beu uing disebut kabayan ? hehehehe teu nanaon lah
uing kungsi ka gunung, meunang peta pamere urang gunung
jalana teu lempeng teu babari..
kunaon uing yakin peta uing bener ?
KUSABAB UING BISA BALIK DEUI KAHANDAP.. hahahahaha
uing nempo loba pisan jalma sasab di jajalaneun... da bongan sorangan
lain nurut kana peta nu dibabawa ku maranehna... marawa karep sorangan we
da loba nu pikabitaeun di jajalaneun ke gunung teh geuning...
jadi lain salah petana. tapi salah maca peta na... bongan sorangan teu beunang 
dibejaan
manusa tea agul.. asa aing hihihihihihi

--- On Sun, 21/12/08, dudi_ss <[email protected]> wrote:

From: dudi_ss <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Si Kabayan Naek Gunung = Kang Imun naek gunung >> Re: 
sala;i soal sawarga
To: [email protected]
Received: Sunday, 21 December, 2008, 1:58 AM










    
            


har, asana teh sarimbag jeung positing uing nya 
tapi teuing taun anu mana, tapi eieu mah lewih rame aya tokohna jeung aya 
dialogna... 
 
Ambu sareng Kang Engkus mah, malah 
sura-seuri sorangan... he, he, he,  kade ah...  tapi ketah uing ge 
boga pangalaman kitu mah, aya deui ceurik hareupeun komputer ge kuring mah 
kungsi, teu kaampeuh jeung teu bisa ditahan... taun 2000an awal tah eta mah 
susuratan jeung urang sunda mah mani karasa ka jero-jerona. .. 
 
Ari Kang Oca hoyong terang laporan 
sikabayan, anu kantos kaditu, pan aya anu ngacung nyatanya Kang Imun anggap bae 
si kabayan, sok geura deur Kang Imun caritakeun pangalaman naek gunung teh 
pajarkeun "JALANNA LEMPENG" beresih jalan sasapuan..! 
 
wassalam
dudi_ss
 
 

  ----- Original Message ----- 
  From: 
  engkus 
  ruswana 
  To: kisu...@yahoogroups ..com 
  Sent: Friday, December 19, 2008 9:51 
  AM
  Subject: Re: [kisunda] Si Kabayan Naek 
  Gunung--> Re: sala;i soal sawarga
  

  
  
  
    
    
      
        Heu...heu..heu. ..., sami ambu simkuring oge, seserengehan 
        nyalira maca tulisan abah Waluya teh,...dugi rerencangan di kantor 
        bangun hookeun ningali kuring seserengehan. .. Nuhun Abah, sugan 
        pada surti...
         
        Rampes nun.
         
        Engkus

--- Pada Kam, 18/12/08, richadiana kartakusuma 
        <richadianakartakusu m...@yahoo. com> 
        menulis:

        Dari: 
          richadiana kartakusuma 
          <richadianakartakusu m...@yahoo. com>
Topik: Re: 
          [kisunda] Si Kabayan Naek Gunung--> Re: sala;i soal 
          sawarga
Kepada: kisu...@yahoogroups .com
Tanggal: Kamis, 18 
          Desember, 2008, 11:52 AM


          
          
          
          
          hahahhahhhh 
meni raos seuri dinten ieu yeuh
nuhun 
          Abah

Tabe pun ingsun
Ambu

          

          
          
          From: Waluya 
          <waluya2...@yahoo. co.id>
To: kisu...@yahoogroups 
          .com
Sent: Wednesday, 
          December 17, 2008 8:15:57 PM
Subject: [kisunda] Si Kabayan 
          Naek Gunung--> Re: sala;i soal sawarga


          
          > From: Roza Rahmadjasa Mintaredja
> kgWaluy,
> 
          hartosna Silaban tos nalungtik kaditu
> uin moal waka percanten 
          suhu 2
> tp hoyong terang laporan perjalanan kadituna

Bah 
          Oza, kuring boga dongeng yeuh, di millis sejen mah geus diposting 
          
baheula, ngan di kisunda acan. Nyanggakeun dongeng si 
          kuring:

