eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya 
pangawasa
Mun kasasar nya lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu 
katempuhan
 
***
 
 
 
 
Salam,
Sarabunis 
Mubarok___________ Singaparna





      

Kirim email ke