sok diantos
AYEUNA




________________________________
From: ednugraha <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Friday, January 23, 2009 2:39:39 PM
Subject: [kisunda] Re: Kang Halimun VS  sabagian 'kawargian' kisunda


Kawit kawit galuh agung 
di asakan na kawali
ngawastu ngagalunggung
dadasar asak tajali

hatur nuhun Ambu, upami pareng saenggalna mangga.

baktosna
Eddy Nugraha

--- In kisu...@yahoogroups .com, richadiana kartakusuma
<richadianakartakus u...@...> wrote:
>
> Gamparan, diantos diskusi langsung sareng abdi dina
> o813 184 291 91
> (021) 731 81 64
> ku abdi DIWALER SALENGKEPNA
> 
> Tabe pun Ingsun
> AMBU
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ __
> From: Eddy Nugraha <ednugr...@. ..>
> To: kisu...@yahoogroups .com
> Sent: Thursday, January 22, 2009 4:22:20 PM
> Subject: [kisunda] Kang Halimun VS  sabagian 'kawargian' kisunda
> 
> 
> 
> Assalalmualikum
> punten ngiring aub deui,....
> 
> Dina sabaraha hal kuring teu pati akur jeung kabiasaan Kang Halimun
nu sok resep 'asal' masihan komentar, bari kirang 'gentle' dina teu
tiasa masihan waleran (muter teu puguh pijakan) kana reaksi kawargian
nu gaduh pendapat benten.  Namung ngeunaan  'siliwangi' dihandap
kuring satuju sareng pamendakna, bari ningal sabagian kawargian oge
'keukeuh' teuing dina pamendak nyalira nu dasar  argumen na ge teu
jelas (ceu kuring relatif).
> 
> Diantawisna:
> 
> 1.Naon dasar na nu jadi payakinan sabagian kawargian yen Siliwangi
teu aya nu Islam?
> 
> > nu jadi masalah, kunaon bet seueur nu keukeuh yen siliwangi sanes
islam ?
> > buktosna naon juragan ? ku logika we pami memang teu aya peninggalan
> > asli kaluaran siliwangi mah.
> > terus masalahna naon lamun hiji mangsa kabuktian yen siliwangi teh
di panungtungan
> > hirupna lebet islam ?
> > uing mah teu aya masalah nanaon, pami hiji mangsa aya bukti yen
siliwangi sanes islam...
> 
> 2. Definisi nu dianggo can sami,  Siliwangi nu mana nu diributkeun
islam henteuna?
> 
> Numutkeun Ambu  Siliwangi the dingawitan
> 
> Prabu Siliwangi teh DINASTI anu dianggo kawit ti Prebu Maharaja
gugur di Palagan BUBAT (aos CARITA PARAHIYANGAN) didinya aya
ditetelakeun JENTRE, TEGES. Carita Parahiyangan teh BUKU SAJARAH SUNDA
anu OTENTIK tos dibuktoskeun ku analisis Filologis Prpf.DR.. R.M.NG.
Poerbatjaraka (alm) anjeuna teh pelopor EPIGRAFI INDONESIA
> Naskah Carita Parahiyangan ditebitkeun mangrupi Transkripsi  (alih
aksara) sareng transliterasi (alih bahasa) ku ATJA (alm) judulna
Tjarita Parahiyangan: titilar Karuhun Sunda Abad Ka -16. Terbitan
Nusalarang Bandung tahun 1968
> 
> Dina terjemahan Pa Aca ngeunaan siksakanda (tingal oge dina
ensiklopedi sunda) carita ngeunaan Siliwangi tos aya tebih samemeh
kajantenan Bubat. Kukituna teu lepat lamun dina pantun didongengkeun
ramana Sang Manarah putu Sang Sempak Waja oge disebat Siliwangi.
> 
> Lamun kareresa masihan lolongkrang kana pendekatan sanes ngeunaan
siliwangi. sanes tina realm epigrafi wae, sapertos pendekatan
etnography,  tiasa janten dongeng siliwangi islam henteuna  langkung
berwarna.
> 
