percaya diri teh turunan tina reueus. hayang pede jadi urang sunda nya kudu
reueus ku sundana. tah kudu reueus nya kudu aya nu dipikareueusna... tah
coba urang tataan naon wae nu matak pikareueuseun ti sunda teh:

kuring nyobaan hiji ah... tina harti kecap we..
1. sunda hartina caang, gumawang, moncorong. caang keur kalolobaan jelma
ngarupakeun kaayaan nu pikaresepun. jadi kuduna mah keur kalolobaan urang
sunda jadi sunda teh pikaresepeun.... tapi naha kiwari mah 'loba' nu teu
resep jadi urang sunda. meureun ukur nyaho harti kecap sunda alus wungkul
mah teu cukup. da meureun deui, kudu jeung bukti nu nyata. yen sunda teh
caang, gumawang, oge nyaangan (ieu mah basa kuring tina moncorong). tah
mangga  bagean ieu mah hanca nu tos ngabuktoskeun kanggo medarna.

duq

On Wed, Dec 17, 2008 at 5:19 PM, Jaka Kendan <[email protected]>wrote:

>   Deungeun2 ge gening parede we make basana sewang2ang
>
> Mun kang oca balanja kaen ka pasar baru jkt,
> bandungan we tah si *indihe* teh basana *nehi nehi, aca aca*
> si *ngkoh* jeung si *enci*  galecok *cengli, goceng, kacoceng*
> **
> ku uing di tembal,
>    *daek heug teu kajeun, batu turun kesik naek,* bari
> pede,,,,,,,,,,,!!!!!!!!!
>
>
> *"" JK ""*
> **
> **
>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke