Sadaya Puja lan Puji kanggo Gusti Nu Murbeng Alam,
Mudah mudahan samudaya kasalametan kanggo urang sadayana,
Tah ayeuna komentar sim kuring nu kaduana, sami sareng nu kahiji nyungkeun
agung cukup lumur hampura anu diteda , upami seratan sim kuring ngajaheutkeun 
manah saderek sadayana. 

 
Tah jadi Agama Sunda teh ngandung harti patokan ti Gusti jeung jalan menuju 
Gusti nu mangrupakeun hasil guaran luluhur Sunda ti bumi Pasundan. 
AA: Alhamdulillah Kang Ruswana pendalamanana tos dugi ka dieu, eta nu disebat 
ku abdi wanoh teh kulan 
 
Tah patokan Gusti eta ku luluhur Sunda geus prak dipigawe kalayan sanyatana 
bakat ku nyaah ka anak-turunanna, diterapkeun dina raraga kumawula ka dirina, 
ka luluhur jeung ka turunannna, ka papada kawula, ka alam-lingkunganna, oge 
tangtu ka Gustina. Tah harita mah jigana can dingaranan da memang teu perlu, 
nya  disebut bae Agama (da ayana istilah agama Sunda atawa Agama Sunda Wiwitan, 
Agama Jawa, Agama Kaharingan, jeung sajabana, eta mah kadieunakeun sanggeus 
agama nu datang marake merek). Sanggeus datangna kayakinan/kapercaya an bangsa 
deungeun nu ngajarkeun soal kumawula ka sasama mahluk, ka alam jeung ka Gusti 
numutkeun adat jeung budaya bangsana, nu asalna ti kapercayaan Hindu disebut 
bae agama Hindu, nu datang ti  kapercayaan Budha disebut bae agama Budha, nu 
datang ti Islam disebut Agama Islam, nu datang ti Kristen disebut bae agama 
Kristen jeung sajabana, ari agama nu aslina teu meunang disebut agama, nya 
disarebut bae kapercayaan (haaar !!???),
 padahal kecap Aliran Kapercayaan atawa Kepercayaan terhadap Tuhan YME mah nya 
ti taun 1973 sanggeus abus dina GBHN, samemehna disarebut Aliran Kebatinan 
atawa Aliran Kerohanian atawa Aliran Kejiwaan, padahal kecap “batin” jeung 
“rohani” mah asal tina basa Arab, sedeng nu diagem ajaran asli. Geuningan nyata 
patukeur bajuna teh, nu ti luar ngahak nu pribumi, nu pituin kudu make basa 
batur (“jati kasilih ku junti”). Geura urang bandingkeun contona ti mimiti 
simkuring inget malah nepi ka kiwari ari nyebut pasta gigi teh sok nyebut odol, 
kajeun merek naon bae (pepsoden, Ritaden, darkie, close-up jsb,) teu apal yen 
odol teh hiji merk pasta gigi nu pangheulana sumebar di urang, sanggeus merk 
odol teu kaluar deui, nya ngaran odol teh jadi ngaran “generik” pikeun pasta 
gigi. Kitu oge welasan taun katukang ari nyebut tustel, kajeun merk naon bae 
sok disarebut “kodak”, padahal kodak teh ngaran merk tustel nu baheula 
ngamasarakat (populer), tapi
 sanggeus  merk kodak jebul deui, laun-laun jarang nyebut kodak nya tustel bae, 
conto lain cai mineral kajeung merk naon bae sok sering disebut cai aqua.. 
AA: janten dingaranan teh kanggo ngabentenkeun sareat we nya ? Da intina mah 
geuning sami wae ngagungkeun nu Ngawasa Alam. 
 
Luluhur urang teu kacaritakeun nolak sumawonna nyerang ka eta bangsa jeung 
agama nu datang ti bangsa deungeun, sabab luluhur urang geus make patokan Gusti 
tea, yen mandang ka diri batur sacara kadirina pribadi moal nandasa ka batur da 
urang ge embung ditandasa, moal nyerang ka batur dan urang oge embung diserang, 
dina laku hirup jeung kahuripan tara garah geureuh ka batur sabab boga 
pamadegan yen saha nu melak bakal metik hasilna. Nya akibatna agama-agama 
deungeun jadi ngembang kalayan subur sabab teu diganggu, tapi sabalikna nu 
tetep mikukuh jeung mituhu kana agama heubeul ti baheula tepi ka kiwari 
ngalaman “dimarginalkeun/ diskriminasi” kadang nepi ka sok ditandasa sagala. 
AA: ke punten di na palih dieu asana mah abdi kirang sapuk tah; kumaha waktos 
lebet ka Sunda eta Agama teh ? Da panginten nu ngadagangkeun eta Agama teh 
jelema saeutik, tapi tiasa ngalebetkeun daganganana kalayan laku, panginten 
maranehanan ( nu asli ) mikir yen agama anyar teh meureun leuwih alus ? Da Moal 
enya atuh dipaksa onaman, moal teu kalabur, di na daekeunana moal sareng 
bathinna sanes ? Mangga galih langkung paos. Akhirna mang taun2 luluhur urang 
teh beuki nyerep ka na eta Agama anyar teh, panginten sapagodos tea cek pamikir 
abdi mah. Nya akhirna Agama karuhun teh tinggal sesa saeutik deui, panginten 
eleh DAKWAH tea ieu mah. Ari masalah kaayeunakeun, panginten da tos jadi 
mayoitas tea, ari agama heubeul janten minoritas, nya atuh kapaksa panginten, 
namina ge minoritas, janten aya kateuadilan. Tah kiu panginten ari gemblengna 
mah 
 
 


      

Kirim email ke