DIANTOS KOLEKSI NU SANESNA KANG ;  
SAPERTOS CARITA PARAHYANGAN BABAD SUNDA JRRD.


--- Pada Jum, 19/12/08, Herman Adriansyah <[email protected]> menulis:

Dari: Herman Adriansyah <[email protected]>
Topik: [kisunda] SERAT MAHA PURWA
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 19 Desember, 2008, 3:26 PM







SERAT MAHA PURWA
 
Murwa 
 
Serat Mahapurwa nyarioskeun lalakon Sang Hyang Adama, Sang Hyang Sita, Sang 
Hyang Nurcahya, Sang Hyang Nurasa, Sang Hyang Wenang, Sang Hyang Tunggal, 
sareng Sang Hyang Manikmaya. Wawaton seratan iyeu ngarujuk kana Serat 
Paramayoga garapan Pujangga Ranggawarsita di Surakarta anu ngarujuk Serat 
Jitapsara garapan Begawan Palasara di Astina sareng ngarujuk Pustaka Darya 
garapan Sang Hyang Nurcahya di Lokadewa.
 
Lalakon Sang Hyang Adama
 
Kocap kacarita Sang Hyang Adama saparantosna diturunkeun ka alam dunya sareng 
dihampura dosana, ngadeg raja di Kusniamalabari, ngaratuan sato kewan. Daharna 
tina pamuja. Sang Hyang Adama nyiptaken taun surya sareng taun candra, teras 
nyipta Tanajultarki kangge miwitan pepelakan na taun 129 SA atawa taun 133 CA. 
Teu lami bojona Sang Hyang Adama nyaeta Dewi Hawa babaran kembar dampit 
putra-putri. Kembar dampit kahiji rupana awon, kadua sae, katilu awon, kaopat 
sae, kalima awon, kitu saterasna dugi opat puluh dua kali, nanging anu kagenep 
sareng ka opat puluh hiji teu dampit.
 
Saparantosna gaduh putra lima dampit, Sang Hyang Adama bade ngajodokeun 
putra-putrina. Putra anu gagah dijodokeun sareng putri anu awon. Putri anu 
geulis dijodokeun sareng putra anu awon. Jadi teu dijodokeun saluyu sareng 
dampitanna.
 
Ari pangersana Dewi Hawa, putra-putrina dijodokeun saluyu sareng dampitanna, 
anu gagah dijodokeun sareng anu geulis, anu awon sareng anu awon. Jojodoan iyeu 
jadi pasulaya antara Sang Hyang Adama sareng Dewi Hawa. Pasulayana ngantos 
rebutan kawasa ngaluarkeun rahsa anu diwadahan ku cupumanik sareng dipujakeun 
ka Gustina.
 
Saparantosna dugi kana wancina, cupumanik dibuka. Rahsa pamuja dina cupumanik 
Sang Hyang Adama janten babayi nanging ngan raragana wungkul; sedengkeun rahsa 
pamuja dina cupumanik Dewi Hawa ngawujud getih. Dewi Hawa ngarasa nalangsa ku 
kaayaan eta.
 
Jabang bayi anu aya dina cupumanik Sang Hyang Adama kena ku dihim pinasti 
janten jabang bayi anu sampurna kacaangan ku cahya nurbuat sareng aya sasmita 
ti Gusti nami eta jabang bayi teh Sang Hyang Sita. Mantenna suka bungah anu teu 
aya papadana.
 
Teu lami aya gara-gara, cupumanik Sang Hyang Adama katiup angin puyuh 
lilimbungan tumiba kana teleng sagara hideung. Cupumanik kacekel ku Danyang 
Azazil, ratu banujan anu ngawasa sagara hideung.
 
Ahirna Dewi Hawa manut kana aturan jojodoan Sang Hyang Adama. Sadaya 
putra-putrina lobana opat puluh dampit, sareng aya anu dua anu teu dampit 
nyaeta Sang Hyang Sita sareng Dewi Hunun.
 
