uing satuju pisan kang engkus... dina bahasan nungtut elmuna
ngan uing nu eta mah keur ngabahas dimana neangan gusti...
nya jawaban uing eta cara neangan gusti.. saterusna bener ceuk kang engkus
teangan elmu na nu kaudag ku logika... soal dunya teh muter..
sakabeh make hukum alam.. saha nu ngontrol hukum alam eta ?
nya balik deui ka Gusti
--- On Mon, 22/12/08, engkus ruswana wrote:
Ngiringan sakedik,
Â
Memang rupa-rupa sikep jalma dina ngalenyepan kahirupan. Nu paling gampang
kalayan embung mikir, nya sagala dipasrahkeun karana Gusti nu ngatur (da
memang kahehatna mah kitu), tapi mun cukup ku kitu jalma moal mekar kanyahona,
statis cimekblek nu ahirna katinggaleun elmuna, sabab budi pangartina teu
dilatih.
Â
Keus jalma nu haus ku elmu, mungkin mikirna beda.
Â
Contona kunaon panonpoe datang unggal beurang, ti mimiti meletek nepi ka
surup, nya tangtu katimu kanyaho yen, euuh dunya teh geuning muter, jeung deui
lamun datangna beurang jeung peuting...nya atuh moal aya istilah
beurang jeung peuting, sedengkeun gusti teh nyiptakeun di alam raya teh
papasangan.
Â
kunaon jantung ngadenyut kajeun teu dititah....euh. ...lamun kudu dititah mah
meureun jalma teh beak waktu pikeun marentah terus-terusan iraha migawe
lianna mun kitu, sabab muterkeun getih dina waruga teh teu meunang eureun. Oge
ku ayana pananya kunaon jantung ngadenyut teu dititah,pan jadi elmu kadokteran..
Â
pon sagala pananya eta mun jadi tantangan teu langsung dipasrahkeun "sabab
Gusti Nu Ngatur", tangtu jadi elmu nu ningkatkeun harkat darajat jelema. Tapi
mun sagala cukup ku Karana Gusti....nya teu ningkatkeun jadi elmu..... jalma
bakal salawasna bodo jeung tinggaleun ku batur, bakal jadi bangsa nu tertinggal.
Â
kitu kang eta ge manawi bae, pangemut simkuring, namung punten nun.....Â
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[email protected]
mailto:[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/