ah maenya.. dina hukum etika na, nu dicontokeun rosul
tukang syi'ar islam mah teu gede ambek siga salira...
tah kitu....

--- On Thu, 22/1/09, Abbas Amin <[email protected]> wrote:

From: Abbas Amin <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Re: kango kang halimun - elmu modern (urut getih)
To: [email protected]
Received: Thursday, 22 January, 2009, 4:05 AM










    
            AA: Urang teh kedah konsisten, lamun urang sok nanya ka batur, atuh 
urang oge kudu narima lamun ditanya ku batur. Giliran urang nanya, mani hayang 
sajorelat dijawab, ari meneran pas ditanya terus urang ngajawab bagimu agamu 
bagiku agamaku, kapan teu konsisten etah ? Ulah sok tunyu tanya atuh ari embung 
ditanya mah ! Kapan kitu cek Hukum Etikana.
Abbas Amin

--- On Thu, 1/22/09, Halimun An <halimun...@yahoo. com> wrote:

From: Halimun An <halimun...@yahoo. com>
Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
To: kisu...@yahoogroups .com
Date: Thursday, January 22, 2009, 3:56 AM








ah maenya ? basa basi si akang mah... 
uing mah nyepeng aturan. "Bagimu agamamu, bagiku agamaku".
sanes ku soal sebel jsb. teu ayaaaaaa juragan. biasa we.

--- On Wed, 21/1/09, Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> wrote:


From: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com>
Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
To: kisu...@yahoogroups .com
Received: Wednesday, 21 January, 2009, 2:41 PM








AA: Leres pisan kasauran kang Rus teh, jadi di na hal ieu Kang Imun rada kirang 
tepat, punten.

--- On Wed, 1/21/09, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote:

From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
To: kisu...@yahoogroups .com
Date: Wednesday, January 21, 2009, 6:45 AM









He...he...he kang Kimun mah pinter kodek teh enya, ari kami teu meunang nanaon 
ti akang teh (ngan ukur narima kaambek) teu model kang Abbas nu saeutik gedena 
geus nyay-nyayan mere caang ka kami, da apan elmu teh kudu aya guna keur 
balareya jeung elmu Gusti tangtu kudu bisa ditarima/cocog keur sakabeh manusa, 
sabab tan hana dharma mangrwa tea (nuhun ah kang Abbas.....), soal Siliwangi 
kami lain ahli sajarah, jadi mun teu pas ulah ngambek jeung ulah dianggap bener 
mun can kaberik ku pangarti can kahontal ku rasa. Tangtu rek dialungkeun 
sapanjang pamanggih kami, tapi ke sabar da perlu waktu ngabeberkeunana, sabar 
nya kang.  
 
Cag,nuhun
 
Engkus

--- Pada Rab, 21/1/09, Halimun An <halimun...@yahoo. com> menulis:

Dari: Halimun An <halimun...@yahoo. com>
Topik: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
Kepada: kisu...@yahoogroups .com
Tanggal: Rabu, 21 Januari, 2009, 1:27 PM








hehehe uing hoyong terang sakapendak salira masalah siliwangi teh dugi
ka mana, eta oge pami salira teu kaabotan...
ngan kade uing mah naros sejarah sunda, teu aya pakait sareng ageman.
uing oge hoyong terang, buktos2 keberadaan siliwangi kapungkur anu tos kapendak
ku salira... sanes pendak batin nya...

--- On Wed, 21/1/09, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote:


From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
To: kisu...@yahoogroups .com
Received: Wednesday, 21 January, 2009, 5:14 AM









He...he...he. ..kang Imun, sapertos nu dijelaskeun ku kami, yen nu ngaran tuduh 
atawa papagon, oge carita legenda titinggal karuhun teh ngandung siloka, jadi 
ulah dibaca satarabasna, tapi kudu surti jeung tarapti urang teh kudu motekar 
nuleuman naon nu dipimaksud. Soal carita Sangkuriang mangga diimeutan tulisan 
kami dina perkara panyungsian dongeng Sangkuriang nu dialungkeun ka kisunda 
jeung urang sunda dina judul "Ringkesan" dina tanggal 20 Pebruari 2007.
 
