AA: Aeh abah Joe, haturan sumping. Mani lami ti lami kuring teu tepang sareng 
salira .
Kamana wae kulan? mani sono ka na seratanana.

--- On Sun, 11/30/08, Joe Ragan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Joe Ragan <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] Cikapundung
To: [email protected]
Date: Sunday, November 30, 2008, 8:41 PM















Walungan Cikapundung di Bandung
Feb 17, '08 12:25 PM
for everyone



Cikapundung.

Ayana walungan Cikapundung di Bandung, tangtuna ku nu ngabukbak leuweung jeung 
ngajadikeun lahan bakal dicicingan ku jelema, geus ningali yen walungan ieu tah 
penting pisan jang Kota Bandung.

Ayeuna ngan   kudu jadi pikiraneun urang  kumaha sangkan ayana Walungan 
Cikapundung ieu teh bener-bener gede kagunaana jang balarea. Nya tangtungna ka 
Warga Kota Bandung.
Naha dipikiran Cikapundung teh rek dijadikeun "reservoir" jang wadah cihujan 
sangkan Kota Bandung pangpangan nu di kidul teu kabanjiran.  Oge ieu 
"reservoir" caina bisa dipake mun keur musin halodo. Nya jang naon wae., 
ngumpulkeun  cai jang kaperluan Pemadam Kebakaran atawa caina  dipake jang 
ngabaseuhan jalan-jalan ngarah teu teu panas teuing mun beurang-beurang.  Oge 
mun aya angin ngagelebug, ngurangan kebul. Caina disemprotkeun tina truk.

Atawa mun rek dipake jang "penampungan  air limbah penduduk"  (sewer system), 
supaya "kotoran"-na namper kahandap, nya dijieun "pintu-pintu air" 
ditempat-tempat  sapanjang walungan jiga balong.  Nya balong-balong ieu dikeruk 
sataun sakali samemeh musim hujan. Sangkan leuwih jero jadi "kapasitas 
penampungan" na oge leuwih gede. Meureun ku dikerukna balong-balong ieu meunang 
disebutkeun "penjegahan banjir".   Disisi balong dijieun WC umum, ditutup 
luhurna.
Kumaha eta miceunan anu "koneng-koneng ngambang" ?  Nya eta balong dipelakan 
lauk emas. Disadiakeun tempat jang nguseup, dikontrakeun ku Pemda ka pausahaan. 
Aya tempat khusus jang barudak teu kudu mayar. Keun sina anteng nguseup tibatan 
ulin di jalanan atawa minuhan Mall. Oge teu salah mun eta "balong-balong" 
dipelakkan eceng gondok. Beukirea eceng gondokna leuwih hade. Nya ngurangan 
kokotor, boa mun nepi ka Pasirmalang caina geus rada herangan.. Atawa leuwih 
jauh deui, ngarah leuwih rea eceng gondokna. Boa meureun sugan we caina bisa 
disaring deui jeung dibersihan make obat-obatan, sugan kapake jadi  "ciherang". 
Tapi kudu diinumna mun geus jadi ci asak tiis tina kendi.
Oge "pintu=pintu air" ieu nahan runtah-runtah bangsana plastik kaleng jeung nu 
laenna. Oge ieu bisa dikontrakeun ka pausahaan, panghasilan anyar jang Pemda.

Oge Cikapundung bisa dijieun "penampungan air hujan". Tangtuna kudu diwangun 
riool-riool sapanjang jalan. Riool-riool ieu ukuranna kudu gede.sababna dipake 
jang miceun "air limbah penduduk"  jeung cihujan nu dipiceun ka Cikapundnung.  
Cihujan salain aya jalana jang dipiceun ka Cikapundung, oge ngerok 
runtah-runtah sesa-sesa "air limbah penduduk" sakalian dipiceun ka 
Cikapundnung. 

Jadi urang  ulah nyalahkeun "Alam" ku ayana banjir cihujan.
Cihujan teu kudu diatur ku manusa, cihujan kumanehna sorangan neangan lahan nu 
leuwih handap.
Jadi kahiji nyieun jalan sangkan cihujan aya jalana pindah  ti nu luhur kanu 
handap. Mun dibere jalan nu euweuh halangannana caina ngocor gede, sapanjang 
jalana cihujan moal aya banjir. Mun geus nepi ka tempat nu panghandapna nya 
ngumpul. Mimiti jadi balong leutik terus ngagedean da caina nambahan tea, jadi 
leuwih gede terus we jadi banjir. Jadi mun aya wadah nu cukup gede sangkan 
cihujan teu kaluar tina wadahna tea, moal aya banjir. Boa muereun eta "wadah" 
teh kudu dijeroan sawaktu-waktu sangkan kapasitasna ngadean.  Atawa meureun 
dibor disabaraha tempat di "wadah" eta atawa balong-balong di "Pintu air" , 
nyieun jalan jang cihujan balik ka jero taneuh.  

Ku ayana ITB jeung Universita teknik laenna di Bandung, Cikapundung oge bisa 
dijadikeun "laboratorium" atawa paranti nyoba teori-teori "Penanggulangan 
Banjir" jeung "Penaggulangan Tanah Longsor".  Sugan jeung sugan, Menristek 
ngirim ahli-ahli jeung danana  jang usaha ieu.

Sugan wae teori ieu bisa nambahan waktu nu leuwih panjang deui samemeh 
Cikapundung saat.
Ayeuna we pedah aya Cikapundung, cenah mah urang  Sunda mah sok gampang 
pundungan.  Komo deui mun caina geus saat, jadi ngan Pundung na nu tinggaleun 
Urang Sunda beuki teu kaopan nya beuki pundung.

nyc 02/17/08
MangSi 


Tags: ngarahul
 














      

Kirim email ke