Akang2.teteh2 sadayana
Saleresna mah kuring rek nyerat ieu the 2 taun kamari, tapi aya 2 minggu kamari uing ngalayat kanu maot.Jadi inget deui wae rek nulis teh. Basa kamari babaturan uing nu maot teh anom keneh, jeung boga pamajikan nu beda umurna kirang langkung 20m taun. Bilih aya baraya anu kantos ngalaman dikantun tipayun boh ku Istri atanapi suami, bilih teras nu dikantun aya jodona deui nu istri nikah ka pemuda gagah, nu suami nikah ka ABG. Kulantaran dalam sebuah pernikahan mah terikat dengan perjanjian MOU, MOU ieu lain sakadar MOU nagara nu disebat buku nikah tea, aya MOU nu teu ka "tempo" ,maka MOU nagara mah langsung gugur upami salah sahiji ngantunkeun, tapi MOU nu teu ka tempo itu harus terlebih dahulu diselesaikan. Diselesaikannya dengan cara suami atau istrinaya yang dikantun berikrar di jero hate, sewaktu akan meninggalkan kuburan atanapi selesai pemakaman, teu sawios-wios bahasa mah ku arab hayu, ku Indonesia mangga, ku sunda komo, ku Inggris oke, di saheulaan ku maca basmallah, diteras keun ku kecap nu eusina kieu " ...mulai ayeuna dugi keun ka dieu mah anjeun tos lain saha - saha deui uing" cekap sakitu. Naon MOU nu teu "katempona" nyaeta sahadat jeung alpatehah, keur urang nikah pasti eta ayat di baca jeung disangeman kuurang duaan, lantaran eta amah MOU jadi kedah diselesaikeun.Mun reu diselesaikan bising jadi "matak" ceuk urang sunda tea, jadi hutang. Ceuk babasan mah ".bising duriatna kabawa maot". Ieu mah rek percaya mangga, heunteu teu sawios -wios, da nu kieu mah geus aya rebuan tahun katukang, ngan ayeuna mah geus jarang. " ...mulai ayeuna dugi keun ka dieu mah anjeun tos lain saha - saha deui uing, tos direncanakeun tikamari isukan uing rek kawin deui jeung Luna Maya".heheheheh "....Yesterday you're my brother, today you're my friend, tomorrow you're my foe."..heuheueheue..punten ieu mah heureuy. T A J I M A L E L A