Putra-putri Sang Hyang Adama nyaeta
 
Sang Hyang Kabila, Dewi Alima, Sang Hyang Habila, Dewi Damima, Sang Hyang 
Isrila, Dewi Sarira, Sang Hyang Israwana, Dewi Mona, Sang Hyang Basaradiwana, 
Dewi Dayuna, Sang Hyang Sita, Sang Hyang Yasita, Dewi Awisa, Sang Hyang Sesana, 
Dewi Aisa, Sang Hyang Yasmiyana, Dewi Ramsa, Sang Hyang Yanmiyana, Dewi Yarusa, 
Sang Hyang Suryana, Dewi Siriya, Sang Hyang Amana, Dewi Mahasa, Sang Hyang 
Kayumarata, Dewi Hindunmaras, Sang Hyang Yajuja, Dewi Majuja, Sang Hyang Lata, 
Dewi Uzza, Sang Hyang Harata, Dewi Haruti, Sang Hyang Danaba, Dewi Daniba, Sang 
Hyang Bantasa, Dewi Bintisa, Sang Hyang Somala, Dewi Susia, Sang Hyang Jamaruta 
dampitanna Dewi Malki, Sang Hyang Tamakala, Dewi Tamakali, Sang Hyang Adana, 
Dewi Adini, Sang Hyang Harnala, Dewi Harnila, Sang Hyang Samala, Dewi Samila, 
Sang Hyang Awala, Dewi Awila, Sang Hyang Astala, Dewi Astila, Sang Hyang 
Nurala, Dewi Nureli, Sang Hyang Nuhkala, Dewi Nuhkali, Sang Hyang Nuskala, Dewi 
Arki, Sang Hyang Sarkala, Dewi
 Sarki, Sang Hyang Karala, Dewi Karia, Sang Hyang Dujala, Dewi Dujila, Sang 
Hyang Katala, Dewi Katili, Sang Hyang Arkala, Dewi Arkali, Sang Hyang 
Mrihakala, Dewi Mrihakali, Sang Hyang Ardabala, Dewi Ardiati, Sang Hyang 
Sanala, Dewi Peni, Sang Hyang Pujala, Dewi Puji, Sang Hyang Sasala, Dewi Sasi, 
Sang Hyang Sahnala, Dewi Sani, Dewi Hunun, Sang Hyang Sahalanala, sareng Dewi 
Sahini.
 
Nanging Sang Hyang Kabila, Dewi Alima, Sang Hyang Basaradiwana, Dewi Dayuna, 
Sang Hyang Lata, Dewi Uzza, teu manut kana aturan jojodoan Sang Hyang Adama. 
Sang Hyang Kabila teu saluyu, sareng hoyong dijodokeun ka jodo rayina nyaeta 
Sang Hyang Habila. Pasulaya rebutan jodo eta dugi ka rebutan pati. Sang Hyang 
Habila dipaehan ku Sang Hyang Kabila. Saparantosna rayina maot, Sang Hyang 
Kabila ngahuleng liyeur mikiran kumaha carana ngubur eta layon rayina. Teras 
aya manuk gaok totoker dina taneuh. Sang Hyang Kabila nurutan manuk gaok 
ngadamel liang lahat.
 
Sang Hyang Kabila sareng bojona Dewi Alima jeung Dewi Damima ditundung ku Sang 
Hyang Adama, teras ngalalana dugi ka tanah Afrika, disarengan ku rayina Sang 
Hyang Basaradiwana, sareng Dewi Dayuna. Kitu oge Sang Hyang Yajuja sareng 
dampitanna Dewi Majuja nyusul Sang Hyang Kabila ka tanah Afrika. Sedengkeun 
Sang Hyang Lata Sareng Dewi Uzza ngalalana ka tanah Asia.
 
Saterasna Sang Hyang Adama ngaratuan sato-kewan sareng anak-turunanna.
 
Lalakon Sang Hyang Sita
 
Saparantosna dewasa Sang Hyang Sita dipasihan jodo bidadari ku Gusti. Nami 
bojona Dewi Mulat. Rumahtanggana silih asah silih asih silih asuh.
 
Kocap kacarita, Danyang Azazil ratu banujan di Sagara Hideung hoyong 
ngajodokeun putrina anu namina Dayang Dalajah ka turunan Sang Hyang Adama 
sangkan bisa ngaratuan bangsa manusa. Danyang Azazil ngaboyong putrina ka 
Kusniamalabari. Kusaktina Danyang Azazil, putrina malih rupa janten Dewi Mulat. 
Sedengkeun Dewi Mulat anu asli kasarung leungit tanpa lebih ilang tanpa karana 
disumputkeu ku Danyang Azazil.
 