Di hiji tempat aya gunung luhur pisan, sarerea hayang 
          naek ka puncak gunung
eta. Di tutugan gunung loba nu nawarkeun peta 
          perjalanan lamun arek nuju
puncak gunung eta. Aya nu petana sarua, 
          aya nu ngaharib-harib, ampir sarua
tapi aya oge nu beda pisan . 
          Kalakuanana rupa-rupa: Aya nu ukur gogorowokan
siga tukang obat, 
          cenah peta manehna paling bener, paling aman lamun nuju
puncak 
          gunung. Aya nu bari maksa siga calo angkot nu sok 
          nyered-nyered
panumpang supaya tumpak angkot nu dicaloan ku manehna 
          ...jrrd. Sakapeung
maranehna nyalah-nyalahkeun ka peta nu 
          ditawarkeun ku batur, malah lamun
perlu make peureup keur 
          ngayakinkeun peta manehna pangbenerna.

Kacaritakeun si Kabayan 
          oge hayang ka puncak gunung eta teh. Nya manehna
ngajugjug ka 
          tutugan gunung. Rabul papada nanawarkeun peta ka Si Kabayan.
Kabeh 
          nyebutkeun peta manehna pangbenerna. si Kabayan ngarasa asa 
          di
terminal angkot nu pinuh ku calo nu sok ngabebenyeng panumpang 
          sina tumpak
angkot nu dicaloan ku manehna. Sanajan manehna geus 
          biasa sok dikekenyang ku
calo angkot, tapi nempo kaayaan nu leuwih 
          ti terminal mah, manehna kacida
reuwasna:

"Ke ..ke 
          .....heula, mana ieu teh anu bener, bingung kuring mah?"

"Nu 
          kuring, geus loba nu tepi kaditu make peta ieu!", ceuk saurang 
          nu
nawarkeun

"Eh ....nu ieu nu bener mah, peta eta mah matak 
          sasab", ceuk nu saurang deui

"Ah silaing mah ngacapruk, peta 
          ieu yeuh nu bener mah", ceuk nu sejenna
deui.

Jebul nu 
          beungeutna sangar, nawarkeun bari hahaok jeung 
          sisigeung:
"Nyalingkir siah, hayang dibabukan ku aing. Tah ieu 
          Kang, peta nu
pangbenerna mah, nu sejen mah kabeh matak sasab. Keun 
          ku kuring arek
dibabukan nu nawarkeun teu bener, NGARUGIKEUN jeung 
          NYASABKEUN wungkul kanu
arek ka gunung"

Si Kabayan soak, 
          ningali jalma sangar bari hahaok, tapi terus nanya: "Akang
parantos 
          kaditu ka puncak Gunung?"

"Acan ...acan, Akang mah BETAH keneh 
          ditutugan gunung, engke kahareup. Tapi
geus loba nu make peta ieu 
          keur nuju ka puncak", ceuk si "sangar" teh.

"Oh upami kitu mah, 
          manawi aya saurang weh, nu parantos turun deui ti
puncak, wawartos 
          kumaha lamun nganggo peta nu ieu?"

Ditanya kitu, gantawang teh 
          nu sangar ngambek bari ampir nampiling si
Kabayan. Untung si 
          Kabayanna ngacir lumpat. Panasaran si Kabayan tatanya
kaditu-kadieu 
          sugan aya nu geus balik deui ti puncak atawa paling henteu aya
nu 
          nyaho aya nu geus balik deui. Ngan hanjakal pisan Si Kabayan 
          ukur
ngadenge beja, LOBA NU KA PUNCAK MAH, NGAN EUWEUH SAURANG OGE 
          NU BALIK DEUI,
NGABEJAAN MANA PETA NU BENER ......

Tungtungna 
          si Kabayan, da hatena tetep hayang ka puncak, make peta nu cocog
we 
          jeung hate manehna. Nya duka tepi henteuna mah manehna ka puncak 
          gunung 
          
......

Baktos,
WALUYA




  
  Selalu 
  bersama teman-teman di Yahoo! Messenger
Tambahkan mereka dari email 
  atau jaringan sosial Anda sekarang!
  

      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take 
a look http://au.docs.yahoo.com/mail/smarterinbox

Kirim email ke