Lamun akang cangcaya naha soal Siliwangi/Pajajaran teh naha aya atawa henteu 
sabab teu aya buktikeun, nya sami bae kang dongeng Herkules, dongeng para nabi, 
dongeng Sidarta gautama, jeung dongeng piahireun jagat oge, apan lolobana mah 
teu bisa dibutikeun.. ...kumaha tah, jadi meureun eta oge sakadar dongeng.
 
pun,
 
Engkus  

--- Pada Rab, 21/1/09, Halimun An <halimun...@yahoo. com> menulis:

Dari: Halimun An <halimun...@yahoo. com>
Topik: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
Kepada: kisu...@yahoogroups .com
Tanggal: Rabu, 21 Januari, 2009, 11:49 AM








hehehe uing mah nanya soal siliwangi/pajajaran teh kungsi aya atawa henteu...
eta wungkul... ulah siga dongeng sangkuriang nu najong parahu nepikeun ka 
jadi gn tangkuban parahu (padahal eta anak gunung sunda).

uing nganggap eta dongeng kusabab cenah euweuh buktina, alias ngaleungit.. ..
tah, uing nu teu ngarti pan wajar nanya, bener atawa dongeng ? 
lamun bener lain dongeng....buktikeu n......
uing mah palaur soal siliwangi teh dongeng jang ngimpi urang sunda.....

ari tukang ngelmu mah seueur kulan, nu sarakola dugi ka s1,s2, s3 oge disebat 
tukang ngelmu.... teu kedah ngaku2 oge katingali anu sarakola mah memang tukang 
ngelmu.
nu ngaku-ngaku ge teu salah da memang keur milarian elmu matak sakola oge.

--- On Wed, 21/1/09, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote:


From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
To: kisu...@yahoogroups .com
Received: Wednesday, 21 January, 2009, 3:41 AM









Kidulur,  kolot kami ti padepokan Warugajati nu ngaran Eyang Jatirasa, mere 
katerangan ngeunaan bedana dongeng jeung elmu teh kieu : 

  

"Heeh isun, ari dongeng mah nyaeta nyaritakeun nu geus kajadian jeung nu acan 
kajadian, rek kaberik ku pangarti atawa henteu, rek nyata atawa jijieunan, rek 
ditulis atawa dilisankeun eta lain ukuran jeung teu jadi masalah, saperti cenah 
awalna dunya teh kitu...kitu. ...kitu, jeung ahirna dunya teh kieu...kieu. 
...kieu... ...jeung duih isun ari dongeng mah biasana dibacakeun atawa 
didongengkeun teh pikeun mepende barudak (kolot oge?) sangkan caricing jeung 
gancang tibra sare terus ngimpi nu pikasenangeun (peupeuriheun dina kahirupan 
nyata sakieu susahna, atuh dina ngimpi mah cing sing bisa ngarasakeun 
kasenangan). ..... 

  


