--- On Thu, 12/18/08, Halimun An <[email protected]> wrote:
From: Halimun An <[email protected]>
tah kieu pan ngeunah yeuh...
mun uing ngacapruk nya tinggal jawab ngacaprukna beulah mana
Euleuh, geuning bisa ngarasa ngeunah keur sorangan, tapi teu bisa ngarumasakeun
ngatugenahkeun ka batur nya. he...he.he....
kang, lain uing nyebut agama teu meunang ditalar ku logika...
tapi ulah sagala di talar ku logika... moal kaudag... maksud uing kitu
hehehehehe kaduana manusa disebut sampurna mun akalna dipake, teu dipake mah
leuwih teu sampurna batan sato to to to to hahahahaha
Numatak, ngacapruk teh sing lengkep, jejeg ulah sakacamprungna atuh. Kudu
jentre merele, kaharti ku akal katarima ku hate (boh hate sorangan boh hate
batur). Etage ketang lamun boga rarasaan, rasa rumasa, karumasaan.
aya nu salah pisan di juragan maman, hiji nyebut uing k nonggerak
kadua nyebut uing urang garut uing halimun uing urang sunda, teu ngabeda-beda
ti garut, ti tasik, cirebon, banten, galuh jsb
jelas juragan UING URANG SUNDA... tapi teu resep ka sunda hehehehehe ulang
ambek..... keun we kuma uing teu resep ge.... kunaon ?
SABAB SUNDA ELEHAN, jiga PSSI... elehan,
teu dilalajoanan da katempo euh euh euh ...
kang yana jeung kang ilen mah ngeunah, teu ningali urang sunda elehan
Ah kumaha maneh we, arek diaku heug, arek teu diaku kajeun. salila maneh teu
bruk brak wakca balaka, nya kuring boga hak ngidentifikasi jeung
ngilustrasikeun yen sampeyan teu jauh ti naon anu ku kuring karasa.
Ongkoh wanian, jagoan tara elehan, tapi sumput salindung. Lieur ah.Meunaangan
jeung elehan urang sunda teh naon ukuranana Ujang ? Naha make jadi geuleuh.
--- On Thu, 18/12/08, Maman wrote:
Tah geuningan rumaos ngacapruk. Alhamdulillah. Mung nyaeta numutkeun emutan
pribadosmah, agama (islam) teh pikeun jelema anu daek malikir, teu sakadar
¨samina wa athoina¨.
uing hayang nanya, geus saluhur kumaha logika jelema teh, na bet wani2 ngabaca
agama ukur ditalar ku logika ?
Naha Nabi Muhammad lahir di arab ? Margi di arab jaman harita jelemana geus
loba nu aredan ngalewatan batas-batas kamanusaan, jahil kabina-bina, umpanana
ngurebkeun orok hirup-hirup. Naha agama perlu oge dinalar ku logika? Kusabab
jalma mah lain sato, boga akal jeung pamilih.
Bener ari deet na mah pikiran jelema teh, ngan sadeet deetna jelema dina
berpikir, lain hartina NGABOBODO MANEH, da jelema mah boga sifat makhluk anu
paling sampurna, naha disebut makhluk anu paling sampurna? Sabab jelema ku
elmuNa anu dipasikeun ti Anjeuna bisa nganyahokeun saha Anjeuna. Allah SWT.Naha
papatong jangjangan? Kumargi eta parantos Qudrat sareng Iradatna, mung
palebah dieu urang tiasa ningali Keagunngan Tuhan.
Daek paeh ngabela agama, atanapi ¨ngabela"Alloh ? Parantos wawuh teu acan
sareng anu dibelana ? Tungtung-tungtungna lain ngabela Alloh, da memang
Alloh mah syareatna teu perlu dibela. Anu osok kaliru mah nya ¨ngabela¨
salah sasaran tea, hayang negakeun (istitusi/birokrasi ) Agama (islam)
tibatan mere conto nyata amar maŕuf nahi mungkar, ojol-ojol ngaboman
jelma-jelema anu ¨teu puah teu dosa¨ .Budaya teh hartina anu dimaksud ku
kuring mah, buah akal budi haisl pamikiran manusa, bisa oge adat jeung
istiadat anu turun tumurun ti jaman baheula, nepi ka kiwari. Dina raraga
NGIGELAN jaman jeung nyesuaikeun perkembangan Alam (anu keur menuju kanu
karusakan).
Heuras ? Atanapi negtreug? ha..ha..ha..
punten, numutkeun pemendak abdi, ieu teh ciri khas urang garut
(ASGAR)....Ampun paralun anu disuhun, PUNTEN KA URANG GARUT(nu sanesna) .
__