Supernova
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda 
(http://su.wikipedia.org/wiki/Supernova)

 
Gambar Supernova 1987A anu lumangsung dina Awan Magellan Badag. Tanda panah di 
bagian katuhu némbongkeun béntang saméméh bitu
 
Supernova nyaéta bituna hiji béntang di galaksi anu mancarkeun énergi anu 
kacida gedéna. Kajadian supernova ieu nandakeun lekasanana riwayat hiji 
béntang. Béntang anu ngalaman supernova baris katémbong pohara caangna malah 
mah caangna bisa ngahontal ratusan juta kali cahaya béntang kasebut dina waktu 
saacanna.
Énergi anu dipancarkeun ku supernova kacida rosana. Malah pancaran énergi anu 
dipancarkeun waktu supernova lumangsung dina sawatara detik waé bisa nyaruaan 
pancaran énergi hiji béntang dina waktu jutaan nepi ka miliaran taun. Pancaran 
énergi supernova bisa diitung dumasar kana sipat-sipat pancaran radiasina.
Supernova ilahar lumangsung dilantarankeun ku béakna umur hiji béntang. Waktu 
bahan-bahan nuklir dina inti béntang geus béak, mangka moal bisa lumangsung 
réaksi fusi nuklir anu mangrupa pangrojong hirupna hiji béntang. Sarta lamun 
béntang geus henteu bisa ngalakonan fusi nuklir ieu, mangka béntang baris paéh 
sarta ngalakonan supernova.
  
Wanda-wanda Supernova
 
Gambar supernova Keplers
 
Dumasar kana garis spéktrum dina supernova, mangka supernova bisa digolongkeun 
kana sababaraha wanda:
        * Supernova Wanda Ia 
Dina supernova ieu, waktu diimeutan, henteu kapanggih ayana garis spéktrum 
Hidrogen. 
        * Supernova Wanda Ib/c 
Dina supernova ieu, dina waktu diimeutan, henteu kapanggih ayana garis spéktrum 
Hidrogen atawa Helium. 
        * Supernova Wanda II 
Dina supernova ieu, kapanggih ayana garis spéktrum Hidrogen waktu pangimeutan. 
        * Hipernova 
Supernova wanda ieu ngaleupaskeun énergi anu pohara badag waktu bitu. Énergi 
ieu jauh leuwih badag dibandingkeun jeung énergi waktu supernova wanda anu 
séjén lumangsung. 
Dumasar kana sumberna énergi supernova, mangka dihasilkeun papasingan supernova 
kawas kieu:
        * Supernova Térmonuklir (Thermonuclear Supernovae) 
        * Asalna tina béntang anu ngabogaan massa leutik 
        * Asalna tina béntang anu geus ngalaman évolusi saterusna 
        * Béntang anu bitu mangrupakeun anggota tina sistem béntang ganda. 
        * Bituna ngancurkeun béntang tanpa sésa 
        * Énergi bituna asalna tina pangbeuleuman Karbon (C) jeung Oksigen (O) 
        * Supernova Runtuh-inti (Core-collapse Supernovae) 
        * Asalna tina béntang anu ngabogaan massa nu gedé 
        * Asalna tina béntang anu ngabogaan solobong béntang anu badag sarta 
masih ngaduruk Hidrogen di jerona. 
        * Béntang anu bitu mangrupakeun béntang tunggal (kawas Supernova Wanda 
II), sarta béntang ganda (kawas supernova Wanda Ib/c) 
        * Bituna béntang ngahasilkeun objék padet nu mangrupa béntang neutron 
atawa liang hideung (black hole). 
        * Énergi bituna asalna tina tekenan 
Tahapan lumangsungna Supernova
Hiji béntang anu geus béak waktu hirupna, biasana baris ngalakonan supernova. 
Urutan tahapan lumangsungna supernova nyaéta kieu:
        * Ngabareuhan 
Béntang ngabareuhan alatan ngirimkeun inti Helium ti jerona ka pabeungeutan 
(permukaan) béntang. Ku kituna béntang baris jadi hiji béntang raksasa anu 
kacida badag, sarta boga warna beureum. Di bagian jerona, inti béntang baris 
beuki ngariyut. Dilantarankeun ku ngariyutna ieu, mangka béntang beuki panas 
sarta padet. 
        * Inti Beusi 
Waktu kabéh bagian inti béntang geus leungit, sarta anu tinggaleun di jerona 
ngan saukur unsur beusi, mangka kurang ti sadetik satuluyna hiji béntang asup 
kana tahap pamungkas kahirupanana. Ieu dilantarankeun struktur nuklir beusi 
henteu ngamungkinkeun atom-atom dina béntang pikeun ngalakonan réaksi fusi 
pikeun jadi unsur anu leuwih beurat. 
        * Bitu 
Dina tahap ieu, suhu dina inti béntang beuki nambahan nepi ka ngahontal 100 
milyar darajat celcius. Satuluyna énergi ti inti ieu dipindahkeun nyimbutan 
béntang anu satuluyna bitu sarta nyebarkeun gelombang kejot. Waktu gelombang 
ieu tumiba kana material dina lapisan luar béntang, mangka material kasebut 
jadi panas. Dina suhu nu tangtu, material ieu boga guna pikeun fusi sarta jadi 
unsur-unsur anyar jeung isotop-isotop radioaktif. 
        * Ngutahkeun material béntang 
Gelombang kejot baris ngutahkeun material-material béntang ka rohang angkasa. 
Akibat tina Supernova
Supernova ngabalukarkeun akibat kana kahirupan di luar béntang kasebut, di 
antarana:
        * Ngahasilkeun Logam 
Dina inti béntang, lumangsung réaksi fusi nuklir. Dina réaksi ieu dilahirkan 
unsur-unsur anu leuwih beurat batan Hidrogen jeung Helium. Waktu supernova 
lumangsung, unsur-unsur ieu diutahkeun ka luar béntang sarta ngabeungharkeun 
awan antar béntang di sakurilingna ku unsur-unsur beurat. 
        * Nyiptakeun Kahirupan di Alam Raya 
Supernova ngutahkeun unsur-unsur nu tangtu ka rohang angkasa. Unsur-unsur ieu 
saterusna pindah ka bagian-bagian séjén anu jauh tina béntang anu bitu kasebut. 
Dipercaya yén unsur atawa materi kasebut saterusna ngagabung nyieun hiji 
béntang anyar atawa malah mah planét di alam raya. 
Kajadian Supernova anu katiténan
 
Gambar supernova 1994D
 
Aya hiji béntang anu ngalakonan supernova di rohang jomantara unggal hiji detik 
kahirupan di bumi. Ngan waé, pikeun manggihan béntang anu baris ngalakonan 
supernova kasebut kacida hésé. Réa faktor anu mangaruhan dina pangimeutan 
supernova. Sanajan kitu, aya sawatara kajadian supernova anu geus katiténan ku 
manusa, ti antarana:
        * Supernova 1994D 
Baheula, hiji béntang ngajelegur di tempat anu kacida jauh ti bumi. Bituan éta 
béntang katempo kawas hiji titik nu caang. Ieu lumangsung di bagian luar tina 
galaksi NGC 4526, sarta dingaranan Supernova 1994D. Sinar anu dipancarkeunana 
salila sawatara minggu sanggeus bitu kasebut némbongkeun yén supernova kasebut 
mangrupakeun Supernova Tipe Ia. 


      

Kirim email ke