Kasurung ku gandrung kasorang ku cinta, Sang Hyang Sita saresmi sareng Dewi 
Mulat mamalihan. Kama manjing ing kenyapuri Dayang Dalajah kena ku dihim 
pinasti, cabar tina mamalihanana lajeng mulang ka Sagara Hideung sareng ramana 
Danyang Azazil. Dewi Mulat anu asli parantos katingali deui, sare sareng Sang 
Hyang Sita.
 
Dewi Mulat ngandung jabang bayi. Dina wancina ngalahirkeun, wayah janari Dewi 
Mulat babaran kembar, anu kahiji mangrupi bayi lalaki, anu kadua mangrupa 
cahaya. Wanci sarepna dina poe anu sami, Dayang Dalajah oge ngalahirkeun 
wujudna rahsa, lajeng dibawa ka Kusniamalabari Ku Danyang Azazil.
 
Rahsa sareng Cahaya gumulung ngahiji jadi bayi lalaki anu kalimputan ku cahaya 
gilang gumilang teu tiasa digarayang.
 
Eyangna, Sang Hyang Adama masihan aran ka eta bayi kembar. Anu kahiji namina 
Sang Hyang Nara, anu kadua Sang Hyang Nara, margi kalimputan cahaya katelah 
Sang Hyang Nurcahya.
 
Saparantosna dewasa, Sang Hyang Nasa suka kana elmu agama anu diwedar ku 
eyangna Sang Hyang Adama. Sedengkeun Sang Hyang Nurcahya suka tatapa di 
leuweung luwang-liwung, di pucuk-pucuk gunung, atawa dina jero-jero guha.
 
Sang Hyang Nurcahya suka ngalalana ngalanglang buana, teras papendak sareng 
Danyang Azazil anu malih rupa janten maharesi anu sakti mandraguna pasagi ku 
pangarti pinuh ku elmu jembar ku pangabisa. Sang Hyang Nurcahya guguru ka 
Danyang Azazil, diwuruk diwulang olah kanuragan, kasakten, elmu panemu jampe 
pamake, kawedukan, kabedasan. Sang Hyang Nurcahya teu tutung ku api teu baseh 
ku cai teu teurak ku badama, bisa mancala putra mancala putri, bisa ngaleungit 
tanpa lebih ilang tanpa karana, bisa ngagegana mapak mega jumantara, bisa 
ambles bumi neuleuman sagara.
 
Saparantosna tamat guguruna, Sang Hyang Nurcahya mulang ka Kusniamalabari. Sang 
Hyang Adama kaget ngaweruhan kaayaan incuna. Sang Hyang Nurcahya benten pisang 
sareng kembaranna Sang Hyang Nasa. Nanging Sang Hyang Adama teu kasamaran yen 
eta sadaya lantaran Danyang Azazil.
 
Sang Hyang Adama ngadawuhan putrana Sang Hyang Sita ngabaran yen Sang Hyang 
Nurcahya isukan bakal mukir tina agama Sang Hyang Adama lantaran nganut ajaran 
Danyang Azazil. Sang Hyang Sita ngahuleung ngaraga meneng, kaduhung ku kalakuan 
Sang Hyang Nurcahya.
 
Dina umur 990 tahun Sang Hyang Adama tilar dunya. Sadaya elmuna diwariskeun ka 
Sang Hyang Sita; sedengkeun kakawasaanna diwariskenana ka Sang Hyang 
Kayumarata, putrana anu ka tilu belas. Pambagian eta dumasar kana kaunggulan 
putra-putrana. Sang Hyang Sita janten pangawasa babagan rohani; sedengkeun Sang 
Hyang Kayumaratan janten pangawasa babagan jasmani.
 

Lalakon Sang Hyang Nurcahya
 
Maotna eyang Sang Hyang Adama janten memengen incunna nyaeta Sang Hyang 
Nurcahya. Anjeuna ngaraos kaduhung margi Sang Hyang Adama kena lara pati. Upami 
anjeunna masih netepan elmuna Sang Hyang Adama, pinasti anjeunna bakal kena ku 
lara pati. Teras Sang Hyang Nurcahya nilar Kusniamalabari bade milari elmu anu 
hanteu kena ku lara pati sangkan hirupna mulus rahayu lestari abadi.
 
Sang Hyang Nurcahya ngalalana dugi ka luar batas nagari Kusniamalabari. Di 
tepis miring anu tumuju ka leuweung liwang-liwung, Sang Hyang Nurcahya papendak 
sareng Danyang Azazil. Anjeunna dibantun ka talatah Awinda nyaeta wewengkonna 
para siluman, anu kacida wingitna, poek-mongkleng, sareng tiis-tingtrim, ayanna 
di puser bumi belah kaler, anu teu kaambah ku cahaya panon poe. Di dinya ayana 
Tirtamarta Kamandalu, nyaeta cai kahuripan anu kaluar tina mustika mega.
 
