har, asana teh sarimbag jeung positing uing nya tapi teuing taun anu mana, tapi 
eieu mah lewih rame aya tokohna jeung aya dialogna... 

Ambu sareng Kang Engkus mah, malah sura-seuri sorangan... he, he, he,  kade 
ah...  tapi ketah uing ge boga pangalaman kitu mah, aya deui ceurik hareupeun 
komputer ge kuring mah kungsi, teu kaampeuh jeung teu bisa ditahan... taun 
2000an awal tah eta mah susuratan jeung urang sunda mah mani karasa ka 
jero-jerona... 

Ari Kang Oca hoyong terang laporan sikabayan, anu kantos kaditu, pan aya anu 
ngacung nyatanya Kang Imun anggap bae si kabayan, sok geura deur Kang Imun 
caritakeun pangalaman naek gunung teh pajarkeun "JALANNA LEMPENG" beresih jalan 
sasapuan..! 

wassalam
dudi_ss


  ----- Original Message ----- 
  From: engkus ruswana 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, December 19, 2008 9:51 AM
  Subject: Re: [kisunda] Si Kabayan Naek Gunung--> Re: sala;i soal sawarga


        Heu...heu..heu...., sami ambu simkuring oge, seserengehan nyalira maca 
tulisan abah Waluya teh,...dugi rerencangan di kantor bangun hookeun ningali 
kuring seserengehan... Nuhun Abah, sugan pada surti...

        Rampes nun.

        Engkus

        --- Pada Kam, 18/12/08, richadiana kartakusuma 
<[email protected]> menulis:

          Dari: richadiana kartakusuma <[email protected]>
          Topik: Re: [kisunda] Si Kabayan Naek Gunung--> Re: sala;i soal sawarga
          Kepada: [email protected]
          Tanggal: Kamis, 18 Desember, 2008, 11:52 AM


          hahahhahhhh 
          meni raos seuri dinten ieu yeuh
          nuhun Abah

          Tabe pun ingsun
          Ambu




----------------------------------------------------------------------
          From: Waluya <waluya2...@yahoo. co.id>
          To: kisu...@yahoogroups .com
          Sent: Wednesday, December 17, 2008 8:15:57 PM
          Subject: [kisunda] Si Kabayan Naek Gunung--> Re: sala;i soal sawarga


          > From: Roza Rahmadjasa Mintaredja
          > kgWaluy,
          > hartosna Silaban tos nalungtik kaditu
          > uin moal waka percanten suhu 2
          > tp hoyong terang laporan perjalanan kadituna

          Bah Oza, kuring boga dongeng yeuh, di millis sejen mah geus diposting 
          baheula, ngan di kisunda acan. Nyanggakeun dongeng si kuring:

          Di hiji tempat aya gunung luhur pisan, sarerea hayang naek ka puncak 
gunung
          eta. Di tutugan gunung loba nu nawarkeun peta perjalanan lamun arek 
nuju
          puncak gunung eta. Aya nu petana sarua, aya nu ngaharib-harib, ampir 
sarua
          tapi aya oge nu beda pisan . Kalakuanana rupa-rupa: Aya nu ukur 
gogorowokan
          siga tukang obat, cenah peta manehna paling bener, paling aman lamun 
nuju
          puncak gunung. Aya nu bari maksa siga calo angkot nu sok nyered-nyered
          panumpang supaya tumpak angkot nu dicaloan ku manehna ...jrrd. 
Sakapeung
          maranehna nyalah-nyalahkeun ka peta nu ditawarkeun ku batur, malah 
lamun
          perlu make peureup keur ngayakinkeun peta manehna pangbenerna.

          Kacaritakeun si Kabayan oge hayang ka puncak gunung eta teh. Nya 
manehna
          ngajugjug ka tutugan gunung. Rabul papada nanawarkeun peta ka Si 
Kabayan.
          Kabeh nyebutkeun peta manehna pangbenerna. si Kabayan ngarasa asa di
          terminal angkot nu pinuh ku calo nu sok ngabebenyeng panumpang sina 
tumpak
          angkot nu dicaloan ku manehna. Sanajan manehna geus biasa sok 
dikekenyang ku
          calo angkot, tapi nempo kaayaan nu leuwih ti terminal mah, manehna 
kacida
          reuwasna:

          "Ke ..ke .....heula, mana ieu teh anu bener, bingung kuring mah?"

          "Nu kuring, geus loba nu tepi kaditu make peta ieu!", ceuk saurang nu
          nawarkeun

          "Eh ....nu ieu nu bener mah, peta eta mah matak sasab", ceuk nu 
saurang deui

          "Ah silaing mah ngacapruk, peta ieu yeuh nu bener mah", ceuk nu 
sejenna
          deui.

          Jebul nu beungeutna sangar, nawarkeun bari hahaok jeung sisigeung:
          "Nyalingkir siah, hayang dibabukan ku aing. Tah ieu Kang, peta nu
          pangbenerna mah, nu sejen mah kabeh matak sasab. Keun ku kuring arek
          dibabukan nu nawarkeun teu bener, NGARUGIKEUN jeung NYASABKEUN 
wungkul kanu
          arek ka gunung"

          Si Kabayan soak, ningali jalma sangar bari hahaok, tapi terus nanya: 
"Akang
          parantos kaditu ka puncak Gunung?"

          "Acan ...acan, Akang mah BETAH keneh ditutugan gunung, engke 
kahareup. Tapi
          geus loba nu make peta ieu keur nuju ka puncak", ceuk si "sangar" teh.

          "Oh upami kitu mah, manawi aya saurang weh, nu parantos turun deui ti
          puncak, wawartos kumaha lamun nganggo peta nu ieu?"

          Ditanya kitu, gantawang teh nu sangar ngambek bari ampir nampiling si
          Kabayan. Untung si Kabayanna ngacir lumpat. Panasaran si Kabayan 
tatanya
          kaditu-kadieu sugan aya nu geus balik deui ti puncak atawa paling 
henteu aya
          nu nyaho aya nu geus balik deui. Ngan hanjakal pisan Si Kabayan ukur
          ngadenge beja, LOBA NU KA PUNCAK MAH, NGAN EUWEUH SAURANG OGE NU 
BALIK DEUI,
          NGABEJAAN MANA PETA NU BENER .....

          Tungtungna si Kabayan, da hatena tetep hayang ka puncak, make peta nu 
cocog
          we jeung hate manehna. Nya duka tepi henteuna mah manehna ka puncak 
gunung 
          .....

          Baktos,
          WALUYA



       




------------------------------------------------------------------------------
  Selalu bersama teman-teman di Yahoo! Messenger
  Tambahkan mereka dari email atau jaringan sosial Anda sekarang!

   

Kirim email ke