nah nah nah janten kasampurnaan jalma teh anu mana atuh ?
cenah seueur nu jojorowokan manusa mahluk paling sampurna
ku cucunguk eleh, cacing wae hermaprodit aya dua kelamin, 
uing ditingali2 ti baheula angger hiji. ngajleng tina tangkal abong teu 
pararotong
awak, ucing mah moal. manuk hiber, ari urang ? lauk mah tenang we titeuleum
oge, ari urang ? hehehehe 
bedana, ari sato mah teu sarakah, manusa mah sarakah...

--- On Tue, 12/2/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: Hal: [kisunda] Re: Akal - Pikiran ?
To: [email protected]
Date: Tuesday, December 2, 2008, 7:15 AM






Manusa alias jalma mah kasebut anyar keneh jadi pangeusi Dunya, para sato 
leuwih lila deui. Kuring mah malah nyangka engke manusa nu pangheulana 
tumpur tibatan sato, sabab manusa mah gumantung pisan ka mangkeluk sejen, 
dina beuteungna wae aya jutaan bakteri nu mantuan nyerna dahareun. Manusa 
bisa tumpur ku lingkungan nu "dirarobah" ku maranehna sorangan.... ..

Nu bakal langgeng mah sarangga, siga cucunguk. Cucunguk geus aya ti ratusan 
juta taun katukang, tepi ka ayeuna cucunguk masih aya. Ieu sato boga 
kamampuan luar biasa dina nyaluyukeun dirina kana lingkungan. Beda jeung 
manusa, gara-gara usum robah saeutik wae, geus bareresin ........

Baktos,
WALUYA
(Keur beresin .....)

> ----- Original Message ----- 
> From: ua duq
> klaim manusa wungkul. ukur aing nu boga akal, buktina...anu anu anu... cek 
> manusa. maraneh mah, sato! teu gableg akal,
> najan ari polo mah silaing ge boga. tambahna. jadi, tarimakeun bae mun 
> andika, monyet! jadi doger. tarimakeun wae ku
> sia, hayam! dilekek keur opor!.... ukur aing nu kudu mikiran dunya, sia 
> mah tarimakeun we kadar silaing nu teu bisa > ngakal.... cenah. bari 
> embung sakali kali mah ngarampa hate monyet, hate hayam... da enya kajeun 
> teuing da maranehna
> mah teu boga akal ieu.... dikitu dikieu kunu cenah gaduh akal, bakal 
> tumamprak, pasrah tumarima...

 














      

Kirim email ke