Baraya,
Biasana kang Ira parantos halow-halow ari tos nincak sasih Desember
teh, nyaeta ngulem wadya balad Kisunda kanggo ngaluuhan acara Seren
Taun di Cigugur - Kuningan. Mung rupina si akang teh kacida pisan
sibukna dugi ka teu sempet neundeun bewara di Kisunda.
Nguping wartos seren taun ayeuna mah bade diayakeun ping 27-28
Desember, pami diparengkeun sim kuring oge bade dongkap ka Cigugur.
Nuhun-nuhun wadia balad Kisunda oge seueur anu sarumping, janten
tiasa sakantenan masomoan diditu. Pardu kasambut sunat kalampah,
nyaksian upacara seren taun sareng kopdar milist Kisunda.
Hatur nuhun,
Wilujeng Mapag Taun Anyar 2009, Satutasna Meunteun Lalampahan
Sorangan di Taun 2008