Sang Hyang Nurcahya sareng Danyang Azazil muja ka Gusti sangkan dipasihan 
Tirtamarta Kamandalu. Lajeng aya mega lalambakan mocoran cai kahuripan tina 
Sagara Rahmat. Sang Hyang Nurcahya disuruh mandi sareng nginum Tirtamarta 
Kamandalu. Sang Hyang Nurcahya hoyong ngawadahan eta cai kahuripan nanging teu 
mawa wadah. Danyang Azazil masihan wadah namina Cupumanik Astagina anu 
saleresna kagungan Sang Hyang Adama waktu katiup angin puyuh liliwungan lagrag 
dina teleng Sagara Hideung wewengkonna Danyang Azazil. Cupumanik Astagina gaduh 
kasaktian sadaya anu diwadahan ku eta cupu moal bakal seep.
 
Lajeng Sang Hyang Nurcahya kaluar ti talatah Awinda, sareng Danyang Azazil 
leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Sang Hyang Nurcahya neraskeun 
lalampahanna sorangan. Di hiji talatah anjeunna mendak hiji tatangkalan anu 
akarna tiasa ngalantaran hurip kajati mulang ka asal kebo mulih makandangan, 
sumber kahirupanna alam dunya, anu katelah Lata Maosadi.
 
Wancina Sang Hyang Nurcahya bade mulang ka Kusniamalabari bingung kasarung teu 
emut kamana jalanna. Anjeunna kalunta-lunta ngalalana ngambah jurang jungkrang, 
gunung nangtung, leuleuweungan.
 
Dina hiji poe anjeunna anjog ka sisi sagara, sareng ningali aya dua mahluk 
nangtung di luhur sagara. Sang Hyang Nurcahya nampak sancang leumpang di luhur 
cai nyaketan eta mahluk. Anu kahiji namina Danyang Haruta, anu kadua Danyang 
Maruta. Baheulana mah eta mahluk teh namina Sang Hyang Isyana sareng Sang Hyang 
Isaya anu meunang bebendu ti Gusti katulah janten banujan nyaeta bangsa jin.
 
Danyang Haruta sareng Danyang Maruta ngawuruk kaweruh Sang Hyang Nurcahya 
babagan lumakuna bumi, panon poe, bulan, bentang, anu katelah elmu palakiah, 
sareng elmu hikmah.
 
Sang Hyang Nurcahya nyarita yen anjena hoyong terang sorga. Danyang Haruta 
sareng Danyang Maruta ngadongeng yen soga eta ayana dina hulu walungan anu pang 
ageungna di talatah Afrika. Sang Hyang Nurcahya percanten ka eta dongeng lajeng 
ngalalana milarian sorga nutuykeun eta walungan.
 
Sang Hyang Nurcahya papendak sareng paman jeung bibina, nyaeta putra-putri Sang 
Hyang Adama anu ka lima belas namina Sang Hyang Lata sareng Dewi Uzza nuju 
tatapa di sisi eta walungan. Sang Hyang Nurcahya nyarita yen anjeunna putrana 
Sang Hyang Sita. Sang Hyang Lata sareng Dewi Uzza nampi kadatangan Sang Hyang 
Nurcahya, lajeng diwuruk elmu kaweruh sadurung winarah sadaya lalakon anu 
parantos atawa bakal kasorang.
 
Lajeng Sang Hyang Nurcahya neraskeun milarian sorga dugi ka talaga 
Jambirilahiri di hulu walungan anu ayana di pucuk Gunung Kaspia. Sang Hyang 
Nurcahya ngahuleng ngaraga mineng kaduhung ku bingung margina teu mendakan 
ayana sorga.
 
Aya sora tina jero kawah Gunung Kaspia anu api sareng latuna pating kolenyay 
murub-mubyar, ngaku-aku yen mantena eta Gusti Amurba Bumi anu kagungan sora 
sareng naraka. Eta sora teh dadamelan Danyang Azazil anu malih warna. Sang 
Hyang Nurcahya mesat ka jumantara ngadep Gusti Amurba Bumi nyuhun diweruhan 
ayana sorga. Sang Hyang Nurcahya lebet kana sosoca anu katelah Ratnadumilah, 
ningali kaendahan sadaya eusi sogra.
 
