nu dianggo ku sato mah pikiran, produk otak. Otak nu tiasa ngembangkeun
"IF-THEN-ELSE" eta kulan. contona simpanse, beurit, lumba2. 
akal mah di manusa wungkul, numatak aya IQ, EQ, ESQ.
namung sim kuring hoyong terang akal teh produk ti mana ?
nu disebat manusa nu teu dianggo akalna teh nu kumaha ?
manusa nu dianggo akalna teh nu kumaha ?




________________________________
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, November 28, 2008 6:59:03 PM
Subject: Re: Hal: [kisunda] Re: Akal - Pikiran ?


> From: Halimun An
> saur na katerangan, ngan ukur jalmi nu dipasihan akal ku Allah swt.
> hartosna manuk mah teu gaduh akal, namung tiasa ngadamel sayang
> sareng milari kadaharan ku nyalira da gaduh pikiran tina uteukna.

Kang sato oge gaduh akal, sanajan terbatas. Contona lamun urang masang 
senteg beurit di imah. Mimiti mah beurit teu nyahoeun barang eta keur "nipu" 
manehna, tapi sanggeus aya baturna kasenteg, dijamin eta senteg teh moal 
disampeurkeun deui ku beurit sejen.

Aya oge papatah "Keledai tidak akan terperseok kedalam lubang untuk kedua 
kalinya". Ieu nunjukkeun kuda kalde boga akal, moal tigebrus kana liang 
kadua kalina. Tah ayeuna bandingkeun jeung manusa?

Baktos,
WALUYA 

 


      

Kirim email ke