Tah isun beda jeung elmu, sabab ari elmu mah lain dongeng jeung lain beja ti nu 
lian atawa lain cenah (boh ceuk dina tulisan, boh ceuk jalma lian, boh ceuk 
budak angon pon kitu deui ceuk pandita), tapi estuning anu natrat 
kauninga jeung kasaksi ku akal pikiran pribadi, contona lamun sorangan diciwit 
teh nyeri, atuh mangkahade ulah sok nyiwit ka batur ...eta elmu...., mun dina 
angahota diri manggih kacilakaan, contona suku titajong, pan anggahota nu 
lianna langsung narulungan milu ngarasakeun katugenahan (leungeun 
duanana nyepeng suku nu titajong, sungut niupan nu nyeri, mata jeung pikiran 
neangan piubareun kalayan teu kudu dititah ku pikiran), tah geuning sakitu 
sabilulunganana sangkan ulah manggihan kasusah, tahhhh.... lamun tea mah 
pangalaman diajar tina diri teh dilarapkeun dina kahirupan masarakat balarea, 
atuh tangtu matak bungah, senang jeung betahna ngumbara di dunya teh, sok
 bandingkeun mun pada aing-aingan, jeung silih suntrungkeun. ....tah Isun, nu 
kitu ari elmu teh.....Elmu mah tara bohong....sabab datangna tina sipat Uninga 
Gusti Nu Murbeng Alam, jeung moal aya jalma nu bisa namatkeun elmu sabab jalma 
lain Gusti...., jadi teu payus lamun aya nu ngaku-ngaku tukang ngelmu". 

  

Cag ahhhh, hampura Isun nun 


  

pun tabe, 

  


Engkus.

--- Pada Sel, 20/1/09, Halimun An <halimun...@yahoo. com> menulis:


Dari: Halimun An <halimun...@yahoo. com>
Topik: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
Kepada: kisu...@yahoogroups .com
Tanggal: Selasa, 20 Januari, 2009, 4:02 PM








abah... uing mah teu niat ngarusak artefak sunda... nanaonan ?
saha nu nyebut bid'ah.... da uing mah teu make artefak jang ibadah ?
keun we dina tempatna.. 

soal siliwangi/pajajaran sanes benturan kayakinan abah... komo disangkut 
pautkeun 
sareng ageman/agama. ...

uing mah ngobrol sejarah... murni sejarah.... tah kitu bah..... 

--- On Tue, 20/1/09, waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id> wrote:


From: waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id>
Subject: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
To: kisu...@yahoogroups .com
Received: Tuesday, 20 January, 2009, 8:06 AM




> Halimun An <halimun_an@ ...> wrote:
> hehehehe abah, uing nuju teu ngobrolkeun sajarah islam...
> nu janten pabaliut mah sejarah pajajaran sareng siliwangina. ..
> janten uing nganggap ieu mah jigana ukur dongeng

Ari eta pairan kana postingan Kang Ilen naon? nu aya dina kitabna 
lain dongeng, nu euweuh dongeng. Pan mamawa agama kulan? Paingan 
Kang Maman nulis kitu, da geuning ujang mah pinter ngangles, cocog 
keur pokrol bambu mah ....

Perkara Ujang nganggap Pajajaran & Siliwangi ukur dongeng, mangga 
eta mah KAYAKINAN ujang, Nu bener ceuk ujang mah ngan ukur nu aya 
dina Kitab. Ngan hargaan saeutik atuh kanu percaya, ulah NGECE. Komo 
lamun engkena diniatan rek ngarusak pasesaan/ artefak urut karuhun 
sunda, ku alesan ukur dongeng, bid'ah.

Lain beja deui loba pasesaan karuhun sunda nu dirarusak 
dialancurkeun ku alesan bid'ah. Tuntungna sajarah sunda teh beuki
 
karupus, leungiteun tapak. 

Cik salah saha tah lamun geus kitu?

WALUYA


Messages in this topic (72) Reply (via web post) | Start a new topic 
Messages | Files | Photos | Links | Database | Members | Calendar 

MARKETPLACE



>From kitchen basics to easy recipes - join the Group from Kraft Foods 
 
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | 


Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a 
look. 



Apakah wajar artis ikut Pemilu? 
Temukan jawabannya di Yahoo! Answers! 



Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a 
look. 



Apakah wajar artis ikut Pemilu? 
Temukan jawabannya di Yahoo! Answers! 


Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a 
look. 



Lebih bergaul dan terhubung dengan lebih baik. 
Tambah lebih banyak teman ke Yahoo! Messenger sekarang! 




Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look.



      
      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take 
a look http://au.docs.yahoo.com/mail/smarterinbox

Kirim email ke