> Husus ngeunaan siliwangi jaya dewata Islam (bari kedah dipagodoskeun
definisi islam nu mana nu bade dianggo) kumaha upami kuring gaduh
bukti sanes, tapi nganggo pendekatan etnography aya nu kersa 'nguji' 
janten partisipan observer???  Aya nu mendakan 'buktos' sanes ti
gunung sunda sareng ti suku gunung salak.
> 
> 3.Definisi Islam nu mana nu diaranggo dina ieu obrolan?...dumasar
kana definisi agama, asal kecap, atanapi pemahaman kaum tasauf? 
> 
> Oge ngeunaan sunda wiwitan atawa asli sunda timana sareng naon
referensina bet aya nu  ngangken / ngaraos ngawakilan masihan label 
sunda wiwitan/ asli sunda dina obrolan kisunda,  nu nga'nilai'sadaya
pamendak ngeunaan kayakinan sunda ????
> 
> kumaha lamun aya -misalna wae - nu nyekel sareat muhammad tapi
diajar ajaran Rahyang Wastukancana, ajaran kasiliwangian Sri Baduga,
jeung ka islaman ti susuhunan agung kean santang... naha bade dianggap
lain sunda nu sanes ngawakilan sunda dina obrolan di kisunda ??? 
> 
> 4. Mana ulikan asli sunda  nu enya beda tina ulikan Islam Muhammad
??? Lamun memang aya disunda nu sarua jeung ti islam Muhammad? Saha nu
nuturkeun saha??
> ---
> Perkara aden gaduh kayakinan Siliwangi teh islam sajati kusabab
meureunan ningali aya nu samodel tina ajaranana, teu nanaon, ngan bisa
jadi aya urang Arab nu ngumbara kadieu jeung diajar kasundaan terus
disebarkeun di ditu. Atawa meureunan Muhammad na pisan urang sunda,
matak teu bisaeun maca tulisan arab oge. Jeung adat kalawan rupana oge
rada beda ti Urang Arab umumna, kasep, handap asor, jeung tara linyok
bohong. Pan ieu mah kanyataan urang sunda sapopoe atuh, sapertos
conto-conto sanesna anu jadi kabiasaan di Sunda tapi jadi ajaran di ditu:
> 
> -
> - Mere maweh: da puguh paredit pisan urang ditu mah, kaayeunakeun
oge loba TKW teu di bayar gajihna
> - Getol beberesih (sibeungeut jeung mandi): mandi ge kudu di titah
da puguh hese cai tea
> - Sumembah ka pangeran : da aslina mah nyarembah patung, dugi ka
Kabah ge pinuh dijeun tempat nyimpenan patung2
> - Handap asor ka sasama: da si eta mah meni asa pang dipikanyaahna
ku Pangeran, jadi adigung adiguna
> - Diajar ngarasakeun lapar: da tukang barangdahar wungkul , teu
awewe teu lalaki awakna bareukah
> - Ngahargaan ka awewe: di ditue mah awewe teh jadi kelas dua,
malahan aya nu diparaehan ti orokna keneh 
> - jrrd
> 
> Aya nu sarua pamundut Prabu Siliwangi sareng Nabi Muhammad, nyaeta
duanana teu meunang digambarkeun/ dilukis, duka naon kasang tukangna mah.
> 
> = = = 
> 
> Ieu conto 'etnocentris' nu janten ngaburkeun 'objektifitas'
kayakinan/elmu.
> siga urang sunda  nyebut kasar ka batak sabab ngadenge sorana di
bandung tapi can pernah  lila jeung urang batak nu gaduh gerak/ucap nu
lemes. Atawa nyebut urang inggris teu gaduh tatakrama dina basa siga
di sunda. Padahal english leubeut ku euphemism. 
> 
> Etnocentris tiasa ngabiaskeun  padungdengan ngeunaan obyektifitas nu
pasti subyektif.
> 
> ku nyerat kieu kuring ngaduga bakal seur nu ngarentog,.. .ku kituna
samentawis mangga sun sim abdi bade ngiring ngundangan.. ..
> 
> Baktosna,
> Eddy Nugraha
>

    


      

Kirim email ke