Heheh... Bagea, Kang Ogi...

Masalah anu karandapan teh sarua jeung nu kaalaman, kitu oge meureun ku
kulawarga2 ngora jaman ayeuna...

Kuring boga budak umur 2,5 taun, sapopoe di kulawarga Sunda. Najan kitu,
ngahaja teu ngahaja, aya wae pacampurna mah. Hasilna nya kitu, ngomongna
campur. Tapi sigana mah, sigana ieu mah, heuheu... asal urangna tigin
terus2an nyehcer ku basa Sunda, tangtu budak teh bakal condong kana basa
Sunda. Keur mah eukeur umur sakitu mah meureun can ngarti basa, asal nurutan
bae... Hal ieu kaalaman ku alo nu harita umur TK. Manehna geus bisa
ngabedakeun basa Sunda jeung basa Indonesia. Dina mangsa indungna kaceplosan
nyarita make basa Indonesia, budakna nyarita "*Mamah nyariosna ku basa Sunda
we atuh ka abi mah...*"

Sual basa Indonesia & Inggris mah, ngke ge dina waktuna asup sakola bakal
diwurukan...

Hampura loba meureunna, ngaranna oge eksperimen... :P

On Tue, Dec 16, 2008 at 3:51 PM, milis_yogiardhi wrote:

>   Nepangkeun abdi pun Ogi.
>
> Nembean pipilueun na milis ieu.
>
> Sim kuring boga budak lalaki, Kean (tereh 3taun). Cita-cita budak teh
> memeh diajar ngomong E-endonesa-an, ma-malayu-an, komo i-inggris-an
> kudu bisa Basa Sunda heula.
>
> Ayeuna budak teh ngomongna (balelol keneh) pacampur wae...jeung basa
> Indonesa pangpangna mah.
>
> "Abah lagi naon?", "Kok mobilnya sama oge?", cenah.
>
> Hariwang jadi teu kaitu kadieu.Can sakuriling bungking barudak
> saumuran na teh teu jauh ti basa Indonesia wae.
>
> Ayeuna teh ngandelkeun nini na we, mun ngajak ngomong budak make basa
> Sunda. Da indung na balangsiar jadi pagawe nepi sore, ari bapana ngan
> panggih saminggu sakali misah kota.
>
> Manawi aya bongbolongan ti dulur-dulur milis sadaya...
> Na aya cara nu hade pikeun ngawarah Basa Sunda ka budak dina jaman
> jiga kieu ?
>

-- 
sikandar
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke