Saha Rabb-na
Euh Rabb teh tina basa Arab, dina basa Inggris mah disebut God, ceuk basa Cina
disebut Tian, ceuk basa Indonesia disebut Tuhan, ceuk basa Sunda disebut Gusti
jsb. Sual sesebutan jeung ngaran Tuhan kumaha basana sewang-sewangan, teu aya
nu ngawajibkeun kudu sarua nyebut jeung mere ngaranna, tapi hakekatna mah sarua
ditujukeun ka dat atawa hiji kakuatan nu Maha Gaib, Maha Kawasa, Maha Kersa,
Maha Uninga, Maha Murba, jeung Maha-maha nu lianna. Salah sahiji sesbutan Gusti
ceuk agama Sunda, nyaeta Batara Tunggal (monotheisme pan?). Dimana ayana? Nya
murba sa-alam raya, matak dina sumembahna ka Gusti teh ku agama Sunda mah teu
aya patokan kudu nyanghareup ka arah tertentu (da Gusti mah teu arah teu
enggon, estu murba kaasup unggal jalma kapurba ku Anjeunna).
AA: Leres kitu pisan. Upam nyanghareup ka Kiblat kanggo Islam, lantaran aya
Parentah Langsung ti MantenNa. Kapan Iblis oge dilaknat lantaran teu nurut ka
ParentahNa, nu ngudukeun sujud ka Adam. Memang ka mana oge kumaha pribadi
masing2 mung bae upami urang Islam kiblatna sakahayang sorangan, upami shalat
berjamaah teh diwaaskeun paadu sirahna.
Soal Saha Nabina?
Didieu aya sababaraha katerangan, nyaeta kieu : upama nu dimaksudkeun nabi teh
nu ngadugikeun ajaran, nu nungtun pikeun milih antara nu hak jeung nu teu hak
nyaeta biwir jeung ucapna nu asal ti Nu Maha Ucap, da eta biwir jeung daya
ucapna teh estu kersaning Nu Maha Kawasa da kabeh jalma teh teu aya nu meuli
eta biwir sumawonna ucapna estu utusan ti Gusti pikeun ngucapkeun jeung
nyoarakeun nu bener nu bersih nu didumasaran ku welas asih da Gusti mah gaduh
sifat Maha Welas tur Maha Asih, nu ngandung harti sakabeh jalma sakuduna jadi
nabi da memang tugas manusa di dunya pikeun ngatur dunya nu didasaran ku welas
asih.
AA: leres, di na hal ieu kuring satuju
Upama nu dimaksud Nabi teh nu nungtun urang pikeun milampah bener nyaram salah,
pan indung-bapa urang. Ti mimiti kakandungan geus ditanamkun rasa nyaah, gubrag
kadunya dipupusti ti bayi nepi ka gedena malah nepi ka baroga rumahtangga ge,
salawasna diajarkeun jeung ditungtun ku kolot (indung bapa) teh mana nu
pihadean jeung nyaram lampah nu teu pihadeun
AA: Tah ieu mun masalah Qadha Qadar; Qadar jelema teh ditangtukeun ku nu sejen
tea; teu sagemblengna urang bisa milih sorangan, aya waktu na Qadar urang
ditangtukeun ku kolot upamana.
Upama nu dimaksud nabi teh juru salamet, di dunya ieu moal aya jalma nu boga
kanyaah ngaleuwihan kanyaah indung-bapa ka anakna, jigana moal aya nu bisa
mungkir yen salametna urang tug nepi ka gede jeung boga ajen teh estu gegedena
jasa indung bapa urang, urang sarerea pasti bisa ngarumasakeun sakumaha gedena
jasa indung-bapa urang, coba lamun harita keur orok beureum ku indung/bapa
urang dipalidkeun atawa ditandasa saperti jaman ayeuna nu sok kabejakeun dina
TV, tangtu urang moal hirup tepi ka ayeuna. Jadi jelas indung-bapa urang nu
jadi juru salamet, atuh tangtu ku lantaran indung bapa urang oge disalametkeun
ku nini-aki, nya nini aki ge sebagai juru salamet dan moal aya urang lamun
indung-bapa urang teu salamet, nya saterusna nerekel atuh cindekna mah ti
indung-bapak tepi ka luluhur urang eta nu jadi juru salamet urang, atuh pantes
mun urang boga rumasa miajen jeung ngamumule luluhur sorangan ulah
dilalaworakeun. Coba geura lenyepan sing lantip, naha
urang geus pernah sidakep situhu tunggal madep neneda ka Nu Kawasa sangkan
sagala puji-puja, rahmat, sapaat, maunat jeung mujizat supaya ditamplokkeun
keur indung-bapa jeung luluhur urang ? Umumna mah geuning sok ditamplokkeun
keur luluhur batur, ari kolot jeung luluhur sorangan teu kabagean, malah sok
diaranggap kolotna sorangan mah laloba dosa, matak menta ka Gusti teh sangkan
diampunan dosana, padahal Gusti mah Maha Uninga jeung geus netepkeun hukumna
dimana melak eta nu metik hasilna malahan sok kaala oge ku anak turunanana, boh
alusna boh gorengna.