Saparantosna kaluar tina jero sosoca, Danyang Azazil anu malih warni jadi Gusti 
Amurba Bumi masihkeun Ratnadumilah ka Sang Hyang Nurcahya. Kasaktian eta sosoca 
teh sadaya anu dipikacipta aya, anu dipikahayang datang, teu keuna ku tunduh, 
teu keuna ku laralapa. Lajeng Sang Hyang Nurcahya diwuruk elmu pangiwa 
panitisan, manjing suruping pati, lampahna cakramanggilingan.
 
Sang Hyang Nurcahya teu hayang mulang ka Kusniamalabari. Danyang Azazil nuduhan 
hiji talatah anu tiasa didunungan ku Sang Hyang Nurcahya anu katelah Lokadewa. 
Lajeng Sang Hyang Nurcahya angkat ka eta tempat.
 
Di Lokadewa, Sang Hyang Nurcahya neraskeun tapana di pucuk gunung nutuykeun 
lampahna panon poe. Wayah janari nyanghareup ka wetan, tengah poe nyanghareup 
ka luhur, wayah sareupna nyanghareup ka kulon. Lamina eta tatapa tujuh taun, 
dugi anjeuna ngaraga sukma lebet kana alam Sunyaruri awang-uwung, nyaeta alam 
Banujan. Sang Hyang Nurcahya dumunung di eta alam lamina sarebu taun.
 
Kocap kacarita aya hiji ratu banujan anu ngadanyangan Lokadewa namina Danyang 
Maladewa, putrana Danyang Harataketu. Anjeuna nuju ngider bumi ningali aya 
cahaya murub-mubyar sanes surya gilang gumilang sanes bentang kadia sosoca 
sanes candra, nanging cahaya sukma trahna Sang Hyang Adama.
 
Danyang Maladewa bade nyepeng eta cahaya nanging teu tiasa. Lajeng janten 
bandayuda ogol begalan pati sareng eta cahaya sukma anu ngaku-aku Amurbamisesa 
Alam. Danyang Maladewa kalah taluk ka Sang Hyang Nurcahya, anu saterasna ngadeg 
ratu di Lokadewa sareng migarwa putrina Danyang Maladewa anu katelah Dewi 
Mahamuni. Sadaya kulawarga sareng wadiabala Danyang Maladewa sami ngadep taluk 
hamarikelu ka Sang Hyang Nurcahya anu kasebat Dewata nyaeta guru linuhung 
Lokadewa. Eta wiwitanna para dewa disebat Sang Hyang magi julukan anu diagem ku 
Sang Hyang Nurcahya.
 
Kocap kacarita Sang Hyang Nurcahya julukanana Sang Hyang Dewata, Sang Hyang 
Dewapamungkas, Sang Hyang Atmadewa, Sang Hyang Sukmakawekas, Sang Hyang 
Amurbengrat, Sang Hyang Manon, Sang Hyang Permana, Sang Hyang Permata, Sang 
Hyang Mahawidi, Sang Hyang Mahasidi, Sang Hyang Mahamulia, Sang Hyang 
Kahanantunggal, Sang Hyang Jagatmurtitaya, eta putrana Sang Hyang Sita, incuna 
Sang Hyang Adama.
 
Sang Hyang Nurcahya gaduh putra tunggal ti garwana Dewi Mahamuni, anu namina 
Sang Hyang Nurasa margi kacipta tina aworna cahaya sareng rahsa anu disiram 
Tirtamarta Kamandalu.
 
Lalakon Sang Hyang Nurasa
 
Saparatosna Sang Hyang Nurasa dewasa, lajeng Sang Hyang Nurcahya ngawariskeun 
karaton ka putrana sareng masihan Cupumanik Astagina, Lata Maosadi, sareng 
Ratnadumilah. Sang Hyang Nurcahya lajeng nyipta Pustaka Darya, nyaeta seratan 
dina emutan, mantra tanpa sora, sora tanpa sastra, anu nyaritakeun lalampahan 
anjeunna. Pustaka Darya oge dipasihkeun ka Sang Hyang Nurasa. 














      Kenapa BBM mesti naik? Apakah tidak ada solusi selain itu? Temukan 
jawabannya di Yahoo! Answers! http://id.answers.yahoo.com

Kirim email ke