AA: Leres kulan, kitu pisan, sim kuring sapagodos di na bab ieu mah
Naon Kitab Sucina ?
Upama nu dimaksud yen kitab suci teh tulisan ti Nu Maha Kawasa nu jadi Sumber
Elmu pikeun bekel salamet manusa hirup di dunya, atuh tangtu bae eta tulisan Nu
Maha Kawasa mah moal tiasa dipapandekeun jeung moal bisa diturutan ku manusa,
kajeun ngan ukur sahurup, manusa ukur bisa maca, ngaji, terus ka ngaos, eta
ge mun daek jeung katepi, tapi ari nepi ka tamat ngelmu kitab suci Gusti mah
asa pamohalan, jeung tinimbang tamat ngelmu mah kalah ka kaburu tamat
ngalalakon di dunya, jadi lamun tea mah aya nu umaku geus tamat ngelmu tina
Kitab Suci (Elmu) Gusti, bet asa ku kaleuleuwihi, komo bari jeung umaku geus
sakitu kali namatkeun elmu gusti mah, sabab mun geus bisa namatkeun elmu Gusti
hartina geus sarua tingkatan jeung Gustina, tah ari nu kitu bisa henteu disebut
ujub-ria-takabur (teu langkung parawargi, sumangga).
AA: Satuju pisan kulan
Jadi naon atuh kitab sucina. Tah nu dimaksad kitab suci damelan Pangeran
tempat atanapi sumber elmu kasalametan teh, ceuk luluhur Sunda mah nyaeta dunya
gede jeung dunya leutik (Bumi/mandala Ageung-Bumi/ mandala Alit), atawa alam
semesta jeung pangeusina, didinya sumber elmu teh pek geura baraca (maca),
terus diaji (ngaji) mun geus kaaji tangtu bisa kaaos (ngaos) kaluhunganana.
Coba bae aya sabaraha surat jeung ayat eta di alam, oge kaasup diri sakujur
urang nu mungkin salah sahiji surat elmu Gusti, eta aya sabaraha rebu ayat dina
diri urang sakujur, tong boro namatkeun elmu nu aya di alam raya, maca -ngaji
–jeung ngaos elmu nu aya dina diri nu sapopoe sok dibabawa, asa pamohalan urang
bisa namatkeun kajeun tepi ka urang mulih ka jati mulang ka asal pasti moal
anggeus, da buktina elmu kadokteran nu geus sabaraha generasi manusa ngotektak
ngaguar elmu dina diri, geuning can taramat keneh bae.
AA: Satuju pisan kulan; mung bae kaleresan ka Agama Islam sareat Nabi Muhammad
Saw; Gusti Nu Murbeng Alam teh kersa masihan masing tersuratna ngan 7000an ayat
panginten, tapi nu tersiratna nya saalam semesta tea. Tapi nya atuh sahenteu
henteuna aya hiji dua Dawuhan Gusti Nu Maha Suci, ti batan nu nyamos pisan mah,
ngan ukur secara GENERAL tea. Tapi ari ka Nabi Muhammad SAW mah aya sacara
Khusus Al Qur'an tea, jadi teu kuruyap karayap teuing meureun, da ada sedikit
pegangan tina Elmu Gusti nu sakitu seueurna.